Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Koe lantaran teu loma tèa, djadi teu kaoeninga pigoenaeunana, teu karaos mangpaatna, sarta teu lebar koe roeksakna.

Pikeun ngadjagi kaaloesan alam, parantos aja pakoempoelanana, sangkan oelah aja anoe ngaroeksak. Nanging kaaloesan basa teu atjan aja anoe ngaraksa. Eta margina djisim koering sakalian oendjoek oeninga, jèn aja pakarepan badè njaloeoeh ka Java-Instituut, soepados Java-Instituut ngadegkeun Sastra-winangoen, anoe maksoedna kana pamoemoelè basa. (Ieu perkawis, koe djisim koering baris ditjarioskeun engkè ti pengker).

Tadi koe koering parantos ditjarioskeun jèn aja anoe njebatkeun basa Soenda mah henteu perloe diadjarkeun, margi henteu aja goenana, atanapi mapatahan ngodjaj ka meri. Aja deui anoe njebatkeun lain basa, atawa basa miskin teu beunang dipakè njaritakeun èlmoe teu beunang dipidangkeun.

Eta sangka anoe kitoe matak ngalantarankeun kana tjèblèhna pangadjaran djeung noe diadjarna.

Ka anoe njebatkeun basa Soenda lain basa mah geus teu perloe diperangan deui, da koe ajana anoe njarita ogè parantos kapeupeuh.

Perkawis njarioskeun goenana diadjarkeun, sami baè sareng moegoehkeun perloe henteuna AJA basa Soenda, keur oerang Soenda, margi oepami henteu diadjarkeun mah sami sareng badè dibasmi sina moesna ti doenja.

Kapan boekti ajeuna ogè, tjatjakan masih kènèh aja pangadjaran, parantos rendang anoe geus teu pati taram-taram kana basana koe andjeun, komo oepami henteu diadjarkeun pisan, atanapi henteu enja-enja diadjarkeunana mah, mangkaning hama pangroeksak basa parantos sakieu narampeuna, sakitoe ngarangsegna.

Tjontona:

Hidji goeroe kaloearan Kweekschool Bandoeng ngadeuheus ka hidji Boepati, pokna: minta bitjara basa Melajoe sadja; sanès lantaran teu daèk metakeun tata, tapi lantaran teu timoe basana, pada hal andjeunna djadi goeroe di sakola Soenda (sakola klas II).

Hidji istri kaloearan Mulo, di dieu pisan di Bandoeng, sasaoeran Soenda ka noe sanès, pokna:

„Euleuh, awèwè keur ngalindoer di sawah!”

Istri èta kénèh sasaoeran kieu: „Eta mah daging tèh aja kimpoel!

Aja deui tjonto anoe anèh. Aja hidji goeroe ngadangoe hidji nonoman kènging perkawis; koe andjeunna ditaroskeun ka hidji sepoeh, saoerna:

„Saha ari èta tèh?”

Saoer anoe ditaros: „Emang mah kapi alo kadinja tèh!”

Ana ditèmbal koe anoe naros: „Paingan!

Sepoeh morongos, djoeragan goeroe merengoet da teu kahartos, naha bet ki sepoeh bendoe! Horèng pahili paingan sareng koetan!

Pirang-pirang tjonto anoe sanès anoe teu perloe ditjarioskeun di dieu, roepi-roepi kalepatanana. Eta aja saleuheung ngan oekoer lepat, koemaha ari anoe njamos pisan?

Ana Soenda geus teu basaan, atoeh sanes Soenda pingaraneunana. Leuheung meueus oepami rampag mah sadaja kitoe, nja manawi panarik kahajang alam, ari ieu mah da henteu, ninggangna di sarosopan tèa.

Oepama oerang geus atra kana boengkeuleukan basa, sarta oeninga jèn basa tèh kedalna rasa, pepetèn poesaka èlmoe anoe pinoeh koe koentji pamoeka akal, sarta teu aja anoe kedal tina goedang sanoebari anoe teu dibawa koe basa, asa sageuj oerang rèk ngamomorèkeun kana pangadjaranana. Margi teu aja hidji pangadjaran atanapi hal anoe teu kakotjorkeun koe basa, sareng sawangsoelna teu aja palajangan sanès anoe nepikeunana ka oerang teu kalawan perbawa basa. Nja basa anoe tjakah-tjikihna ka loear ka djero.

Koe basa oerang bisa ngalemeskeun rasa, koe basa oerang bisa ngadjembarkeun manah, koe basa bisa golang alal. (

85