Kaca:Poesaka Soenda 1924-03-2(09).pdf/2

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

mah èstoe djedjeg, njata naker djelema weuteuh anoe tatjan karandapan hama pangropèa deungeun tèh; tjatjak saendengna saba leuweung, arang mantra mantra ka nagara.

Dina rap-rapanana makè, èstoe sahinasna teu reuntjeum koe anoe matak sareukseuk; teu aja, basa kokoro njenang njokor naring­nang tjara ilaharna oerang paminggir tèh, ieu mah sawadjarna saplasna soeroepanana baè. Samping, badjoe, djeung totopong tinoenan tèa, boh bodas boh boelao, èstoe merenah lain beunang toetoeroeti, moen kai mah poeloekan, atjan ratja koe tapak nga­dèkan batoer.

Soepados ebreh katingali sadajana, mangga ajeuna oerang wajangkeun, tjoetatanana tina babon tjarios boekoe karangan toean Dr. Jul. Jacobs sareng J. J. Meijer, anoe parantos naloengtiic kaajaanana Badoej tèa (Bat Gen, XXI 1512)

Asal moeasalna

Oerang Badoej tèh kawasna moal lepat deui asal oerang Padjadjaran, anoe kalahoer ngantoenkeun karaton nalika dajeuh diran­jah koe balad Islam.

Nagara Padjadjaran, dajeuhna karadjaan Bramaija-Maisa-Tandraman (saoer Dr. Blume) ajana di palebah Bogor ajeuna. Weweng­konna sakoeliah Pasoendan, ti Banten dongkap ka wètaneun Tjirebon. Oerang Tjirebon koe­doe majar oepeti tarasi oenggal taoen. Anoe njepeng kakawasaan di Banten alam harita pangkatna Poetjoek-Oemoen. ieu teh sanès djenengan, tapi ngaran kaloenggoehan: har­tina: kapala noe dipigoesti, sadèrèk (poetra) Praboe Siliwangi Radja Padjadjaran panoetoeop.

Dina katompèrnakoen windoe ka lima welas, sareng dina wiwitan windoe ka genep welas, agama Islam njaliara di Soenda, Tjire­bon Banten sareng basisir kaler parantos ragrag kana kakawasaan Soenan Goenoeng Djati; bawahan Padjadjaran kasosok ti Koelon ti Wètan ti Kalèr sareng ti Kidoel, dikepoeng boewaja mangap.

Barang parantos singget, njangkèwok kantoen tengahna, nembè dajeuh Padjadjaran diroe­roeg koe balad Banten.

Anoe djadi Senapati Padjadjaran djenenga­nana Praboe Sedah poetra Siliwangi, kaoetoes mapag moesoeh noe ngaroeroeg. Nanging kadèsèh, kapaksa moendoer. Kangdjeng Preboe Siliwangi sareng sadaja eusi karaton anoe toehoe satija ka radja, lolos ngantoen­koun nagara, sedih tanpa tanding ngoengsi tepis wiring njorang leuweung leowang­ liwoeng, njalindoeng di goenoeng Kendeng, njingkahan bahja salira.

Berejek oerang Islam nompoek dajoeh, ngarandjah eusi nagara, nanging kadaton kasondong geus kosong.

Kangdjeng Preboe Siliwangi sabaladna ma­bakan di goenoeng singkoer mandala singkah anoe taja petana kasaba koe djalma lian, nja èta di Tjibeo tjikertawana anoe nelah diseboet koe oerang ajeuna Badoej tèa.

Anoe djadi saksi sarta ngaenjakeun kana toetoeran anoe bieu, lian ti raratan sadjarah, sareng dongeng-dongeng sasakala, (Tingali P. S. No. 7), aja deui nja èta noemoetkeun papajan dina tjarita-tjarita pantoen, tjarita anoe natrat teu aja pegatna di kolot di boo­dak di awèwè di lalaki; teu aja deui anoe djadi sendèn kalèmèkan, ngan Padjadjaran katjapanganana; Siliwangi anoe djadi poepoehoenan, moenggoeh di oerang Badoej mah.

Oerang Badoej tarabahna kana pantoen, kana mantoen teh lantjar ka tjarita tjarita­na digalantangkeun apal sagala djelema, kawas langkoeng ti bangsa Djawa. kana wajang.

Doepi pok-pokanana pantoen, Badoej; boh tjaritana (lalakonna) boh basana ata­wa haleuangna, teu aja béntenna ti pantoen di Priangan atawa di Soenda noe lian. Ningal ka dinja tètèla Priangan sareng Badoej téh pada sapalajangan asal Padjadjaran tèa. Ko­mo oepami nilik kana angkeuhanana, ang­keuhan Soenda anoe biasa, koe sapagodos pisan sareng oerang Badoej, nja eta pada ngarep - ngarep Ratoe Soenda, anoe ba­kal loemoengsoer ti Kahiijangan ngadeg Ra­dja Kasoendaan, moerba di sadjagat Soen­da. Tjeuk oerang Badoej, anoe bans rawoeh ngageugeuh Soenda tèh taja lian djaba ti Siliwangi, ratoe Padjadjaran panoetoep anoe langgeng teu keuna koe adjal tèa, oekoer pindah alam kana ngahijang heula, engkè ­bakal toemoeroen deui ka lahir ngagelar bandèra Soenda, tjenah.

130