Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Moal deui nganggo ngoeroeskeun klemtoon sagala roepa mah, maroekan tjara dina basa Eropa?

Tjindekna: Pangadjaran basa Soenda, oelah ingkar tina papagon basa Soenda.


Pangadjaran matja.

Di dieu sanés maksoed djisim koering rék njaritakeun ngadjar matja koedoe koemaha methodena, koemaha prok-prokanana, sanés kitoe, da ari éta mah djoeragan-djoeragan goeroe langkoeng noeninga, lantaran geus poegoeh ringkoekna aja dina boekoe-boekoe karangan ahli atikan. Ngan perloe koering nembongkeun mamalana tina pangadjaran matja ajeuna di sakola-sakola.

Tjeuk koering tadi „mamalana” sanés hasilna atawa boeahna, éta ngahadja maké ketjap éta, kieu margina:

Koe sadaja noe palinter koe sadaja para boedjangga parantos diangken parantos dienjakeun jén matja téh saroea baé djeung dahar perloena, sabab matja téh maraban njawa, anoe perloe téa deui meunang parab téh.

Ari oerang Soenda geus resep matja?

Enggeus aja ari bibitna mah kana resep téh, geuning di oenggal lemboer aja wawatjan anoe tepi ka geus koeleuheu. Malah méh di oenggal distrik di dieu aja toekang ngarang wawatjan, toekang noeroen toekang njalin, djadi kahiroepan tina ngadjoealan wawatjan téh, lain ajeuna baé tapi ti baheula.

Tapi éta bibit karesep kitoe henteu katoeloeg teu katjébor koe pangadjaran, teu karaksa koe sakola, lantaran pangadjaran matja di sakolea teu djadi panghoedang kana resep matja, tapi sabalikna tepi ka matak maéhan bisa noempes karesep bibit bawa ngadjadi téa.

Geura tingali, pariksakeun ka goeroe-goeroe, pangadjaran naon anoe pangbosen-bosenna?

Aja doea tiloe: 1. Zaakonderwijs, 2. Ngagambar, 3. Spreekonderwijs, 4. Matja dj.s.t.

Tah éta méh kabéh poko pangadjaran basa anoe dipikabosen téh.

Naha mana kitoe, réa goeroe heuaj, moerid pating koeliat, ana ninggang giliran téh? Babakoena koerang bekel.

Bener mimitina mah barang sok dibagi boekoe anjar, giak goembira resep baroedak téh, da sono kana boekoena weuteuh kénéh, kakara papanggih harita.

Tapi naék ka kelas III Abdoerahman, kelas IV Abdoerahman, di sakoela goeroe kelas I Abdoerahman, kelas II Abdoerahman, di N.S. di O.S.V.I.A. …. nja Abdoerahman kénéh. Tepi ka ngoengkoeweuk teu ganti téndjo, Abdoerahman kénéh baé. Lain goreng mah éta boekoe téh!

Djoel baé sakadang bosen ngarandjing, merelek heuaj leng bae ngalenggoet.

Tah sanés djadi mamala ari kitoe? Naha teu matak maéhan kana bibit resep matja téa. Mangkaning éta anoe bakal kapapas kitoe téh aja di boedak; lain toeloej engkéna matak djedjerih koe matja, da tadi ogé toeloej héés gening? Noe mawi ajeuna di Soenda mah aja basa: „Lamoen hajang toendoeh koedoe matja”!

Dibalik lemah téh saenjana, da bibit tadi kairik koe bosen.

Atoeh koema teu deuk bosen da a. Noe dibatja éta kénéh éta kénéh. b. Ana bréh téh boekoena geus baoe toetoet roebat rabét, sakapeung mah, da geus aja windoena. c. Eusina gambarna basana teu djadi panghoedang kana karesep boedak. d. Anoe ngadjarkeunana sagala doedoek-dadak.

Tah dina bagian c. koe koering rék rada dipandjangkeun tjarita téh, nja éta woedjoedna boekoe batjaan noe ngaroeksak kana kamadjoean, noe sok radjeun djadi hama.

Boekoe batjaan di sakoela téh koe sadaja oge parantos kaoeninga koedoe anoe soeroep kana njawana baroedak, anoe ninggang djeung merenah.

Réa anoe ngarawoe koe sikoe, boekoe batjaan ajeuna mah ngabaroeng djeung bibliotheek téa, kitoe téa kieu téa, tapi ari tjeuk koering mah salah. Lamoen dirampid-rampid mah, matak njamos doeanana.

98