Kaca:Poesaka Soenda 1924-08-3(02).pdf/1

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
No. 2
Tahoen ka-3
Augustus 1924

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

:-: JAVA-INSTITUUT  :-:

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT: – SALEMBA 28 – WELTEVREDEN


Eusina P. S. No. 2.

Pihatoer Redaktie katja 17
Boepati Soenda moenggah hadji " 18
Babad Kian Santang kenging A. Ganda Prawira " 19
Panaloengtik kaajaan Djawa baheula " 24
Baheula " 28
Salsilahnna Radja-Radja Padjadjaran " 28
Ngalana " 29
Ngadjadjah Pasoendan " 30
Saembara " 31


Pihatoer Redaktie.

Ti ngawitan P. S. ieu, redaksi baris njanggakeun kagegelan ka para langganan sadaja, hatoer loemajan pikeun tatali karaketan galih sangkan oelah kamalinaan dina batjatjar keuna koe renggang, enggoning ngagoear poesaka warisan loeloehoer Soenda. Ieu ajeuna kasanggakeun potrét Radén Adipati Aria Wiranatakoesoemah Kangdjeng Boepati Bandoeng, anoe nembé rawoeh ti Mekah. Anoe mawi diheulakeun, réh biasa oerang sok merloekeun ngaras ka anoe nembé moelih ti hadji, peupeuriheun djongok oerang téh henteu tina kahalangan koe anggang téa.

17