Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/25

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

pigoenaeunana, teu aja pihargaeunana, sakalieun keur ngomong baé mah, teu koedoe maké diadjar, di imah ogé geus bisa. Geuning oerang kampoeng teu boeroeng barisa tjarita, toer teu sakola-sakola atjan. Anggoer éta waktoe anoe dipaké ngadjarkeun basa Soenda téh, paké ngadjarkeun basa Malajoe, atawa basa Walanda, ambéh mangpaat nambah kapinteran moerid!”

Aja deui anoe sasaoeran kieu:

„Naha aja andar, oerang Soenda maké sina diadjar basa Soenda, aboes kana paribasa: mapatahan naék ka monjét, ngawarah ngodjaj ka meri”.

Roepina éta anoe salasaoeran kitoe teh, bakating koe teu oeninga di boengkeuleukanana basa. Dina panjangkana manawi basa téh barang loemajan, henteu dipapaj jén basa téh saenjana wanda salirana anoe njarita sarta djadi adegna pisan deui. Naha éta anoe djadi tangtoeng, anoe djadi loeloegoena pisan téa bet disieuhkeun dilain-lain, nepi ka henteu koedoe dipiroséa. Ningal ka dieu, djadi perloena diadjar basa téh mimiti geusan ngawawoehkeun djeung anoe kagoengan, naék kana keur ngahiroepkeun anoe djadi ocetoesan soepaja adjeg tangtoengna, (Katranganana anoe langkoeng tétéla tingali engké di handap).

Anoe henteu kénging pangadjaran basa, koe sadaja ogé tangtos kaoeninga, jén moal tjoekoep basana pikeun kaperloean pakéeun ajeuna; geura anoe henteu diadjar mah dina tjarita anoe rada pandjang, dina perloe koedoe nerangkeun, dina saniskanten baé tjindekna, tétéla toenana henteu njoemponanana kana bisa basa geusan hiroep koemboeh; dalah éta anoe sasaoeran madjar geus bisa basa tjara monjét naék, ana diseser ditanja dienja-enja mah nja ngoeak-ngioek. Ieu mah pang sasaoeran kitoe téh, taja lian ngan tina bakating koe toemamoe, teu wawoeh-wawoeh atjan sareng basa téh.

Sangkan loma sareng basa téa, taja lian ngan kedah diadjar. Ari diadjar teh lain ngan toekoeh koedoe di sakola baé, rea geusanna aja sababaraha djalan. Ngan di dieu anoe koe koering arék didadar, babakoena pangadjaran basa di sakola.

Naon ari basa?

Ajeuna oerang tjandak hartina djeung goenana di sagala bangsa baé, montong di sagala bangsa baé, montong di Soenda woengkoel.

Basa teh moenggoehing tjangkangna mah ngan roentoejan omongan, soesoenan ketjap noe poegoeh hartina, djadi pakakas anoe matak kaharti koe batoer.

Nja éta sora anoe djadi parabot geusan méré njaho, karep, kahajang, panitah, panjarék, sangkan kahartieun koe batoer; djadi lebah dieu mah saroea djeung peta ngan koe sada, anoe langkoeng tétéla, nja éta ketjap téa ngaranna.

Oepama oerang ajeuna ngan njokot harti éta baé woengkoel, naha enja sora peta téh, geus tjoekoep koe bawa ti indoeng? Éta ogé tangtoe atjan, da di imah mah, warisan ti indoeng woengkoel, henteu njoemponan hiroep oerang djeung batoer; réa pisan anoe teu ara kadéngé ti indoeng ti bapa ti doeloer, ti batoer salemboer, anoe perloe dipaké ngomong djeung djelema noe lian, anoe bakal babarengan djeung oerang, da ajeuna alam liar teu oeloekoetek di imah téa. Djadi nadjan harti ngan oekoer kitoe, koedoe ari diadjar mah.

Geura apan ari di imah mah ngomong téh ngan saroepa baé, salelewek imah téa, ari prak njarita geuning bet roepa-roepa.

Toeroeg-toeroeg apan koedoe kaharti téa koe noe lian, djadi perloe njaho hidji basa anoe djadi pangaboga saréréa, di Soenda nja basa Soenda, anoe koedoe diadjarkeun di sakola.

Njarita di imah ngan koe saketjap doea ketjap baé geus tjoekoep, tapi ajeuna aja kaperloean pikeun njarita pandjang, koemaha akalna?

Taja lian ngan koedoe diadjar, soepaja roentoejanana, éntép seureuhna djeung ketjapna pisan, noeroet galoer anoe sapoek djeung batoer.

Eta sababna noe mawi oerang ajeuna di dieu nangtoekeun basa mana noe koemaha anoe koedoe diakoe koe saréréa, da sok pasalia pamendak ana teu dihoesoeskeun mah. Tjontona:

Koemaha dihoekoemanana harti ketjap-ketjap: séréd, tjombo, kikiping, ngagoeligah, silanglang dj. s. t.

83