kapoerba koe anoe wisesa, nja eta daja anoe teu kahontal koe netra. Soegri anoe koemelip teu aja anoe ingkar tina kawasana maha wisesa tea. Nja ieu anoe koeoerang Badoej dipoedja disembah-sembah; ilaharna di dinja digelar Batara Toenggal, ngandoeng harti Pangeran anoe teu doea teu tiloe, moerba di rat djagat wawajangan.
Harti, toemerapna rasa kana eta susembahan, teu bina ti bangsa lian, sapatotos teu geseh ti anoe sejen, rnalah koe sapalih oerang Islam dihaminan, iman Badoej ka Pangéran, njata teu mi-Allah doea.
Tapi . . . . . nadjan poko anoe djadi harti maranehanana kitoe, enja pada njakseni jen eta anoe Kawasa teh lain maoedjoed anoe nembres djoenggerengna, ngan koemandang dina tjipta, jen njata wisesa tea, kawasa ngamoedi hiroep djeung hoerip, moerba soegri noe goemelar; tapi tah sanadjan kitoe . . . . . da loembrah harti koedoe goeroe boekti tea, moenggoeb ‘koe anoe miboga eta agem-ageman, toeloej bae diwoedjoedkeun, dianggap boengkeuleuk aja ragaan, tjara kahanan manoesa.
Lantaran ka dinja dilojogkeunana, pagah Batara Toenggal teh djelema, aja katjoea kasoeka, malah antekna rnah make katerap koe djoerig koeris sagala, toeloej bae digaroegoe ditariroe, emboeng ditjatjaran da Batara Toenggal ge henteu, tjenah.
Tina anggapan ieu, nja ngaroendaj kana adat patjadoean, naon-naon anoe tara djeung henteu karandapan koe Batara Toenggal, moeggoeh di Badoejna djadi ,,boejoet”, toemerap dina kapertjajaan pageuh teu beunang diobah.
Batara Toenggal tara toempak koeda; oerang Badoej boejoet (tjadoe) deui, komo ari kana toempak kahar mobil kareta api mah, da Batara toenggal teu oeninga-oeninga atjan. Eta margina anoe mawi oerang Badoej mah rea pisan patjadoeanana, teu wasa basana kana naon-naon anoe djadi pantrangan teh, saperti kana: matja, noelis, sore dina randjang, toetoempakan, make papakean sedjen, dj. s. t. kabeh teu wasa, tjenah.
Lantaran Batara Toenggal geus aja dina sangka mangroepa djelema tea, nja toeloej diroendajkeun apoepoetra apoepoetra, nepi ka ragrag ka Poeoen.
Poeoen Tjikeusik kakara 18 toeroena ti Batara Toenggal, kieu salsilahna:
1. Batara Toenggal, poepoetra Batara Patamdjala, apoepoetra. Dalem Djanggala, ditema koe Aki Heulang Ngambang, toeroen ka Poeoen Kaisbah, toeroen ka Poeoen Sadan. Poeoen Sanika, Poeoen Mangger, Poeoen Raji, Poeoen Dongget, Poeoen Waksir, Poeoen Tarsi, nja ana ditema koe Poeoen Djarmah, Poeoen Tjikeusik dina taoen 1891, ari Poeoen anoe ajeuna anak atawa intjoe eta.
Ari Poeoen Tjibeo toeroenan ti Dalem Poetih poetoe Batara Toenggal anoe istri.
Poeoen Tjikartawana nja toeroenan Batara Toenggal keneh, ti poetra anoe djenengan Dalem Legoendi. Djadi dina hartina, Batara toenggoel teh anoe moerba saalam doenja tea, koengsi ngaraga manoesa sarta dina rnangsana keur-djoemeneng, atoeh nja toeang, koelem, tani, kagoengan garwa, kagoengan poetra, sok dagang biasa oesaha djelema bae, sarta sok gering katerap panjakht deui, an toengtoengna . . . . . poepoes, moelih ka . . . . . Batara Toenggal kèneh. Kitoe dina imanna.
Kadjabi ti pertjaja ka Batara Toenggal, maranehanana pertjaja ka Sang Hijang-Sang Hijang anoe pada karagoengan geugeuhan.Oenggal lemboer, oenggal goenoeng pada aja Sang Hijangna.
Ari paloenggoehanana eta para Hijang teh teu tebib ti dinja, ajana di deukeut sirahna waloengan Tjioedjoeng djeung Tjisimeut (Tjiparahijang) anoe ngaranna geus kawentar diseboet: Artja-domas tea.
Artja-domas teh dianggap koe oerang Badoej tempat soetji, anoe beh ditoeeun soetji, anoe dipoendjoeng dipoesti-poesti. Aja naon di Artja domas teh, djeung koemaha kaajaanana di dinja teh?
Eta Artja domas teh hidji tempat di tengah leuweung loewoeng-liwoeng, meh teu beunang disaba koe djelema, dalah oerang Badoej oge ari lain dina mangsana mah teu meunang daratang ka dinja, ngan sakali sataoen dina boelan ka 5 ka dinjana, arek ngabersihan eta tempat, kitoe oge koedoe bari memendekan.
Dina boelan Djoeli tanggal 5 taoen 1864 toan Koorders geus soemping ka Artja domas, sarta njarioskeun pamendakna kinten-kinten kieu: