Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Anoe koemaha ari batjaan baroedak?

Ringkesna baé:

  1. Basana koedoe basa boedak, ninggang kana loeangna, oelah sina kokolot begog.
  2. Tjaritana koedoe tjarita boedak enja, oelah kira-kira.
  3. Gambarna koedoe aloes, boekoena koedoe aloes.

Perkara basana dina boekoe batjaan ajeuna réa naker anoe teu ninggang, komo salinan tina basa Walanda mah. Rea omongan djidjieunan, miroetjaan méré tjonto goréng ka boedak, njoerat-njarét mawa sasab, nja éta sok katarik koe basa Walanda téa, koe salah téa dj.s.t. mangkaning ari boedak kapan, ari hadena koedoe sina nendjo ngadéngé ngarasa noe hadé, sina napel dina haténa. Ari ieu dibéré (ditjontoan) parab salinan atoeh tangtoe djadi boedak salinan.

Tjaritana koedoe enja anoe geus karasa karandapan atawa aja babandinganana dina lampahna oelah oedjoeg-oedjoeg sina ngalantoer dibawa ka awang-awang.

Boekoe Soenda oge geus aja anoe soeroep ka noe pimatjaeun saperti Roesdi djeung Misnem, ninggang oge kana aloes nja eta batjaan moerid sakola désa sakola II. Ari Pepetétan keur sakola H. I. S. oepami pahili tempat.

Teu soeroep lamoen Roesdi djeung Misnem di H. I. S. pepetétan di sakola désa, lain pipernaheunana.

Dina elmoe ngadjar disebatkeun jén djoedoelna pangadjaran matja téh:

  1. Koe pangaroehna eusina boekoe batjaan boedak téh sina djembar kalemesan boedina, sing kaboeka akalna ninggang dina ati noe bener.
  2. Koe pangaroeh basa tina boekoe batjaan sing tambah loeangna djeung kamahiran basana.
  3. Lantaran pangaroeh ka 1 sareng ka 2, boedak téh koedoe sing tepi ka engké dina geus kaloear ti sakola katagihan koe matja, anoe djadi roekoen hiroep.

Saoer anoe palinter, soegri anoe aja milik meunang pangadjaran matja anoe ninggang di enja, éta saroea djeung nampa panghibatan koentji emas anoe mandjing kana lawang sakéténg, pamoeka gapoerana kadjembaran. Saha-saha anoe bisa metakeun éta koentji bakal pinareng pendak sareng pependemen. sarta meunang bagdja nampa woelangna boedjangga, miboga palajangan anoe henteu keuna koe katiga.

Demi anoe bisa matja teu kahoedang kahajangna, ibarat boga tanah moebah teu digarap.

Djelema anoe resep kana matja, bakal djembar kabogana, hiroep loebak-liboek moal ngeueung katongkoel ngalamoen.

Djadi dina pangadjaran matja téh maraban njawana boedak, tina koedoe masing tepi ka beukahna.

Koemaha ari pangadjaran matja di sakola ajeuna, naha njoemponan kana paménta anoe bieu?

Oepami oerang sareng sadajana oesaha, sangkan pangadjaran matja ninggang di enjana, manawi Bale Poestaka sareng toekang boekoe anoe lian, anoe boga maksoed maraban njawana bangsa oerang, kawas bakal tambah longsong loempatna, hasil leuwih ti ajeuna.

Malikan perkawis boekoe batjaan di sakola, ngarah leuwih hasil piboeaheunana, koering gadoeh panoehoen, soepaja oelah dipatok boekoena anoe kedah dianggo disamikeun dioenggal sakola, tapi goeroe disina marilih koe manéh mana anoe soeroep kana timbanganana.

Anoe ngatoer sakadar aja koemisi, merenahkeun di kelas sabaraha pininggangeunana hidji-hidji boekoe téa. Emoetan koering mah geus teu meudjeuhna make koedoe dialas ti Depot, keun bae goeroe sina mareuli koe manéh, asal disajagikeun doeitna.

Koe djalan ieu, timbangan koering mah, bakal tambah kamadjoean pangadjaran matja.

......

Katrangan tina perkawis bagian pangadjaran basa anoe sanes, sapertos: ngarang, ngadongeng, dj.s.t. koe djisim koering moal ditjarioskeun di dieu.

__________

99