Kaca:Poesaka Soenda 1924-09-3(03).pdf/1

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
No. 3 September 1924
Tahoen ka 3
Mangkoenagaran-nomer

POESAKA-SOENDA

DIKALOEARKEUN KOE PAGOEJOEBAN

:-:
:-:
JAVA-INSTITUUT

Anoe djadi Redactie: Dr. R. A. HOESEIN DJAJADININGRAT
J. KATS, M. SOERIADIRADJA

TOEDJOEL SERAT: ― SALEMBA 28 ― WELTEVREDEN


Pangaosna langganan Poesaka-Soenda dina sataoen ti Juli d.k. Juni ƒ 3.-
Pangaosna hidji (sadjilid) Poesaka-Soenda, ngagaleuh ngéténg " 0.30
Pangaos samboeng-lajang (advertentie) dina P. S. sakatja " 20.-
Satengah katja . . . . ƒ 12½ Saparapat katja " 7.50
dina sakali kaloear.

Oepami ngalanggan samboeng-lajang langkoeng mirah.


Eusina P. S. No. 3


1. Wajang Madija kenging J. Kats katja 33
2. Pikeun pangeling-ngeling ka djaman keur di nagara Walanda ti R. M. Mr. Gondowinoto " 36
3. Kangdjeng Preboe Prang Wedono (Goegoeloe kamadjoean kenging A. Muhlenfeld " 40
4. Kaprabon Karaton Mangkoenagara karangan Hadiwidjojo " 43
5. Pangeran Mangkoenagara IV Boedjangga Ahli Hakekat karangan R. Wedyodiningrat " 46
6. Mangkoenagaran karangan Dr. D. A. Rinkes " 49
5. Djenengan Prangwadono sareng Mangkoenagoro kenging R. A. Dr. Hoesein Djajadiningrat " 52


Wajang Madija
kenging
J. Kats.

Dina ngawitanana Adiparwa, nja eta boekoe ka hidji tina anoe dalapan welas djilid lalakon Mahabharata tèa, kaoengel jèn Radja Djanamadjaja ngadamel korban ― oraj (slangen ― offer), koe margi ramana anoe djenengan Pariksit poepoesna lantaran dipatjok oraj Taksaka. Sadaja oraj kedah dipaehan, kadjabi oraj anoe boga dosa tea. Koe margi èta, Kangdjeng Radja ngoengoen diroengroeng woejoeng sababaraha lamina. Pikeun ngaleledjar manahna, nja ladjeng Bagawan Waicampajana njarioskeun toetoeranana perang

33