Kaca:Poesaka Soenda 1924-03-2(09).pdf/1

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
No. 9
Tahoen ka 2
Maart 1924

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

JAVA-INSTITUUT

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT : - SALEMBA 24 – WELTEVREDEN


Pangaosna langganan Poesaka-Soenda dina sataoen ti Juli d.k. Juni ƒ 3.-
Pangaosna hidji (sadjilid) Poesaka-Soenda, ngagaleuh ngeteng " 0.30
Pangaos samboeng-lajang (advertentie) dina P.S. sakatja " 20.-
Satengah katja . . . . ƒ 12½ Saparapat katja " 7.50
dina sakali kaloear.

Oepami ngalanggan samboeng-lajang langkoeng mirah.


Eusina P. S. No. 9


1. Oerang Badoej katja 129.
2. Asal moeasalna " 130.
3. Agamana " 131.
4. Poeoen " 135.
5. Hoema serang " 136.
6. Kalawoe " 136.
7. Wawatjan Babad Galoeh " 141.


Oerang Badoej.


Sadajana ogè tangtos parantos ngadangoe jèn di pakidoelan tanah Banten aja pagoenoengan aneo ditjitjingan koe oerang Badoej, nja eta bangsa oerang, noe toehoed sarta keukeuh pageuh njekel agem-ageman talari karoehoena ti baheula toeg tepi ka kiwari.

Nanging, sanadjan èta ketjap Badoej, parantos kaoetara ka mamana ogè, sakalieun ngaranna, manawi ari kana loma enja kana kaajaan djelemana mah, nja rèa anoe teu atjan, da poegoeh tempatna sakitoe sikloekna, sareng arang langka anoe soemaba liar ti padoemoekanana.

Soegri anoe parantos ngoembara di Banten babakoena di Serang atanapi Rangkas, kawas moal boa, tangtos parantos djongok sareng Badoej tèh, margi sok aja oetoesan (ondangan) Badoej anoe daratang ka Sèrang, di mana Kangdjeng Dalem ajeuna pèpèstaan. Ningal tagog, lègèg sareng adeg pangadegna moeng­goh oerang Badoej mah, lain-lainna deui sareng oerang pasisian noe lian, teu aja di maranehanana mah pajangkad-pojongkod kajap-kèjèp pangbaroeng doesoen teh ieu

129