Kaca:Poesaka Soenda 1924-09-3(03).pdf/4

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

kantos njanggakeun salianana wajang Madijo tèa ka Kanjeng Sunan. Nanging di karaton ogè awis-awis ngawajang nganggo lalakon Madijo tèh.

Koe oerang Jawa wajang Madijo the teu dipikaresep. Ari lantaranana pèdah oerang dèsa geus ti baheula tabah kana lalakon-lalakon wajang Poerwa, wajang Gedong sareng wajang Kilitik tèa, sadaja apal kana ngaran satria-satria, sarta katjida dipkaresepna. Atoeh nja kantenan bae, panambahna ka noe bieu teh, jenengan Raja-raja, boeta-boeta sareng Genderewo anoe tina wajang Madijo tea ngolembar atawa nambag toeroeg-toeroeg heunteu nganggo patokan asal, tangtoe baè hèsè asoepna kana pikiran oerang dèsa tèh.

Djoemlah lalakona noemoetkeun anoe njarios sadajana aja 90 (moenggoeh dina lalakon Poerwa, Gedong sareng Kilitik mah, lalakon the heunteu poegoeh roentoejanana).

Aja ogè hidji-hidjieun ngaran wajang tina wajang Madijo anoe tepi nerekab ka desa-desa, malah sok dilalakonkeun koe noe ngawajang kakapengan baè mah

Anoe pang-pangan nja èta; Gendrajana sareng sadèrèk-sadèrèkna, Soedasana, Angling Darma (noemoetkeun katerangan K.P. Prang Wedono, Angling Darma tèh, kawasna Radja Jawa Baheula anoe jenengan Airlangga tèa),sareng Djajabaja. Dina ngawajang lalakon ieu anoe dianggo wajangna Wajang — Poerwa.

Naha jasana P.A.A. Mangkoe Negoro IV tèh tina perkawis ieu, bakal moal aja tapakna, moal kapendak boeahna ?

Oerang sadaja pada terang jen P.A.A. Mangkoe Negoro anoe ka VII, kawentar gede pitandangna, sarta katjida ngamadjoekeunana ka soemoekawis poesaka elmoe Kadjawaan sareng kabinangkitan — malah ieu ogè karangan tèh rèrèana nja katerangan pasihan ti andjeuna — parantos ngadawoehkeun kieu:

Engkè dimana sadjarah Djawa geus dirakit noeroetkeun patokan èlmoe, ieu lalakon-lalakon tèh kawasna bakal kènging dianggo, nja èta wajang-wajangna baris soeroep oepami dianggo dina tjarita-tjarita Djawa Koena. Lantaran ieu mah wajangna barang anjar djadi heunteu katjang-tjang teuing koe adat anoe aja ajeuna, nepi ka bakal bisa njoemponan kana pamoendoetna oerang Jawa anoe palinter (ontwikkelden) anoe dina ajeuna-ajeuna seriang jadi saoer, harojong njinggetkeun waktoena ngawajang, oelah sapeuting djepoet, tapi diatoer sing bisa tiloe opat djam baè.

Djadi èta lalakona wajang Madija anggitan K.P.A.A. Mangku Negoro IV tèa, saparantos aja robahan pinganggoeunana, aja areup areupeunana tiasa dihoedangkeun deui koe oesaha Radja anoe nèma sapengkeureun anjeuna; sareng bakal djadi pakakas geusan ngaliarkeun toegoena sadjarah Djawa alam koen ka sadaja djelema.

Pikeun pangeling-ngeling ka djaman keur di nagara Walanda

ti

R. M. Mr. Gondowinoto

Dina hidji dinten èndjing èndjing taoen 1913 nalika koering ngaliwat ka Groenmarkt di den Haag, tèh ti djalan anoe ti Leiden, tempat koering matoeh, koering ningal bangsa koering anoe narembe soemping ka nagri Walanda keur ngararioeng dina latar café restaurant „Het Gouden Hoofd” didjedjeran koe poen doeloer sarta aja di antawis rioengan-rioengan oerang Eropa anoe harita keur maroengpoeng didinja.

Sanadjan sareng anoe narembe saroemping tèh koering teu wawoeh, tapi oedjoeg-oedjoeg ngarasa sono baè, tina kantingal jèn èta bangsa koering, sarta barang geus digeroan koe poen doeloer, toeloej koering miloe ngarioeng, sanggeun wawawoehan sareang tatamoe-tatamoe tèa. Teu salah ti sangka, enja eta teh bangsa koering ti Djawa, nja èta Kangdjeung Pangeran Ario Hangahabehi poetra Kangjeung Sinoehoen Solo anoe tjikal, sareng pangiringna, ka doea Raden Mas Ario Soerjasoeparta

36