Kaca:Poesaka Soenda 1924-03-2(09).pdf/3

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Tjindekna oerang Badoej mah soemoe­djoedna ka Padjadjaran tèh èstoe pageuh soemarambah dina njawana soemerep kana getihna, èta djadi tanda anoe ngaenjakeun kana asalna tèa. Malah aja tambahna anoe nètèlakeun tibelatna atina ka Siliwangi, kieu: Dina hidji mangsa Soeargina Kangdjeng Boepati Rangkas Radèn Adipati Soeria Nata Ningrat angkat ka Badoej, sareng sareng toean Meijer anoe nalika harita djadi Kontrolir.

Oerang Badoej nampana djeung pangakoena ka Kangdjeng Boepati tèh. ih biasa ka sasamana baè mimitina mah, teu aja pisan bèdana. Kabeneran aja hidji oerang Badoej anoe djadi kokolotna, ngaranna Ki Djasma, keur ngararioeng tèh pok naros ka Kangdjeng Dalem naroskeun ti mana asal- oesoelna, toeroenan saha; teu euleum euleum ngedalkeun kapanasaranana tèh.

Koe Kangdjeng Dalem paralak ditjarioskeun jèn andjeunna toeroenan Tjiandjoer, sarta ladjeng ditataan roendajanana mapaj ka poehoe, doegi ka Preboe Siliwangi, anoe ngasta karadjaan Padjadjaran.

Ki Djasma bengong hookeun ngoepingkeun toetoeran Kangdjeng Dalem kitoe tèh, meu­reun teu ngira teu njana, sarta satoetasna Kangdjeng Dalem ngadawoeh kitoe, kèlèsèd Ki Djasma toeroen, sarta geledeg baè loempat njampeurkeun batoer-batoerna, hariweusweus alèwoh njaritakeun dawoehan Kang­djeng Dalem tèa.

Sapada harita broel baè Badoej-Badoej anoe sèdjèn tèh pada „ngadeuheusan,” anoe tadi api lain teu barang pirosèa tèh, ari geus ngadèngè jèn èta tamoe toeroenan Siliwangi mah, rob baè ngaronom pating so­londo darioek, padesek-desek èbrèh dina beu­ngeutna sari adjrih, bangoen sono bangoen deudeuh, sawarèh mah marahmaj bawaning boengah; hih sèmah anoe sedjèn mah geus teu dihiding, ieu baè geugeut ka Poetra Pa­djadjaran tèa.

Tah sakitoe mitoehoena goemoestina ka loeloehoerna, moenggoehing oerang Badoej mah.

Naon margina anoe mawi eta djelema ­djelema diseboet Badoej, apan ari enjana mah bangsa oerang, pitoein oerang Soenda asal Padjadjaran ?

Tah, kana raratanana pang dipingsalkeun kitoe, nepi ka siga misah bangsa ti anoe lian, geus rèa anoe maparin katrangan. Tjeuk sawarèh, eta ketjap Badoej tèh tina asal ngaran tempatna di dinja Tjibadoej, pedah ajana deukeut ha hidji waloengan anoe ngaranna Tjibadoej.

Tapi kawasna, èta mah waloengan boga ngaran kitoe tèh, pandeuri, sanggeus djele­ma oerang dinja disareboet Badoej tèa.

Tjeuk sawarèh deui Badoej teh asal tina ketjap Boeda, anoe lila-lila robah sorana djadi Badoej.

Ieu ogè teu soeroep kana lelemboetan, ari lantaranana, naha aja robah sora soso­ranganan, apan ketjap Boeda dina agarna ­Boeda, djaman Boeda, dj.s.t. geuning teu robah djadi Badoej?

Aja deui anoe maparin katrangan, madjar asal tina ketjap Badoejoel, pèdah aja tangkal badoejoet, tjenah, di lemboer atawa kam­poeng anoe ditjitjingan koe oerang Badoej tèh.

Nanging da èta ari maranèhanana pnibadi mah henteu boga ngaran lemboer Badoej, da padoemoekanana mah lain kitoe ngaran­na, teu aja oeroet-oeroetna atjan lemboer anoe boga ngaran lemboer Badoej mah.

Djadi kawasna tètèla èta mah ketjap Badoej èta pamojok oerang Islam, pèdah teu anoet ka agama Rasoel; toeloej baè dieunteupkeun ka bangsa Arab di Mekah, anoe sok ngagalaksak di sahara tea, anoe biasana disareboet Badoei. Tina Badoei ana pindah kana lètah Soenda djadi Badoej, Ari èta Badoej tèh, asal tina ketjap Badoe, atawa badaw, hartina: sagara keusik. Djadi Badoei tèh, tegesna: oerang sagara keusik.

Agamana

Tangtos pisan koe sadaja ogè oedjoeg ­oedjoeg kagalih baè, jèn oerang Badoej tèh agama Boeda, nja eta ageman oerang Pa­djadjaran samèmèhna kalindih koe Islam.

Nanging oepama koe oerang èta anoe oeninga ngedalkeun ketjap Boeda tèa disèsèr koe pananja; koemaha tèa agamana tèh?

Tah pikeun nalangan anoe koedoe nga­walon eta, perloe oerang dadar koemaha agemanana Badoej ajeuna.

Oerang Badoej boga sahadat sorangan panjangtjang imanna. Maranehanana pertjaja jèn "hiroep" djeung lara-bagdjana teh, èta

131