Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/39

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

kabisana naon anoe geus kalampahan koe manéhna. Njaritakeun naheun posong, nawoe kombongan, njieun langlajangan; njaritakeun di saoeng sawah, dina waktoe diboeat, njangoe, ngarioeng dahar, pésta. Naékna ti dinja njaritakeun soemoer bor, palaboean, kapal, dina kareta api, di setatsion, di pasar, dj. s. t. Tjindekna sadaja baé anoe aboes kana handenarbeid, cultuur, Irigatie, élmoe boemi, Landbouw, kaséhatan koem kasabit sadajana, ka kapertjajaan-kapertjaan, adat, kabiasaan, dj. s. t.

Ari éta barang-barangna sakasampeurna baé katjaritakeunana, keur boekti bisi tjan ngahoeun.

„Tah, gobag anoe dipaké nawoe téh kieu bangoenna, kitoe metakeunana!” Henteu sina ditalék gobagna, palebah dieu mah, sarta oelah dipaksa ngedalkeun naon-naon anoe teu aja perloena, lain kahajangna.

Éta boedak barang djieunna ngomongna sareng sagala roepina nja Zaakonderwijs téa, pangadjaran pibekeleun hiroepna boedak, tina rasa kana prakna, kedal koe oetjap, béh boektina boeah pagawéanana.

Mangga dimana piboseneunana éta pangadjaran anoe sakitoe moendelna téh?

Pamoegi-moegi djisim koering koe pitoeloengna pangadjaran Zaakonderwijs téh djembarna rasa oerang Soenda anoe kedal djadi basa, tiasa woewoeh ti anoe parangtos-parantos kamadjenganana, sarta digoenakeun kana ngalalanjahan gelarna rasa anoe bakal bisa ngagambarkeun kaaloesan alam, kapoendjoelanana tingal di basisir, isoek-isoek waktoe meleték srangéngé, sariak lajoeng, wantji toenggang goenoeng, rasa bajeungjang dina panas mentrang-mentring, ngakawénkeun kaaloesanana patempatan, kelarna waasna rasa koe ningal padataran, pasawahan pagoenoengan, atanapi keueungna rasa njorangan di leuweung, geueumanana hidji tempat, sareng djabi ti eta, tjindekna gambar rasa koe basa tina ka aloesan alam téa.

Rasa oerang soenda anoe diwoedjoedkeun koe basa, ajeuna parantos ngawitan dieunteupkeun kana salah-sawios anoe ditataan koe djisim koering bieu, da ari baheula mah apan biasana ngan kana ngagedékeun tjarita kageulisan kakasépan, sareng kana soeroepan panganggo.

Geura mangga baé taloengtik leres-leres, naon ari anoe biasa pandjang dikakawénkeun pantoen dina njaritakeun modjang nepi ka ditataan taarna, halisna, Ramona, bitisna, pipina, sakitoe kedalna éta rasa; ajeuna aja modjang dangdan, kapan soeroepan panganggona. sindjangna, kekembenna, raksoekanana mani katingal tina tétélana anoe njarita. Ana prak njarioskeun modjang angkat, léngkahna, léjéhna, gandjenna, tamat teu aja kakiranganana.

Tah gening rasa téh kedal ari kana éta sareng samboenganana ti dinja mah. Toeloejkeun éta oge da poesaka; tapi itoe alam, goenoeng, mega, leuweung anoe geus ménta dikakawénkeun oelah kaliwat.

Kadjabi ti kakaliroeanana prak-prakan ngadjar basa di sakola handap, koering arék njarioskeun ogé sasabna pangadjaran basa Soenda anoe kabaoed koe atoeran basa Walanda. Koe margi djalan ngadjarkeun basa priboemi repet keneh, teu atjan ngabaloengloeng sapertos pangadjaran basa Walanda, sering naker oerang toetoeroet moending niroe djalan Walanda, anoe basana sakitoe tebihna ti oerang. Kadjadianana nja aja anoe ngolahkeun basa Soenda koe djalan basa Walanda, sapertos:

Lijdende vorm koedoe balikkeun djadi bedrijvende, naon lijdend voorwerpna éta omongan téh, mana hoofdzin mana ondergeschikte zinmen, sareng seueur deui noeroetan gramatika Walanda. Koemaha engké pikadjadianeunana?

Naha basa Soenda maké koedoe dikokolakeun koe djalan Walanda? Angoer oerang mah éta baé basa Soenda, taaleigen Soenda oerang goegoeloeng, oerang oeroeskeun aja asak tambah madjoe.

Lantaran sasab kana djalan Walanda téa, toengtoengna tjoel baé ari kana ngadjarkeun rasa basana mah, anoe aranéhna anoe maroendelna dina Soenda téa mah dina taaleigenna teu kapaliré, pada hal éta anoe leuwih perloe, leuwih goena téh kapan.

97