Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/24

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

moenasabah oepami aja anoe njebat mahiwal ti biasa oge, nja eta lantaran arandjeuna asa disoro pangabogoh, katjotjeng kahalang-halang kahajangna. Oepami ningal kana kaharojongna dina sanalika ieu mah, kapan mun sok nalika tamat basa Walanda maroerangkalih teh, basa poesakana mah teu pisan dihiding, nadjan tei ka teu ariasa pisan oge, kawas moal aja matak handjakalna.

Anoe karagoengan maranah kitoe teh, sanes doeaan tiloean, parantos patengah moenggoeh di nagara mah, boekti parantos seueur anoe tjoel pisan teu mirosea basana, da katoengkoel kapintjoet koe basa Walanda. Ari lantaranana pang tjoel pisan kana basa soenda tangtos koe sadaja oge kamanah, nja eta babakoena tina ningal harga basa Walanda tea. Anoe bisa basa Walanda leuwih mahal tinimbang anoe teu bisa. Tapi naha ari adjen loehoer handapna djelema teh ngan beunang di taker koe bisa basa Walanda wongkoel?

Dina njarioskeun perkawis harga anoe teu bisa basa Walanda, koering rada ngaheunggeu, lantaran boekti teu beunang disingkirkeun, katinggang koe enja, mapaj sangka anoe rea, kitoe soteh ngan dina harga boeroeh. Tjontona, ngabandingkeun eta bae harga Kleinambtenaar eksamen sareng kaloearan Normaalschool. Di dieu tetela, nadjan rea deui sabab-sababna anoe sedjen oge, bedana harga teh siga hargana basa bae woengkoel. Sabab koering terang leres diploma K.E. teh henteu aja saparona ti N. S. loehoer, ngan beda basa.

Tapi koering moal pandjang tjarita tina perkawis eta didieu mah, da babakoena harga anoe ditoedjoe koe koering mah pangadji loehoer handapna, lain mahal moerahna.

Koe lantaran ajeuna basa oerang teu atjan ka loehoer, atoeh djadi hidji lantaran kana perloena oerang nembongkeun goenana basa oerang, sarta nembongkeun jen hiroepna akal koe basa oerang saroea djeung Walanda koe basa Walanda, da saenjana adjenna mah oelah noeroetkeun patokan basa, da basa mah ngan djadi djalan.

Lain pisan koering rek ngabendoeng tjihaliwoeng megatan kahajang anoe rea da terang jen basa Walanda teh perloe lian ti ngoedag harga teh djeung djadi djalan ka loeheor deui. Tapi ari tjeuk kuring mah perluna teh lain pikeun ngaganti adeg, ngan sakadar pikeun pakarng oesaha neangan pangoepa djiwa, meunangkeun elmoe kaeropaankeun.

Ari basa Poesaka eta mah wanda oerang, adeg oerang, basa Walanda mah minangka poelanana (papaesna)

Djadi nadjan boedak disakola Walanda atawa H.I.S perloe ari diadjar basana pribadi mah, pikeun tatali pakeeun ana geus teu tjitjing di sakola, sabab nadjan sakola di sakola Walanda ari bidjilmah engke gegedena ngahidjina djeung bangsana make basana moal saendengna aja di kalang kawalandaan.

Lamoen rek tetep onaman di lingkoengan kaeropaan tea hartosna leupas tina kalang kasoendaan biloek tjampoer ka ditoe, nja nadjan matak handjakal oge tepi koering teu bisa koemaha, da enja eta mah meureun kitoe piperenaheunana.

Ajeuna rea keneh kaloearan sakola Walanda anoe ariasa basa soenda, da di boemi ramana tadi sasaoeran soenda, djadi basana bekel keur leutik, katambah loeang sakasampeurna. Tapi oelah diandelkeun eta kaajaan lakoe ning biheung kitoe teh perlu oerang boga tjekeleun, nja eta pangadjaran basa di sakola; mangkaning di boemi anoe palinter ajeuna geus rea anoe teu ngaranggo basana nadjan koemboeh keneh djeung papada Soenda, lantaran kalindih koe basa Walanda tea.

Atoeh ari kitoe mah engke kadjadianana matak moendoer slelemboer, da noe pinter pindah kalang kaloear ti oerang, Soenda tinggaleun di handap.

Lantaran kagendam koe basa Walanda, atoeh baheula koe basa Djawa,kawoewoeh hentoe oeninga kana enasna basa kagoenganana, maroekankeun ari basa teh ngan oekoer keur boeboeroeh bae, nepi ka aja goeroe anoe sasaoeran kieu:

„keur naon di sakola Soenda make diadjar basa Soenda, natamboeh bae waktoe, da basa Soenda mah teu aja

82