Kaca:Poesaka Soenda 1924-08-3(02).pdf/3

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Kangdjeng Raja Hoesein metakeun hohormatan tawis ngagoengkeun ka anoe poepoes, nja éta nimbalan Militér sareng pagawé Masdjidil Haram ngiring ka koeboer. Sadaja djamaah oerang Soenda harita pada ngiring ka koeboeran deui.

Samoekawis anoe koe Kangdjeng Pangéran Soemedang parantos diadjam bakal didjalankeun dina salebet andjeunna djarah ka Mekah téa, henteu iasa kalaksanakeun.

Éta kahojongna anoe sakitoe agengna nja dibeuratkeun ka para boepati nonoman anoe joeswa keur meumeudjeuhna, anoe bakal djararah ka Mekah. Salah sawios tina éta anoe sasat kapasrahan téa, nja Kangdjeng Dalem Bandoeng ajeuna, anoe ... potrétna dilebetkeun kana Poesaka Soenda.

Kangdjeng Dalem Bandoeng angkatna ka Mekah dina mangsa anoe mingsal ti biasa. Nja éta dina waktoena kaagoengan karaton Mekah katjida nambahanana, réh parantos sataoen Radja Hoesein bin Ali ngadeg Chalief, sareng sawangsoelna ti éta ninggang mangsa djamaah kataradjang katjida kasangsarana, kabalangsakna langkoeng-langkoeng ti sasari, lantaran koe réa-réana anoe maroenggah hadji (Ti Hindia Nederland sareng ti Malaka woengkoel djoemlahna djamaah aja 48000 djiwa).

Sadajana parantos aroeninga jén Kangdjeng Dalem Bandoeng, Rad. A. A. Hadji Moeharam[1] sababaraha kali ditampi ngadeuheusan koe Radja Mekah, malah matak boengah pisan pédah anjeunna koe Radja parantos dipaparin bintang anoe pangloehoerna, anoe biasa djadi gandjaran ti karadjaan Mekah.

Koe margi pangaoelaan Bandoeng parantos seueur anoe kaoeninga sareng andjeunna parantos ngiring ngarandapan kasoesahanana perdjalanan djamaah, boh di djalanna boh di Tanah Soetjina, pamoegi-moegi baé éta loeangna téa tiasa ... ka oerang dieu.

Émoetan koering kawas pimangpaateun oepami sadaja pamendak Kangdjeng Dalem Bandoeng téa koe anjeunna ladjeng diboekoekeun, basa Soenda anoe bakal pikahartieun koe djelema loba.

Henteu kedah inggis, bilih padjar ngabolékérkeun rasiah-rasiah di ditoe, da sadaja ogé di Hindia pada terang koemaha kaajaan di Tanah Soetji téh.

Koe margi anoe kagoengan karangan, (Dalem Bandoeng) ngiring ngarandapan kasangsaraan téa, geus sasarengan sareng djamaah anoe réboe-réboe, katoeroeg-toeroeg anoe tangtoe oeninga leres kana sabab-sababna pang moenggah hadji koe oerang dieu katjida diloehoengkeunana, sanadjan sakitoe waloeratna sakitoe sangsarana, geus moal boa pépélingna bakal aja tapakna, sarta bakal ditaroeroet piwoeroekna, naon anoe koedoe disingkahan dina enggoning ngalampahkeun moenggah hadji téa.

Panoetoep ieu karangan disarengan koe pamoegi-moegi, soepaja Kangdjeng Dalem Bandoeng iasa ;aksana ngadjalankeunana damel anoe bangga téa, maparin obor, geusan njaangan atina anoe rék maroenggah hadji sapengkereun andjeunna, sanadjan ngan oekoer ka djelema-djelema anoe ti sawewengkon kaboepaténna woengkoel ogé.

E. G.

Weltevreden, Augustus 1924.

Babad Kian Santang
kénging A. Ganda Prawira.

Djisim koering noewoen paraloen amit njatoerkeun galoering tjatoer lalakon anoe baheula, kenging mĕtik tina babad noe geus disĕrat koe boedjangga djaman koena, nanging hĕnteu dijajaj dipandjang-pandjang satjĕplekna noemoetkeun babad tea, kawantoe itoe mah wawatjan geus tangtos djalanna tjarios poengkal-pengkol kababantoen koe patokan dangdingan, koedoe noeroet kana lagoe ninggang kana wirahmana, ieu mah oerang boedjĕng enggalna bae ngarah ringkĕs teu matak kĕsĕl noe maos.

19
 
  1. Kabiasaanana hadji-hadji téh di Mekah dilandi koe ngaran anjar, pada dibaréré piagemna noe ditanda koe Moefti Imam Sjafiie. Nanging Dalem Bandoeng mah sanés dilandi koe djenengan anjar, ieu mah saparantos djadi hadji téh mageuhan djenenganana keur moerangkalih.