Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/54

Ti Wikipabukon
Aya masalah dina nalika nguji baca ieu kaca

- Di ditu[1], di alun-alun.

+ Iraha?

- Tadi basa ka pasar eujeung[2] si Uwén.

+ Kitu[3] ma geuning gajah mah.

+ Kitu kumaha?

- Kitu baé; maké aya nu ngambayan.

+ Enya tulaléna.

- Enya, tulaléna cenah ogé. Jeung ceulina téh aya rubak mani sagedé haon[4].

+ Enya, aya sagedé hihid mah.

- Na ema geus nyaho gajah.

+ Puguh baé. (Matana gular-giler, ka luhur ka handap, nginget-nginget deudeuleuanana).

- Jeung huntuna[5], ogé panjaang téh. Ih, matak gila.

+ Lain huntuna5), sihungna kituh.

- Euh, sihungna éta téh.

- Jeung sukuna téh ditalian5) ku beusi. Teu sieun-sieuneun leupas. Ih, kuring mah gila neuleu tulaléna diacungkeun. Mani calawak. Sok ngakahan jelema nya ema ari gajah mah[6].

+ Ih tara. Gajah mah kabeukina kalapa.

- Paingan aya nu méré geuning.

+ Ku saha?

- Teuing, da nu hideung geuning[7].

Geus baé ngan sakitu tina hal gajah mah, tuluy baé nyaritakeun deudeuleuan séjén nu teu sakumaha matak haraneunana: kuda aralus, monyét; da ari singa jeung méong mah harita téh geus dikubeng ditongtonkeun maké bayaran.

Sim kuring parantos nyobi-nyobi ngahiras hiji budak sakola kelas II, murid kelas IV nyaritakeun hal gajah, didadak harita, sapertos nu ngadongéng baé. Pokpokanana ku sim kuring dicatetkeun sacéréwéléna.


Gajah (pokna barang mimiti).

Gajah téh sanés sato di urang, nya éta1) sato Sumatra.

Gedéna saluhureun munding2).

Babagianana awakna:

Tulaléna, sihungna, sungutna, ceulina, awakna, buntutna, sareng sukuna3).

Bangunna tulaléna buleud panjang.

Bangunna sukuna buleud panjang bebeng.

Kahakananana: jukut, kalapa sareng sajabi ti éta4).

Gunana gajah sok dianggo tongtonan sareng di (hilap deui) sok dianggo narik roda.

Upami parantos paéh, sihungna sok dianggo ngadamel bolaparanti maén bola, kancing, pipah sareng seueur-seueur deui.

Gajah sk ngaruksak kekebonan, nya éta kebon sampeu, kebon tiwu sareng sajabi ti éta.

Hirupna di leuweung ngabubuhan.

Ieu di handap hiji karangan buatan hiji jalma kaluaran ti sakola MULO, anu saméméhna sakola Walanda baé.
_____________________

1) Ieu bahasa ilahar pisan sok dipaké di sakola, malah sok hambur teuing, beunang disebut basa sakola baé.

2) Wayah kitu mah budak téh geus diajar kana babandingan.

3) Tacan bisa imeut niténan, geuning aya kénéh nu kaliwat matana.

4) Babasan sakola, nu sok nganteur kana kakedulan, ku ayana ieu kecap babari naker ngahékok di dinyana téh mun teu kitu pokna, “sareng seueur-seueur deui”.

Mun ditilik gemblengna tétéla di budak pantar kitu téh omonganana masih paripisahan, teu ngaruntuy pakait-kait. Katurug-turug ku guruna sok diajar di kelas I mula, lamun nyaritakeun hal barang téh: 1. ngaranna, 2. rupana, 3. babagianana, 4. bangunna, 5. gunana, jeung 6. hargana; tacan bisa ngagunakeun kecap-kecap panyambung.

111
 
  1. Dina kecap "di ditu" kakurung maksud nerangkeun kajauhanana ogé sipat jalma nu tacan asak pangajaran ingetan, tara buru-buru nyantong kecap téh.
  2. Kecap budak tina "reujeung".
  3. Dina ieu kecap kakurung karep rék méré nyaho hiji pamanggih, bané tacan beunang digambarkeun ku basana.
  4. Makéna kecap "sagedé" tuluy disambung ku "nanahaon" téh lain ngabandingkeun, ngan rék nerangkeun kagedéanana baé.
  5. Tina éta kecap-kecap témbong yén budak mah ari nyaritakeun hiji perkara téh sok ngajojoan nu anéh keur manéhanana baé, nyaéta sakabéh perkara nu ngan kaudag ku pancadriana wungkul.
  6. Cita-cita budak mah sok maléngkot kana dirina, ingetan budak mah deukeut naker kana dahar téh.
  7. Budak mah geus cukup ku nyaho hideungna ogé, teu hayangeun nganyahokeun nu leuwih jauh.