Lompat ke isi

Kaca:Poesaka Soenda 1924-08-3(02).pdf/4

Ti Wikipabukon
Aya masalah dina nalika nguji baca ieu kaca

Anoe badè ditjarioskeun di dieu raratan wawatjan, nja èta lalakonna Praboe Kian Santang. Kawasna menggah oerang Pa- soendan mah soemawonten di Priangan kana eta djenengan tèh moal pati aja noe bireuk, tina geus kakontjara ti babaheula- na, nanging seuseuëurna oeninga di djēnē- ngan teu terang di papajanana, kawan- toe djaman kiwari tèa bae, djati kasilih koe djoenti, katandasa rasa kapèlèt koe barang anjar, nepi ka loer nolas kana ti- tinggal karoehoen, djongdjon tonggoj mi- kadeudeuh barang deungeun; doegi ka lat lali teu èmoet-èmoet jèn di oerang seueur boekaeun titinggal anoe baheula. Doepi menggah djalanna babad tèa, di oerang tara dioeni boelan tanggalna, sa- nadjan di Eropa ogè sok seueur baè pa- tjèngkadanana, tjèk ieu kieu tjeuk itoe ki- toe. sok komo deui di lebah dongéng oorang mah geus tangtos seueur dor-dar pabèntar- na, sèwang-sèwang pada mawa losang ka terangna, koe inargi èta henteu djadi hèran oepami ieu tjarios noe badè dipēdar teu sami sareng pamendak noe lian, kawantoe geus djadi dongèng sanès sadjarah anoe poegoeh dapoerna poegoeh ringkoek ti ditoena. Awitna tjarios kieu: Praboc Siliwangi noe ngaraton di da jouh Galih Pakoewan, ngaradjaän na- gara Padjadjaran, kagoengan poetra anoe djenenganana Pangèran Gagak-Loema- djang djoedjoeloek Gagak-Locmaioeng ata- wa Kian-Santang. Eta radja-poetra geus katjöloek kaawoen-awoen kawentarkeun gagah rongkah pangawasana, djaman hari- ta di P. Djawa geus kakontjara teu aja doea noe sakti lir Gagak-Loemajoeng, tjin- dekna satria lalanang dingat noe teu boe- toch pangaweroch moal ngoejang panga- bisa; noe katjelock wedoek sadajana geus taraloek, noc barēdas rongkah teu aja da- jana; saha djalma noe wani ngoenghak djapakan. geus oelah ngarepkeun bakal njaho di pagèto, da ngalawan moal aja anoc bisa njangga poelia, ngan kari pasrah soemērah ngadago-dago kana dawoeh ata wa tinggal sabar nganti-nganti pangam- poera. Dina hidji waktos Pangèran Gagak-Loe- madjang kagoengan èmoetan palaj ningali getihna koe andjeun, tapi moenggoeh di P. Djawa mah taja petana mendak noe baris iasa ngajonan andjeunna, tina geus garoeng taja noc wantoen tea. Manahna kitoe woewoeh lami woewoeh mangën, koe- mentab njongkab palaj geura prak mětjak djadjaten, hojong geura aja lawan taroeng djeung sasama geusan pamoenah rasa, oe- lah sakti tanpa boekti, sok hajang geura poegoeh njangoeloena. Tina bangēt pang- djoeroeng napsoena perbawa adji kasak- tianana, andjeunna koetatang kotètèng ma- paj-mapaj ka oenggal djalma saha manoe- sa noe kakontjara èimoena geusan adoe parang tanding tea. Tah kitoe moenggoeh përwatekna adji- an noe teu dibaroeng koe. lemah lēmboet téh sok noengtoen ka noe teu oeroes, da teu dipager koe galih anoe sadjati, tjlik poetih-tjlak herang tèa ieu mah kahajang- na sok sawenang-wenang; da ari aloesna mah koedoe ditangtajoengan koe wahjoe ambèh mocloes toemindak sabar darana. Tina kitoona aja sēlēnting bawaning angin kolébat bawaning bèdja. Pangeran mendak tjarios, pagar di dajeuh Mekah nagara Arab aja hidji djalma noe sakti, pinoedjoe nandjoeng gagah rongkah tan- pa tanding, malah diseboetna ogé Matjan Allah atawa Pedangna Rasoeloelloh, kë- kentong ti balad Islam, djanenganana Ba- gènda Ali. Menggah di lebah Kian-Santang mirêng wartos kitoe-kitoe, bingah noe tanpa wi- langan asa ditondjok tjongtjot direwah- keun koeang-koeang baè, tjèk paribasa tèa mah, manahna soemèrèdèt koe hojong geu- ra sèg ngajonan djago Arab. Gantjangna tina amarah geus teu kawadahan, tambah lila tambah ngentab asa dipapanas koe tjarios, leos baè andjeunna ngantoenkeun Padjadjaran barang doegi ka Oedjoeng- koelon andjeunna bingoeng ka mana nja baris indit, da poegoeh teu oeninga di le bah-lēbahna atjan di Mekah tèh, ti tinja ladjēng mēnēkoeng moedjasmèdi, njoe boenkeun ka Dewa Mérwèloe soepaja di toedoehkeun pidjalaneun, da, andjeunna tèh Agama Hindoe. Dina keur anteng sida.

44

20