Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/9

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Sunda; ari ceuk urang Jawa Kali Pamali.

Dina jaman ayeuna eta kekenteng anu dikentengkeun bieu geus moal pati tetela, hartosna heunteu pati nembres cara dina windu ka XVII, nalika jaman harita mah eta wates teh tetela keneh. Nanging dina waktos Sultan Agung Hanyokro Koesoema nimbalan Pahurekso ngarurug ka Batawi, harita aya 300 prajurit Jawa anu ditunda di bawahan afdeeling Cilacap ayeuna. Eta 300 prajurit tea alam harita sanes saeutik, kawuwuh bangsa anu nyepeng kakawasaan, tah anu mimiti ngudaran kasundaan di Afdeeling Cilacap. Sabab, najan tadina niat ditunda oge, nanging teu dicokot deui, dumeh Bahurekso kadeseh tea perangna. Eta prajurit anu 300, lajeng matuh bebenah didinya anak baranahan. Ayeuna di Cilacap anu Sunda keneh, ngan kantun belah kulon bae, babakuna distrik Majenang sareng Dayeuhluhur. Di karesidenan Pakalongan Basa Sundana nyinggetan ngeret ka kulon, ngan kantun afdeeling Brebes belah kulon.

Nanging ieu tempat-tempat anu kakurung kalang anu bieu tea, heunteu sadayana basana Basa Sunda, sapertos afdeeling Cirebon, Darmayu sareng Banten beulah kaler, urang dinnya basaba Basa Jawa Cirebon; malah urang basisir afdeeling Karawang kenging disebatkeun meh patengah bae sareng Jawa. Kajabi ti eta urang Batawi basana Basa Malayu Batawi.

Anu basana Basa Sunda tea, heunteu sadayana sarupi bae, sabasa salagam, salentong, anging dibagi-bagi jadi pirang-pirang dialek.

Hal perkawis dialek moal dilajengkeun didieu, margi aya pitempateunnana anu langkung merenah, tur aya pijelemaeunana anu langkung tabah mana jisim kuring kana bab dialek. Tah didinya bab dialek baris diwayangkeun dongkap ka imet.

Ku sadaya meureun katingali, yen rupi-rupi perkawis anu ditataan di luhur, sawareh parantos nuduhkeun “ Adegna Basa Sunda “, najan ku jisim kuring heunteu pok pisan oge disebatkeun, dumeh dihaja diwangun bubuka.

Ayeuna urang lajengkeun ditogmolkeun ngadadarkeun “Adegna Basa..” pisan.

Basa teh teu benten lir jelema, gaduheun dedeg pangadeg, pada mawa wanda “ kapribadian “, pada kancikan perbawa, ngan bentena sareng jelema teh, ieu mah katingalna sanes ku panon, upami ngarah teges kedah disasar ku rasa, kenging oge ditilik ku pikiran, dirucat ranjinganana. Jadi hal Basa teh kedah diaji ku elmu Basa; ngan moal atra upami heunteu dibarung ku rasana.

Bade diawitan ku nyarioskeun :

a) Kaayaan kecap-kecapna.

Kaayaan kecap-kecap Sunda ayeuna lolobana dua-dua sora, jadi kenging ngan disebatkeun hiji basa anu kecapna dua-dua sora atanapi dipondokkeun : “ Hiji basa anu dua-dua sora “.

Tangtos pisan loba kecap-kecap anu langkung ti dua sora, tilu sora, opat sora, malah anu lima sora oge loba. Nanging babakuna mah ngan dua-dua sora.

Upami urang manggih kecap anu tilu sora, sok torojol bae datang pikiran anu nanyakeun: “ Naha ieu teh Basa Sunda…”

Ana dihantem ditalungtik, bet meh patengan bae nu Sunda nu Sangsrit.

Kecap2 Sunda anu dua-dua sora tea, upama ku urang dipariksa ditengetan, diaji hartina, pek dirucat ranjingan sandi-sandina, loba kacida anu mantak heran, heran ku bebenangan sorangan direndeng-rendeng sareng panemu batur, buh beh asa kawenehan, reh tarembong, yen kecap-kecap nu magahkeun dua sora the, bet asalna pisan mah geuning sasora. Eta “sora” aya nu asal saengang, sapertos : a, e, i, o, u, eu sareng e’ (ieu oge a, i , e, sareng salajengna, ari enya-enyana mah asal dua engang) ; aya dua engan, sapertos : ha, na, ra,…sareng salajengna; aya nu asal tilu engang liket jadi hiji, sapertos : ca, kra, pya….sareng sajabina tea.

67