Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Ieu kasaoeran, anoe pandeuri mah aja tjontona anoe ajeuna keur kadjadian, nja eta lalakon bangsa jahoedi, anoe 2000 tahoen lamina ngalalana, oeprak-oprek ka oenggal nagara, teu boga dajeuh maneuhbandjar karang pamidangan, sok sumawonten radja mah.

Kagadoehan anoe djadi ageman pamoehitanana moeng basa Ibrani sareng Poesaka-Elmoena.

Saha anoe nginten?

Ajeuna gening bet kebo moelih pakandangan. Boga deui dajeuh maneuh. Palastin ngadeg deui.

Tah sakitoe koeatna basa teh, sakitoe ngabajoeanana ka noe bogana. Nadjan hina nadjan nista, hiroep njiroeroek di lemboer batoer, artina tegoeh pantjoeh.

Kiat ngalakonan sangsara doea rewo tahoen.

Naoen margina ?

Margi basa sareng poesaka-elmoe teh “pangatjianana” bangsa. Oepami masih koempoel pangatjian moal lesot eling, tara poho di diri pribadi. “Njaho ka diri pribadi” teh, boh djelema boh bangsa, sami bae perloena. Tingali bangsa Jahoedi!

Nanging di oenggal bangsa oge kedah aja bae ari “djelema djalir” mah, dalah di bangsa Jahoedi oge tangtos aja; di bangsa oerang oge nja sami bae.

Henteu kirang-kirang di oerang anoe pameunteuna tetela pameunteu Soenda, ngakoena ngakoe Soenda, teu akoe-akoe angga ka walanda. Ana galantang sasaoeran Walanda nja perteges Soenda, nanging ari mamanahan karesep, katingkah-tingkahna tampolana mat toean titiron, aanoman alam ajeuna; nepi ka saoer djoearagan Prawira Winata mah magahkeun teh “Soenda sisirangan” doemeoh eta saoerna: bet salira sisirangan sareng pakarepan.

Ari tjeuk sobat koering oerang goenoeng mah, madjarkeun teh, eta mah pamojok oerang dajeuh, da ari tjek boeloe taneuh mah “ soenda saeundan “ noe kitoe teh.

Nanging ari pamendak djisim koering pribadi mah : djamak djelema anoe keur kapelet koe deungeun mah sok kitoe.

Engke oge eling!

Djoeragan-Djoeragan!

Hal “adegna Basa Soenda” parantos didadarkeun;

Hal “ngadamel sareng nganggona ketjap-ketjap anjar” parantos di pedar.

Hal goenana basa keur noe bogana kapan parantos ditjarioskeun saeutik-eutikeun.

Ari parantos kitoe, djoeragan oeninga koe andjeun, jen basa soenda teh tatjan kasebat madjeng, ari hamana kapan sakitoe napoekna.

Tah! ajeuna bade tumaros :

Koemaha pikersaeuh teh, bade keun bae basa oerang teh sina tjarem?

Asa pirakoe sugan nepi ka dialam doenja kedah aja hidji bangsa anoe estoe ngahaja noempes maneh ? Sabab oepami bangsa tjarem, bangsana oge nja moesna ti rengrengan bangsa. Bet abong-abong kedah sagala aja. Tjik atoeh oelah dipenta koe oerang milik kitoe mah.

Mangga maranahan bade koemaha ajeuna pikersaeun ?

Naha tatjan tjoendoek kitoe waktoena kana ngadegkeun pagoejoeban ngaraksa sareng ngolah Basa soenda?

Parantos meudjeuhna?

Atoeh soemangga oerang adegkeun!

Deg! Sastra Winangoen!!!

Geleger! genter-paterna . . . . njakseni ngadegna Sastra Winangoen!


Mr. Cornelis, September 1924.


Pangadjaran basa di sakola priboemi.

Pre-advies

Soeriadiradja.


Dina mangsa sakieu objagna oerang dieu ngoedag pangadjaran basa Walanda, sarta sadaja pada oesaha sangkan para poetrana tarabah kana basa Walanda, woeri-woeri ajeuna koering rek njaritakeun perloena oerang priboemi diadjar basana, manawi aja oge anoe nganaha-naha, malah

81