Kaca:Poesaka Soenda 1924-08-3(02).pdf/2

Ti Wikipabukon
Aya masalah dina nalika nguji baca ieu kaca

Engké ka pajoen baris ditoengtoet potrétna para boepati anoe sanés sareng para boedjangga kokodjo Soenda dilebetkeun kana Poesaka Soenda pikeun tawis sotja.

Boepati Soenda moenggah hadji.

Radén Adipati Aria Wiranata Koesoema nembé rawoeh moelih djarah ti Mekah. Henteu kantos lima sasih lamina andjeunna njelang ngantoenna damel, geusan njoemponan kaperloean moenggah hadji téh.

Koe lantaran aja Boepati anoe njepeng kénéh damel djengkar ka Mekah — ieu téh sajaktosna perkawis anéh . . bet koering kahoedang kana émoet ka alam 3 taoen kapengker nalika Kangdjeng Pangéran Aria Soeria Atmadja, Dalem Soemedang pangsioen djarah ka Mekah téa.

Koering émoet kénéh basa sakotji kagoengan Gongsol nengah madjoe ka kapal, rék mapag pangagoeng noe nembé rawoeh.

Kangdjeng Pangéran loengsoerna kana tangga anoe parantos disajagikeun tawis kahormatan (statietrap), katingal loengsé pisan, malah kiwa tengen disangkéh, nanging wiloedjeng teu sawios-wios loemebet kana sakotji, ladjeng linggih kedah digandjel koe bantal, nja kitoe deui Djoeragan Dipati (Dalem Istri).

Koe margi sakotji njewoek katebak angin ngageleboeg, dongkap ka déngdék, Kangdjkeng Pangéran teu iasa toemaninah tjalikna, kedah bari rada nagog, nangankeun anjeun nahan salira, atoeh teu kinten ripoehna, sakitoe mendoeng dipadjengan, soepaja oelah kapentrang teuing koe panas anoe sakitoe ngentak-ngentakna.

Rawoehna ka darat parantos njondong anoe mararapag, djamaah anoe darongkap ti heula, malah pangagoeng anoe ti Boeloengan téa ogé djeung garwana aja harita di dinja, nja ladjeng angkat njatjat kinten saparapat djam lamina, dina keur noedjoe panas poé mentrang-mentring pisan.

Kangdjeng Pangéran kasawatna madjeng kana senang, malah éndjingna mah katingal teu aja sawios-wios. Tilas tadi ngaraos palaj dina kapal sakitoe lamina, toer salira eukeur teu damang, kawoewoeh koe saoem anoe sakitoe leketna, atoeh sakalintang ripoehna, nanging ajeuna katingal kantoen senangna.

Nalika njarios sareng sim koering, teu siga-siga anoe mentas atawa eukeur teu damang, éstoe tatag perlenté pisan, njarioskeun pamendakna perkawis kaajaan Tanah Hindia dina taoen-taoen anoe ahir. Sareng anjeunna ngadadar anoe diadjam koe manahna tina roepi-roepi atoeran anoe baris dioendjoekkeun ka radja Mekah, soegri anoe kagalih pimangpaateun ka djamaah-djamaah, nja babakoena pisan ka djamaah oerang Soenda, sarta engké di mana anjeunna geus moelih ka Djawa, baris dioendjoekkeun ka Pamaréntah.

Isoekna deui panoengtoengan koering tepang sareng Kangdjeng Pangéran, toenggang mobil kagoengan Radja Mekah. Saméméh éta mobil ngambah sagara keusik, di mana engké geus ngaliwat gapoera Madinah (Medinapoort) nja lirén heula di pajoeneun Kagongsolan, teu tebih ti katja-katja téa. Kangdjeng Pangéran nganggo anggoan ihram, sarta teu lirén ngaos "manasik" basa Soenda, anoe diserat koe aksara Arab, nja éta toedoeh djalan ka Tanah Soetji.

Saparantos andjeunna ngoenggoet maparin tabé ka koering, dek deui baé ngaos kitab téa. Teu lami mobil geus ngadioes, keboel moelek pengkereunana kawantoe njorang djalan keusik. Harita téh anjeunna pamit pédah badé papisah, ari sihoréng bakal patilar ngantoenkeun ka moektén doenja deui. Margi sakoemaha anoe parantos kaaroeninga koe sadaja, teu lami deui ti barang anjeunna rawoeh ka Mekah, ladjeng kapioehan, lantaran teu kiat koe hawa, réh harita di dinja keur noedjoe oesoem panas pohara pisan. Heuleut sadinten sawengim Kangdjeng Pangéran poepoet joeswa moelih ka Kalanggengan.

18