Kaca:Poesaka Soenda 1924-09-3(03).pdf/2

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Korawa sareng Pandawa, nja èta anoe gelar djadi lalakon Mahabarata tèa.

Eusina èta tjarios Mahabarata tamatna ngan dongkap ka lalakon poetoe Ardjoena anoe djenengan Pariksit (Perekesit). Aja, dina panoengtoenganana kaoengel lalakon Djanamedjaja, poetra Perekesit, kitoe ogè moeng sapotong.

Koe margi èta, lalakon wajang Poerwa ogè anoe pakemna tina boekoe anoe 18 djilid tèa, nja ngan dongkap ka lalakon Parikesit deui. Noemoetkeun paham oerang Djawa, èta tèh lalakon ti taoen 1 dongkap ka taoen 785.

Kadjabi ti geus ngaloehoengkeun ka loeloehoer alam koena pisan, ieu ilaharna dieunteupkeunana kana alam Wajang tèa, ajeuna aja deui anoe karasa koedoe didjoengdjoeng diloehoengkeun, nja èta para Radja anoe kaoengel dina sadjarah Djawa, boh anoe enja asoep kana sadjarah, boh anoe ngan asal anggitan baè woengkoel. Tapi tangtos pisan kedah aja tjortjoranana anoe kènging dianggo njamboengkeun ti anoe laloehoeng dina Wajang tèa, sing djol tepi ka radja-radja Djawa.

Nja njandak para satria Pandawa didamel galoer dipindahkeun ka anoe sakinten piloejoeeun di dieu, nja èta lalakon Pandji (Wajang Gedog), lalakon Damar Woelan (Wajang Klitik).

Koe margi diatoer kitoe nja gelar lalakon anoe ngawajangkeun Radja-Radja tepi ka djaman Madjapait.

Tapi henteu ngaroentoej, aja djaman anoe lowong antara Wajang Poerwa, anoe disangka panoetoepanana dina taoen 785 tèa sareng ngamimitianana alam Wajang Gedog, anoe tjeuk paham oerang Djawa mimiti ti taoen 1052.

Djadi dina antarana mah, ti taoen 785 tepi ka taoen 1052 tèa, teu aja lalakonna, teu aja wajangna.

Ieu perkawis, nja disaroengsoem diajoeman koe P. A. A. Mangkoe Negoro ka IV

Doepi P. A. A. Mangkoe Negoro ka IV tèh, boedjangga Djawa anoe kawentar ahli ngoelik èlmoe Kasoesastran (Letterkunde) tanah Djawa; nja ladjeng ngarakit sareng ngempelkeun lalakon pikeun njámboengkeun dosa djaman anoe sela-selana teu atjan aja lalakon wajangna tèa, nja èta antara wajang Poerwa (wiwitan, pangheulana) sareng wajang Gedog.

Ari anggitanana tèa nja anoe diseboet Wajang Madija tèa.

Djadi ajeuna mah loejoe poegoeh roentoejanana, mimiti Wajang Poerwa, ditèma koe Wajang Madija, ditèma deui koe Wajang Gedog, (sok diseboet Wajang Antara), ari ti dieu ditèma deui panoetoepna koe Wajang Wasana, atawa anoe diseboet Wajang Kilitik tèa. (Wajang Gedog sareng Wajang Kilitik sok dikoemkeun disebat Wajang Wasana).

Djadi sadjarah Djawa tèh ajeuna mah geus beunang diwajangkeun sagemblengna, awit ti alam koena toeg tepi ka alam Madjapait.

Tapi èta anoe aja tèh masih keneh baè karaos henteu atjan gembleng pisan, da sabèhdieueun Madjapait mah teu aja. Koe margi èta dina taoen 1894 Radén Danoeatmadja parantos ngarang (ngaratjik) lalakon-lalakon wajang ti alam Madjapait tepi ka alam perang Dipenegoro, anoe biasa diseboet Wajang Doepara tèa.

Djadi salsilahna lalakon Wajang tèh kieu ringkesan tjaritana djeung parèlèanana:

Wajang Poerwa.

Ti alam wiwitan dongkap ka Radja Parikesit.

Wajang Madija.

Ti awit poetra Parikesit anoe djenengan Joedajana dongkap ka Radja Djajalengkara.

Wajang Antara (Wajang Gedog).

Ti awit poetra Djajalengkara anoe djenengan Sri Gatajoe (R. Soebrata), dongkap ka Pandji Koeda Lalèjan.

Wajang Wasana (Wajang Kilitik atawa Wajang Kroentjil).

Ti awit Radja Bandjaran Sari, poetoena Pandji (Maèsa Tandraman, nja èta Pandji Koeda Lalèjan) dongkap ka Brawidja ja panoetoep, Radja Madjapait.

Wajang Doepara.

Ti awit Radja-radja Madjapait dongkap ka Diponegoro.

34