Kaca:Poesaka Soenda 1924-01-2(07).pdf/16

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

72
"maneh teh sing mangka yatna,
tangtu jaga kadatangan ku panyakit,
sanagara meh rek tumpur."
Lajĕng abdi teh haturan:
"Cing kumaha, kuring hayang ulah kitu,
sabatur kuring sadaya,
nyuhunkeun ulah kasabit."

73
Panyakit mangkana nyingkah,
ulah kungsi dongkap ka lĕmbur simkuring."
"Geus kitu, ajar teh nyaur:
"Hade, maneh diberean;
ieu tektek beuweung tuluy sĕmbur-sĕmbur,
kabeh ka opat madhab,
reujeung ka langit ka bumi."

74
"Eta sakitu, juragan,
keur purwana salamĕt sadesa abdi."
Ki Patih cĕngkat ngadangu,
piunjukna aki tea.
Aki kuwu Ci-bungur haturan kitu,
patih lajĕng enggal mulang,
rek hatur ka Kangjĕng Gusti.

75
Teu dicatur di jalanna.
Raden Patih eukeur ngadeuheus ka Gusti,
sarta bari hatur gugup:
"Sim abdi ĕnggeus mĕndak,
hiji desa, lĕmbur ki kuwu Ci-bungur,
salamĕt tina sasalad,
taya hiji anu gĕring."

76
Sangraja lajĕng ngandika:
"Eta naon sababna, Rahaden Patih?"
Ki Patih seug unjuk hatur,
pihaturna ka sang raja,
diunjukkeun sapihatur kuwu Bungur.
Ratu ngarenjag manahna,
ka ajar bĕndu teh teuing.

77
"Patih, maneh geura leumpang,
mawa batur, bopati jeung para mantri,
ngajugjug ka eta gunung,
ajar teh ku maneh ogan,
sing kabawa iringkeun ku batur-batur."
Gancangna Ki Patih mangkat,
barĕng reujeung para mantri.

78
Geus dongkap ka Gunung Padang,
tuluy calik jeung ajar geus papanggih.
"Ajar, sampean disaur,
ku Ratu; kudu gancang."
Pihaturna Ki Ajar teh ngan sakitu:
"Sumangga, ngiring pangĕrsa,
nanging niat jisim abdi,"

79
"rek nyanggakeun beubeunangan,
rupi dodol, bawang jeung kĕmbang saroni,
kĕmbang maalti sacungcung,
koneng tĕmĕn sarempan,
reujeung deui reundeu asalna ti gunung."
Tuluy miang sarerea;
ngaguruh sora nu ngiring.

80
Teu dicatur pangangona,
da geus ngarti sapanganggo bupati,
sapĕrti ayeuna kitu,
moal aya bedana.
Tunda heula ayeuna anu lumaku.
Ratu kĕrsa nyieun gagat,
ngadangdanan hiji sĕlir.

Aya sambunganana.

111