Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/56

Ti Wikipabukon
Aya masalah dina nalika nguji baca ieu kaca

toelale mah teu boeloean, teu tjara poetjoek pakoe. Ari eta toelale teh gaganti iroeng, atawa beunang oge diseboetkeun nja eta iroengna tea bae. Toengtoengna sagede bitis boedak, tjepak tjara bagoes bagong[1].

Ari kapoehoena sagede seeng kaleng. Dina tjongona aja liang doea, nja eta liang iroengna. Eta toelale leuleus pisan, koeplak-kaplek, tapi bedas tanagana.

Gawena saperkara paragi njokot kahakanan saroepaning kalapa, djoekoet sampeu djeung rea-rea deui, sabab gadjah mah teu bisaeun dongko djeung beuheungna pondok, heuras, teu bisaeun loenggak-linggek[2] tjara badak bae; teu babarian malik soemawonna ngalieuk mah. Kadoea gawena toelale teh paranti njeuseup tjai, lamoen hajangeun nginoem. Sanggeus diseuseup koe toelalena, toeloej tjongona diasoepkeun kana soengoetna djeung tjaina dioetahkeun deui tina liang iroengna, legoek diinoem.

Ka tiloe perkara paranti ngaraksa diri, ngalawan moesoeh, sabab eta toelale teh bedas naker. Tatangkalan noe mareudjeuhna mah kira-kira sagede tjangkeng, atawa pingping kolot dibeulit bae bret didontja diroengkadkeun.

Njakitoe deui sok meulit moesoehna, kajaning manoesa atawa sato galak saroepaning, maoeng; toeloej dibeubeut-beubeutkeun. Atawa paranti geloet djeung sabatoerna. Geuning di tanah padoemoekanana mah nja eta di Soematra, nepi ka aja paribasana:

Gadjah berdjoeang sama gadjah, kantjil mati terhimpit”.

Toelale mah pangna sakitoe leuleusna teh, koe sabab euweuh toelangan. Ti dinja oerang teh ret kana tjeulina noe sakitoe roebakna, roebak manan hihid sangoe djeung malikna ka gigir teu pati ka hareup, teu tjara sasatoan sedjen. Noe matak kitoe, eta meureun soepaja gampang ngadenge saniskara noe aja digigireun djeung toekang timana, da teu bisaeun malik tea, itoeng-itoeng pangganti pangbireungeuhna. (*)

Aja daoen roebak naker aroeratan bodas, diseboetna daoen tjeuli gadjah, da siga, noe sok dipake papas dipelak dina pat.

Handapeun poehoe toelalena, narongtot sihoengna sapasang, pandjangna djeung gedena saroea djeung tjaoe galek (tjaoe tandoek), ngaranna tjoela (gading). Ieu tjoela teh djadi pakarang deui bae, paranti motong-motongkeun barang-barang. Di mezium atawa sok diseboet oge kantor Boelao di Bogor, aja tjoela poehoena sagede-gede pingping kolot, pandjangna teu koerang tina sameter.

Eta tjoela asalna tina hidji bangsa gadjah noe geus toempoer, geus euweuh bangsana deui; ajana di tanah Rusland beulah kaler djeung siberië, ngaranna „maunnouth”.

Biwir loehoer rapet kana toelalena; biwir handap teu roebak ka gigir, teu tjara biwir djalma, ieu mah njoengtjoeng monjong ka hareup; koe sabab eta, lamoen toelalena ngaroendaj teh, soengoetna katoetoepan, rekep pisan.(*) Ari matana, lamoen dibandingkeun kana djoengkerangna awak, pohara teu pantes pamataeunana, leutik teuing. Awakna pondok, meh boeleud bae, gedena saloehoereun moending Djampang.

Boentoetna tjara boentoet sapi, tapi leutik djeung pondok, teu narimbag deui bae kana awakna teh. Lamoen ret kana soekoena, bet sok inget kana dongeng boedak, madjar maneh 11) aja tihang bisa leumpang, da poegoeh enja siga, koe siga tihang teh, boeleud bebeng, meh teu katara bedana pingping djeung bitis teh. Dampal soekoena boeleud tjepak, dirioeng koe koekoe, logana 8 siki. Gedena eta koekoe saloehoereun bae boeah hondje saeutik, siga tandoek moending noe kakara modonghol. Koe sabab eta, lamoen ngalejek djalma teh lain matak raheut, tapi matak gepeng.

Roepana hawoek, tjara moending bae. Boeloena badag tjarang, koelitna kandel katjida, meh tara teurak koe toembak.

  1. beschrijving = ngagambarkeun hidji woedjoed koe basa, petana noe geus kapandjingan akal.
  2. Katerangan sabab ngan sok dikedalkeun koe kolot noe berakal koe.
113