Kaca:Poesaka Soenda 1924-09-3(03).pdf/3

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Doepi lalakon-lalakonna wajang Madija tèh babakoena kènging njoetat tina boekoe Poestaka Radja karangan Ronggowarsito, anoe eusina èta boekoe njarioskeun Sadjarah Tanah Djawa, basana aloes pisan kawantoe anggitan boedjangga pamoengkas”, nganoe tjaritana rèa anoe diratjik dirandjing randjing koe panjipta andjeunnanana.

Ngawitanana èta roentoejan lalakon tèa henten sadajana sami. Réréana njebatkeun jèn Jordajana poetra Parekesit tèh kalebet kana alam Poerwa, tapi andjeunna tèh ongkoh kaoengel dianggo ngawitan dina Wajang Madijo deui. (Anoe dina Adiparwa disebat Djanamadjaja, dina pakem lalakon wajang mah henteu aja).

Ari èta lalakon-lalakon tèa poko ratjikanana tjotjog sareng oengelna Wajang Poerwa. Djadi kieu bèrèndèlanana: Ngakaweukeun, sareng ngababar anoe baris djadi djedjer tjarios. Njarioskeun medalna Radja anoe djadi moesoeh. Njarioskeun lampah anoe djadi loeloegoe lalakon sareng toengtoengna anoe disebat bagian Toetasanana.

Dina Wajang Madija para satria-satria deui anoe pada dilalakonkeun tèh, ditjarioskeun perkawis kasenangannana sareng kasangsaraanana, sarta mimitina koedoe baè kasangsara heula, ari noetoepkeunana oenggal-penggal lalakon tèh geus tara aja robahna tangtoe njarioskeun meunang perang ngèlèhkeun moesoeh.

Dina sagala roepi poko lalakonna dina Wajang Madija tèh, nja noemoetkeun Wajang Poerwa sagala oenak-anikna sami baè, aja sadaja, nja èta: nèangan atawa mareboetkeun poetri.

Anoe kagoengan anggitan parantos ngadamel woedjoed wajang anjar diroepakeun Genderewo kadèwatan, anoe biasana ijitjingna di tempat Satria-satria. Ari èta Genderewo tèh sakti manggoelang-manggoeling, koe margi èta dina lalakon-lalakon tèh manèhna anoe ngaramèkeun toer matak bèlok deui, nepi ka djadi tamba bosen kana bagian anoe sèdjèn, anoe mèh teu aja ganti-gantina ngan sakaroepa baè tèa.

Eta anoe kagoengan anggitan tèh kapoendjoelanana, lain ngan dina iasa ngarakitna lalakon woengkoel, da randjinga nana lalakon tèa mah rèréana disangadja henteu leuwih aloes ti manan Poerwa tjarangan anoe geus kakontjara tèa, tapi nja èta iasa ngadamel anoe anjar, panambah satria satria sareng boeta anoe geus aja.

Ari anoe dianggo wajangna, wajang Madja tèh, nja sami baè sareng wajang Poerwa, pada tina koelit didamelna, dalah bangoenna ogè ari sirah djeung awak mah nja sapertos Wajang Poerwa baè. Doepi bagian ka handapna niron Wajang Gedog.

Aja ogè robahanana, teu sami pisan sareng dina Wajang Poerwa nja èta dina geloeng, ari geloeng Wajang Madija mah antara „Soepit-oerang” sareng „Keling” (Tingali gambarna).

Wajang lalaki marakè keris sapertos Wajang Gedog, sareng wajang awèwè sapalih marakè karembong. Ari Genderewo wajangna sapalih mah sapertos boeta baé, ngan sirah djeung beungeutna rekaan anjar.

Keur djaman K. P. Mangkoe Negoro ka IV ngawajang Madijo tèh nganggo gamelan-barang dibèntenkeun ti dina ngawajang Poerwa, anoe biasana nganggo salèndro, ari dina ngawajang Gedog nganggo pèlog. Sok rajeun ogè ngawajang Gedog nganggo gamelan-barang, tapi ngan oekoer dina waktoena bagian noetoepkeun lalakon tèa baè, palebah „Toetasan” tèa, kinten-kinten ti awit taboeh 3 djanari.

Ari gamelan anoe dianggo dina ngawajang Madijo, sakoemaha anoe parantos ditjarioskeun tadi nganggo gamelan-barang tèa, sarta lagoe-lagoena èstoe gendingan. K. P. Mangkoe Negoro ka IV koe andjeun. Moeng, matak handjakal pisan, rèh henteu kantos ditjatet, doegi ka sapoepoesna anoe kagoengan gendingan, sareng satilarna najaga-najagana lagoe-lagoena ogé rèrèana laleungitan moesna teu aja anoe terang

Lalakon Wajang Madijo dianggitna kinten-kinten dina tanen 1880 nanging teu patos nerekab, anoe sok ngawajang lalakon wajang Madijo tèh, ngan oekoer di salelewek Mangkoenegaran baè. kitoe ogè ngan alam K. P. Mangkoenagoro ka IV tèa baè K. P. Mangkoe Negoro ka VI

35