Laut | Laur, tasik. |
Angin | Anging, angin, reges. |
Hujan | Uran, nuran, ujan, tahiti, unran. |
Gelap | Kilap, sangelah, kilah, kilat, kila. |
Gunung | Toka, wukir, kuntung. |
Tetelar | Talun, rowar, ataran, padang. |
Jalan | lalan, lalang, palampangan, dalan. |
Imah | Waleh, baleh, warei, bareh. |
Kebon | Numa, uma |
Daun | Danuna, ranina, danina, daun, daon. |
Batu | Watu, batoe, batu. |
Manuk | Manu, manuko, manuk. |
Cai | Dano, rano. |
Eta babandingan kecap tiasa diwuwuhan ku babandingan rakitan omongan, nyaeta: Basa Indonesia golongan kulon, kecap anu jadi katerangan salamina cicing ditukangeun kecap anu diterangkeun ; sapertos:
Sunda: | Beas bodas |
Jawa: | Wos putih |
Madura: | Bherras pate |
Bali: | Beas putih |
Minangkabo: | Bareh putieh |
Batak: | Dahanon bontar |
Aceh: | bre putih |
Dayak: | bocah putih |
Eta babandingan anu ditataan di luhur, sadayana jadi ciciren, yen Basa Sunda teh aya di wewengkon Basa Indonesia bagian Kulon.
Ayeuna urang muguhkeun heula wawatesanana nu jadi dayeuh maneuh Basa Sunda, lembur matuh banjar karang pamidangan.
Pikeun netepkeun wawatesanana tempat hiji basa, hese kabina-bina, moal sabaraha bentena sareng nuduhkeun watesan Supitan Sunda ti beulah kulon : ,, tah’’ semet dieu ngulon Samudra Hindia, ka wetan Supitan Sunda”. Cik mangga tuduhkeun guratna.
Ieu oge dina bade netepekeun wawatesanana Basa Sunda, nya kitu. Margi basa teh lir upami cai sok awor pacampur sareng baturna, pacorok paala-ala sareng tatangga, eta heunteu matak gampil kana netepkeun watesna basa.
Wates Basa Sunda ti kulon heunteu bangga neangannana, margi parantos aya kakalang alam, nyaeta Supitan Sunda, nanging netepkeun kekenteng keur wates ti beulah wetan, nyirian lebah mana ngarandegna Sunda ditema ku Jawa, beulah ti kulon Sunda pituin, ti wetan Jawa tulen, tah upami kedah nuduhkeun wates anu kitu, hamo moal tiasa kapendak, da nyaeta basa the sok awor tea sareng tatangga. Patemana basa mah tara ngagentakm kedh mayat bae, sapertos basa Sunda ditemana ku basa Jawa, sanes : Sunda == Jawa, nanging : Sunda pituin….Sunda campuran, Jaware ==== Sundareh…, Jawa-camuran…., Jawa tulen.
Jadi upami didieu jisim kuring nyebutkeun “ watesna Basa Sunda” teh, sayaktosna langkung leres, upami disebat : sabet-sapon basa Sunda.
Wates Sunda beulah ti wetan anu ayeuna dianggap ku jelema lumrah: Cilosari ngidul lajeng ka Citanduy, dumeh Basa Sunda teh basana urang Pasundan, dupi watesna Pasundan ti wetan, nyaeta Cilosari sareng Citanduy. Nangin eta mah wates kanagaraan, sanes wates nu jadi kekenteng wewengkon basa. Dupi wates nu jadi kekenteng wewengkon Basa Sunda mah, ayana di wetaneun wates anu bieu, nyaeta kinten-kinten leresan Cipamali ka kidul mapay sisi Kali Tajem, malipir Jatilawang turut-turut Cisarayu.
Kawuwuhan Cipamali teh carek caturing pitutur, baheula jadi wates karajaan Pajajaran sareng Majapahit, ciciren ragragna saur Raka sareng Rai nu mentas galungan ngadi kasakten, didinya ngedalkeun ucap tunggal, “ saur ratu sabda pandita”, tegesna omongan anu teu kenging diletak deui, digantungan ku supata : “ pamali ngacak ka pentaseun Cipamali “, tug dongkap ka kiwari eta cai nelah Cipamali ceuk urang