sorana tjengeng saloehoereun sora moending, matak gandeng naker. Kahakanana djoedjoekoetan, beubeutian, saroepaning sampeu, boled hoei djeung sadjaba ti eta, djagong, tiwoe djeung karesepna pisan mah kalapa.
Lamoen rek njatoe djoekoet, mimiti didjambret koe toelalena, toeloej dipintel-pintel, bari dikoepas-kapiskeun, sieuneun aja naon-naon, noe djadi matak; saroepaning sireum, oraj leutik, kahoeapkeun kana soengoetna. Eta tabeat gadjah ati-ati kitoe teh, nepi ka djadi dongeng, madjar maneh, sieuneun koe sireum sabab geus eleh adoe djadjaka djeung radja sireum. Geuning dina „soeten” indoeng leungeun teh eleh koe tjingir; eta indoeng leungeun teh magar ibarat gadjahna, ari tjingir minangka sireumna.
Lamoen rek ngahakan kalapa, sok dipeupeuskeun heula, koe toelalena, dibeubeutkeun kana barang noe teuas; lamoen teu daekeun peupeus koe kitoe, sok sahoeloeeunana bae dihoeapkeun, peupeusna mah ditjapek koe tjarehamna. Peta nginoemna mah diloehoer geus ditjaritakeun, palebah njaritakeun hal toelalena.
Poelo-poelo noe aja gadjahan, nja eta poelo Soematra, Borneo, tanah Malaka, banoea Afria, tanah Hindia djeung banoea Azia, djadi di poelo-poelo noe dareukeut kana chatoelistiwa, noe panas hawana bae.
Gadjah Soematra, teu galede tjara gadjah Azia, Afrika djeung Hindi.
Demi hiroepna di leuweung-leuweung geledegan, ngaboeboehan nepi ka opat lima poeloeh, malah sakapeung mah aja ratoesna. Sakapeung kapeungeun sok datang ka pihoemaeun, kadang kala sok kapilemboeran oge, nja sok ngaroeksak kekebonan tea. Moenggoeh kebon tiwoe atawa kebon sampeu mah sok taja poeloekaneunana deui, lamoen tas dirandjah gadjah teh. Ari ngaboeboehanana kieu:
Di mana keur reureuh atawa ngaso, anakna tjaritjing di tengah-tengah, toeloej di lioeng koe kolot-kolotna, aja doea tiloe lapisna sakapeung mah.
Di mana rek loemakoe hidji djaloena diheulakeun, lir oepama radjana. Bikang-bikangna djeung djaloe-djaloe noe sawareh deui, noetoerkeun pandeurieunana, bari ngalingkoeng anakna. Lamoen di djalan pasampangan papanggih djeung djalma, masing disingsieunan dikoekoemaha oge tara daekeun njimpang, anging lamoen anakna miheulaan balik deui atawa mengkol ka tempat sedjen. Dina saboeboehan teh leuwih loba bikangna manan djaloena. Peta mikanjaahna ka anak moenggoeh disato mah geus hese bangsana bae, sabab noe maliharana teh ieu mah lain indoeng bapana bae, tapi sabatoerna saroea pada ngaraksa. Gadjah teh kaasoep kana sato koelit kandel djeung kaasoep kana satoe noe loba koekoena atawa talapokna, tjara badak, babi roesa djeung djaba ti eta. Nja kitoe deui ieu hewan teh kakongaskeun pisan hidji mahloek noe ngarti djeung noe sok neuteuli, males kanjeri. Tjontona:
Geuning dina kamedi koeda, sakitoe matak loetjoena, didangdanan tjara djalma, didioekeun dina tahang mani siga toean gembroe; dititah ngagorolong-gorolongkeun bal djeung rea-rea deui pangabisana.
Di leuweungna, lamoen maranehanana rek meuntas, lain dikieuna ati-atina teh, mimitina ditjoba-tjoba koe kolotna; lamoen sakira anakna teu bakal bisaeun miloe mah, tara djadi ieuh.
Lamoen rek nandjak ka pasir anoe neukteuk atawa goerawes, sok disengkedan heula koe gadingna baris paneteanana. Djeung rea-rea deui tingkah polahna, noe nembongkeun kapinteranana.
Demi tandang sok neuteuli kieu: Lamoen aja anak gadjah noe dipaehan, sababatoeranana pada ngarahna ka Si noe maehan teh. Lamoen doemadakan paninggaran teh naek, toeloej bae tangkalna disoengkoeran, digangsir atawa digadilan koe sihoengna atawa diteunggaran koe tarangna, nepi ka roeboehna.
Lamoen teu kaajah harita, dimana papanggih deui, sok toeloej bae dipinda deui.
Pirang-pirang dongeng-dongeng gadjah, njaritakeun kapinteranana Koe oerang Siem mah apan geuning diagoengkeun naker, lantaran aja asal oesoelna, malah bandera Siem mah make digambaran „gadjah poetih”. Radja-radja Djawa djaman