Lompat ke isi

Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/43

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Ngajembarkeun basa Soenda Bandoeng.

Pikiran Mangoen di Karia Djatiwangi.


Anoe disebat basa hiroep téh, tegesna basa bisa ngadjembaran, bisa ngadjengkaran, bisa woewoeh ketjap-ketjapna. Sawangsoelna, bisa ogé ngoerangan (leungit), teu dipaké deui, djadi taja bédana sareng sasatoan atanapi djelema.

Henteu kirang-kirang ketjap, anoe ajeuna koe oerang teu dipake deui ngomong, babakoena pisan asal ketjapna.

Nanging di sawaréh tempat masih keneh dipaké. Eta djadi tawis ogé jén éta ketjap téh tadina mah di oerang ogé aja. Doeka koemaha lantaranana, noe matak éta ketjap leungit (minangka paéh) doeka lantaran diganti koe ketjap sanés, doeka lantaran teu aja perloena (teu dipake oenggal poe). Atanapi ketjap anoe sami sareng basa sanés, anoe dina basa éta teu dipake asal ketjapna. Tjindekna meureun aja roepi-roepi margina, noe mawi djadi leungit.

Dina ngadjembaranana basa mah parantos tétéla pisan, jén koe lantaran tjatjampoeran.

Nagara anoe di sisi basisir, tangtos basana moal bisa bersih, lantaran ka dinja téh réa djalma mantja nagara anoe daratang, babakoena anoe ngadon dagang, nja éta anoe ngadjadikan baster basa téh.

Basa Bandoeng baheulana mah saméméh aja djalan kareta api anoe ngaliwatan Tanah Priangan, tangtos basa anoe pangberesih-beresihna, baé lantaran Bandoeng téh aja di tengah-tengah Tanah Priangan, tebih ka mana-mana. Koe hal éta baheula mah, meureun moal pati aja djelema ti sédjén nagara anoe ngoembara ka Bandoeng; noe matak basa Bandoeng disebat basa Soenda anoe pangsaéna, lantaran pangberesih-beresihna, teu sakomaha réana katjampoeranana koe basa-basa sédjén. Doegika diangken basa officiel dianggo di sakola.

Waktos harita basa Soenda Bandoeng téh tasih miskin, atjan sakoemaha beungharna tjara ajeuna, nanging beresih. Demi noe matak miskin, djalaran réa basa anoe teu dipaké téa, ari tambahna teu aja.

Demi ajeuna, sanggeus aja kareta api, dajeuh Bandoeng beuki rame, koempoel boeniaga ti mana-mendi, daratang roepa-roepa bangsa, anoe moekim di dinja.

Koe djalaran kitoe, parantos teu sak deui, jén basa Soenda Bandoeng téh ajeuna mah seueur tjampoeranana basa sanés, boh dina ngaran barang-barang boh pagawéan atanapi sanés-sanésna deui, djadi tangtos éta basa téh kirang beresih.

Sanés basa anoe dianggo sasaoeran baé (spreektaal) nanging basa boekoe ogé tangtos kirang beresih, baé margi katjampoeran basa-basa sanés téa.

Tambahna éta basa koe oerang teu karaos, soemawonna koe anoe njitjingan dina éta tempat (di Bandoeng).

Tiasa kaoeninga jén basa Soenda Bandoeng téh tambah, oepami dibanding sareng boekoe baheula, atanapi oepama oerang ngoepingkeun sapoeh anoe keur sasaoeran.

Aja ogé anoe tiasa nerangkeun tambahna basa Bandoeng, nja éta djelema anoe kapengker aja di Bandoeng, ajeuna geus lila di nagara sanés, anoe tara oenggal tahoen njaba ka Bandoeng.

Djisim koering parantos genep likoer tahoen ninggalkeun Bandoeng, oepami ajeuna madjik deui di Bandoeng, wates 4—5 bulan tangtos tiasa nerangkeun tambahna.

Djabi ti koe lantaran tjampoer djeung bangsa-bangsa sédjén, tambahna basa téh aja deui, nja éta koe lantaran diraéh koe oerang pribadi, babakoena dina ngadamel basa lemes, awahing koe hajang lemes, sanadjan iwal tina biasa nja dianggo baé; atanapi ngadamel basa panengah (anoe emboeng ngahandapkeun teuing dirina).

Nerekabna ketjap, djadi ngadjembaranana basa. Eta koe oerang teu tiasa ditjegah, sanadjan matak kotor kana basa Soenda, koe lantaran hiroepna basa téh koe geraking djelema. Basa bisa paéh, oepami bangsa anoe maké éta basa parantos moesna, tjara basa Latin, basa Grik sareng basa Sangsekerta.

100