Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/58

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

baheula oge kawas njakitoe ngamoeljakeun kana gadjah, geuning boektina ajeuna oge di karaton Solo aja keneh kandang gadjah noe dimoelja-moelja pisan, di Karaton Soeltan Kanoman Tjirebon aja toetoenggangan sabangsa gadjah, noe diseboet „naga liman” tea, di pajoeneun sawareh kaboepaten saperti di Tjiandjoer di djoeroe aloen-aloen beulah kidoel wetan, aja hidji saroepa soemoer ditembok dipalihara, diseboetna „pamandian gadjah poetih”.

Dina palebah mangpaatna teu koerang-koerang noeloengna ka manoesa. Di tanah Malaka, tanah Hindi djeung tanah Azia mah gadjah teh dipalihara, minangka moending atawa koedana di oerang bae, nja eta sok dipake narik padati, dititah ngagoesoeran balok atawa tjatang-tjatang djeung sok bisaeun djeung ngentepkeunana, sok ditoempakan, samalah aja hidji radja di Hindi, ari angkat-angkatan teh sok dina gadjah karadjaan.

Moen oerang njeueungan gambar-gambar baheula, tjara gambar-gambar dina boekoe sadjarah poelo Djawa, karangan njonja Fruin Mess, radja di oerang oge baheula sok taroenggang gadjah.

Ieu tjonto hidji adeg-adegan basa Soenda djaman kiwari karangan hidji ahli basa, noe teu ngamomorekeun kana oengkarana Soenda asli.


VI

Ieu serat kabar lahir ka doenja, djadi panjamboeng tjatoer ngembarkeun ─ sorana Soenda. Tibarang Loetoeng-kasaroeng dipedar koe pakoempoelan Java Instituut, poesaka wedalan Soenda anoe meh kalen kapendem, broeh-breh miloe kagoear, katjaangan koe wahjoena Soenan Amboe, anoe toemoeroen ka pakalangan Pantja-tengah ka Soendaan. Ebrehna soegri anoe djadi boekti, boekana si gotaka Soenda, nja dina ieu serat kabar, pibariseunana. Nja ieu anoe baris djadi pamelaran, pangdadaran saniskara poesaka titinggal karoehoen di djaman boehoen, djeung anoe bari naloengtik latjak kabinangkitan anoe masih ajeuna eukeur ditintjak. Doepi anoe baris pingoengkabeun djeung anoe pintjoedtjroekeunana kaitoeng parentjoel, kokodjo Soenda geus rendang di oenggal tempat, nja arandjeunna anoe kedah ngoemboehkeun sadaja panemoe poesaka elmoe anoe masih batjatjar di mana-mana, sina moengpoeng moengpoeloeng sangkan liar tina sasoengapan, sarerea walatra kabagi rata, sanak kadang anoe bakal pingoendangneun.

Djisim koering teu seunggah teu wegah, ngamoedi ieu serat kabar reugreug pageuh nja hate toer pertjaja ka para mitra sadaja. Geus teu ad-ad teu asa-asa, henteu hamham-hamham atjan, menggah koering mah, tangtoe ieu serat kabar teh bakal djadi padoemoekan poestaka Soenda, njoemponan karep Java-Instituut, djadi silah anoe sakoelah-sakoelah djeung sadaja oerang Soenda.

Anoe ieu kapitonkeun nembe tjonto bae, engke ari saladjengna mah eusina oge baris diatoer deui, sing oelah doegi ka matak ganggarateun noe maraos. Laksana sapanedja.


VIII

Basa noe koerang malire kana oengkara basa, elmoe basana sareng atji-atjining rasa Kasoendaan.


Pihatoer ka sadaja paramaos.

Tina margi poen Pangarang nembean pisan ngarang ngadangding wawatjan, tangtos pisan seueur lepatna batan leresna, nja kitoe deui seueur awonna batan saena.

Koemargi kitoe disoehoenkeun ka sadaja para maos rido ngahapoenten kalelepatanana poen Pangarang.

Kalih perkawisna deui, noe mawi poen Pangarang koemawantoen koeroeng-karang ngagoerit ieu wawatjan, sanes pisan oemangkeuh oenggoel pangartos, teu eta

115