Kaca:Poesaka Soenda 1924-01-2(07).pdf/17

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Bintang Ĕmas

Hiji jalan geusan panggugah kabujanggaan!

Hiji jalan geusan panghudang ka tukang ngarang!

Kajabi ti pasang-giri (saembara) ayeuna aya deui pangjurung, pangdeudeul pamakayakeun pamakihikeun Java-Instituut, nya eta baris ngabintangan buku Sunda anu kapilih pangsaena, buku saha bae, kaluaran atawa citakan mana bae, hĕnteu tolih, sok mun alus, basana alus ungkarana, anu keuna anu ninggang kana ĕnyana, mĕrĕnah dina rasana udagan Java-Instituut. Dibintanganana ku hadiah artos f500,- estu wungkul hadiah ganjaran, panambah kauntungan ka anu kagungan damĕl, ka anu ngarangna:

LIMA RATUS RUPIAH.

Tur ka anu kagungan damĕl hĕnteu aya pisan naon-naona, ieu mah nawaeku nambahan untung, tawis bingah pangjurung laku.

Prung geura ngararang!

Pĕrlu diaos ieu sĕrat bewarana ti Hoofdbestuur Java-Instituut.

SĔRAT BEWARA.

Hoofdbestuur Java-Instituut parantos sabilulungan nangtoskeun yen dina unggal-unggal taun, baris ngahaturkeun hadiah (ganjaran) ka nu ngarang buku-buku basa Sunda, Jawa, Madura, sarĕng Bali anu katimbang sae basana sae ungkarana.

Unggal taun pikeun sahiji-hijina basa tea disayagikeun artos f500,- (Lima ratus rupiah), anu baris dihadiahkeun boh sadayana boh ngan sabagian bae.

Sugri anu kagungan karangan, atanapi anu ngaluarkeunana upami hoyong ngiring kana ieu balap hadiah, kĕdah ngintunkeun bukuna tea ka Secretaris Java-Instituut Laan Wiechert 13 Weltevreden.112