Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/44

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Sae-awonna ngadjembaran basa.

Naha ngadjembaran basa teh kalebet awon, atanapi sae?

Mangga oerang wintjik sangkan kapendak galoerna.

Dina karangan-karangan boekoe, anoe disebat sae teh, djabi ti entep-seureuhna, nja eta bersihna basana (teu rea tjampoeranana sareng basa sanes). Boekoe anoe karanganana kitoe anoe kaetang sae. Tegesna toelen basana.

Oepami ningal kana eta atoeran, tetela pisan, jen nambahan basa koe basa sanes teh, jaktosna mah kirang sae, atanapi sama sakali teu sae, (awon).

Demi kaawonanana, njaeta ngadjadikeun roeksakna basa. Oepami basa Soenda ditjampoeran basa: Arab, Tjina, Djawa, Walanda, Inggris sareng lian ti eta, tangtos engkena teh sanes djadi basa Soenda, meureun djadi basa tjampoeran (basa Mandepoen), leungit djinisna basa Soenda, timboel basa-basa sedjen tea, naon pingaraneunana oepami doegi ka kitoe?!

Tina eta, dina emoetan djisim koering, ngadjembaran basa Soenda koe sanes-sanes basa teh, kirang saena, djalaran ngarisak kana basa Soenda.

Menggah ajeuna oge basa Soenda teh parantos risak, nanging teu sakoemaha risakna, da moeng basa noe dianggo sasaoeran bae (spreektaal) ari basa boekoe mah tasih keneh kaetang bersih koe margi aja saringanana tea, nja satiasa-tiasa kedah didjagi sangkan basa Soenda Bandoeng teh oelah kotor teuing, Demi basa pasar mah (basa anoe dianggo sasaoeran sadidinten atanapi spreektaal tea), teu tiasa didjagi, nja kedah diantep sakarepkarepna bae, da sanaos matak awon kana basa atoeh koemaha da teu aja anoe tiasa magerna.

Moeng panoehoen djisim koering, ari menggah anoe terpeladjar mah, anoe njaah kana titilar sepah, soepados basa Soenda Bandoeng teh oelah roesak, sanadjan basa anoe dianggo sasaoeran (spreektaal) oge, saijasa-ijasa, moegi sami kersa ngadjagi, kersa mager sangkan oelah, seueur teuing basa anoe njampoeran basa Soenda Bandoeng, oelah iloebioeng sareng anoe seueur. (Sakenging-kenging oelah sok noeroetan nganggo basa anjar, anoe henteu aja perloena, atanapi anoe aja piketjapeunana dina basa Soenda Bandoeng). Oepami sami kersa kitoe, samioek, rempoeg-djoekoeng, mokaha basa Bandoeng teh moal sakoemaha risakna.

Naha perloe basa Soenda Bandoeng didjembarkeun deui?

Di loehoer parantos diterangkeun, jen ngadjembaran, basa teh teu sae matak risak kana basa; demi ajeuna aja deui panarosan anoe oengelna kitoe, Koe emoetan djisim koering, anoe mawi kaloear panarosan kitoe teh kantenan aja maksadna.

Mangga oerang tjoektjroek, malah mandar kapendak pikarepeunana.

Keur koe panginten djisim koering, menggahing basa anoe hiroep keneh mah, moal aja noe toelen bersih; kedah bae aja noe njampoeran, sanadjan basa anoe sakoemaha beungharna, anoe sakoemaha tjekap na oge, koe margi djelema teh hiroepna tjampoer gaoel, henteu tetep hiroep ngagolong sabangsana bae. Koe lantaran anoe boga (noe make) eta basa tjampoer sareng sanes-sanes bangsa, kantenan pisan basana oge aja ka tjampoeran basa sanes tea. Moeng bae tjampoeranana teh kantenan moal sami seueurna; aja noe seueur aja anoe ngan saketjap doea bae, noeroetkun beunghar miskinna basana, atanapi beunghar miskinna nagarana.

Di nagara anoe asalna sagala teu aja, tangtos di dinja seueur basa semah, babakoena ngaran barang-barang atanapi padamelan.

Koe margi eta, dina emoetan dijisim koering, naon pambenganana oepami basa Soenda Bandoeng didjembarkeun deui?

Para djoeragan anoe karempel didieu, kantenan pisan enggal bae ngatjoengkeun rema, nawiskeun. moendoet sasaoeran bade ngadebat; koe margi tadi oge di loehoer djisim koering pribados anoe njebatkeun kaawonanana ngadjembaran basa, demi ajeuna, djisim koering pribados deui anoe njebatkeun (toemaros) naon

101