Kaca:Poesaka Soenda 1924-03-2(09).pdf/7

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Imah Poeoen anoe pangkidoelna njanghareup ngalér atawa panggirangna njanghareup ngalér, teu meunang aja adegan sédjén sakidoeleunana, ari imah oerang djero anoe sédjén ngadjadjar djadi doea baris, sisi koelon djeung sisi wétan, sabangoen sapotongan saatoeran. Ari di toengtoeng beuah Kidoel aja balé njanghareup ngidoel, djadi pahareup-hareup (paeunteung-eunteung) djeung imah Poeoen.

Satoekangeun balé beulah katoehoe aja imah lisoeng disaoengan. Oenggal toekangeun imah aja leuit.

Imah-imahna méh saroea baé djeung imah oerang Soenda di pagoenoengan (pasisian), tihang kai dibilik, hateupna kiraj, woewoengna koe indjoek, kolong imah loehoerna 1 m dipaké parandjé. Paranti toeroen oenggah ka imah maké papanggé. Ka hareupna maké tepas atawa émpér. Sisi papanggé koedoe baé naranggeuh lodong atawa kélé dieusi tjai.

Pantona rada pendék djeung singget (nja tjarapanto imah oerang sisi baé) tengah imah ngoblog, di dinja ajana pakara, gedogan, woeloekoe, patjoel, papakéan, dj. s. t. raweuj biasa pabalatak. Di sisi bilik toekang beulah kéntja aja parako, di sisi beulah Kidoel aja samak ngagebar djeung anggelna, (didjedjelna lain koe kapoek, tapi koe siki kapas ditjampoer kararas), nja ieu enggonna paragi saré. Salawasna oerang Badoej mah saréna koedoe njanghoeloe ngidoel.

Dina para seuneu koedoe baé aja koessi (bangsa salipi, kanéron) ngagantoeng, anoe didjieunna daoen tjangkoeang dianjam, nja éta wadah oejah kaboejoetan.

Di djero imah moelek koe haseup, pararoék, da ngan aja lolongok baé hidji, dina bilik toekang bangoenna pasagi disarigrig koe awi, anoe minangka djandélana téh.

Dina bilik koedoe baé aja keris djeung gobang. Dina pamidanganana (galar) sok aja eunteung leutik noe alihan téa, paranti awéwé ari ngaloeis.

Imah Poeoen ogé nja tjara kitoe baé ngan leuwih gedé. Ari éta balé téa pandjang, roebakna 5 m langgongna 3 m, gawéna paragi koempoelan, paragi rioengan, paragi mantoen (soekan-soekan minangkana), paranti hahadjatan, moetoes perkara djeung sadjaba ti éta (tingali engké di pajoen). Pantona doea kéntja-katoehoe. Panto anoe hidji leuwih loehoer batan anoe hidji deui, nja ieu paragi asoep Poeoen, di djerona ogé maké doea hambal, sapotong loehoer sapotong handap, kira-kira 3 dm oempakanana; dina bilik toekang lolongok pasagi mingka djandéla.

. . . . . .

Poeoen

Pangkat Poeoen téh toeroen-toemoeroen tjara boepati, sarta anoe digadang-gadang pipoeoeneun koedoe geus ditangtoekeun koe Poeoen keurna hiroep kénéh.

Poeoen bogana bodjo sabisa-bisa oedoe ka anak poeoen deui ti lemboer sédjén; sarta salawasna koedoe boga pamadjikan, lamoen bodjona maot koedoe eureun tina djadi poeoen, sabab boga bodjo mindo mah, tara, nadjan éta mah lain boejoet, tapi geus djadi adat, tara tjroek-tjrék tjara oerang; éta téh kabéh oerang Badoej mah kitoe, lain ngan poeoenna baé; teu aja, noe boga popotongan, maroe atawa basa téré téh. Poeoen anoe djadi Boepatina, ngaheujeuk nagara ngahiras djadi kapala agama, anoe nanggoeng beubeurat djiwa sabawahanana.

Meureun pareboet pada hajang kapilih djadi Poeoen moen di oerang mah!

Henteu, oerang Badoej mah! Nadjan Poeoen anoe djadi ratoena, pangmoeljana pangkawasana, tapi réa anoe tjeurik ari kapilih kana djadi poeoen téh, tampolana aja anoe minggat mitjeun manéh, tjara Ki Djapar oerang Badoej anoe aja di kaboepatén Sérang. Ari lantaranana, nja éta tina inget kana tanggoenganana kana beubeuratna kana papaitna anoe djadi wadjibna.

Toemerap dina rasana papait anoe djadi Poeoen, koedoe djadi wawakil Batara Toenggal téh, koedoe ngaraksa djeung nangtajoengan djiwa sapangeusi Badoej. Lain deui djeung di oerang, djelema téh ngan haripeut inget kana mamanisna woengkoel.

Poeoen ngadjalankeunana pamaréntah dibantoe koe Girang Seurat anoe minangka papatihna (lain secretaris), djeung koe pangasoeh kokolot.

135