Kaca:Poesaka Soenda 1924-09-3(03).pdf/10

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

redentiestad sabot djadi militie mah linggihna — anoe pangheulana dibalangkeun tèh sapatoe, anve koe oerang tangsi mah dilalandi „turftrappers” sapatoe kitoe tèh, sarta geuwat anve baloleksekna dina sanipèan dilandongan, anoe raraheutna dibeber.

Tapi pasosoréna, tjling deui baè ka tangsi bari teu kantoen hariring.

Teu sabaraha antawisna ti saparantos andjeunna lebet kana militer, nja der perang Eropa tèa, sarta andjeunna katarik kana balad anoe kedah ngadjagi.

Teu lami ti wangkid èta, andjeunna dilebetkeun ka sakola anoe diantjokeun pikeun ngadjar opsir-opsir anoe perlop ajana di Amerspoort, sarta heuleut sawatara lamina andjeunna kenging pangkat opsir, Leklan ka 2 (2e Luitenant).

Saparantos kènging pangkat èta ladjeng moendoet verlof, sarta sabada doemeuheus (audientie) ka Seri Maha Ratoe, enggal baè moelik ka Djawa.

Barang geus rawoeh ka dieu diangkat kana Adjoen Kontrolir Agrarische zaken di Soerakarta sarta teu sakoemaha antawisna ti dinja, nja didjoengdjoeng kana djadi Radja di Mangkoenagara, ngagentos kapi raniana, Mangkoenegoro VI, anoe moendoet liren tina karadjaan. Dina ngawitan didjoengdjoeng loenggoeh djoedjoeloekna Kangdjeng Goesti Pangeran Adipati Ario Praboe Prang Wadono, pangkat kamiliteran Luitenant — Kolonel tetulier bala tantara Hindia.

Ajeuna koe margi joeswana parantos djangkep 40 taoen pangkatna djadi Kolonel titulier, ari djoedjoeloekna Kangdjeng Goesti Pangeran Adipati Ario Mangkuenegoro ka VII.

Tah ieu sabagian tina lalakon andjeunna, nja èta hidji pangagoeng anoe geus ngarandapan kalaraan kabalangsakan, tina pangkat handap oenggah-oenggah dongkap ka agoeng aja dina poetjoek kamoeljaan, koe djalan oesaha koe andjeun tina magang tepi ka djadi radja.


Kandjen Preboe Prang Wedono

(Goegoeloe kamadjoean)

kenging

A. Muhlenfeld.

Djisim koering geus teu hamham deui jèn anoe ajeuna djoemeneng Radja di Mangkoenagaran tèh, rèa pisan tjarioskeuneunana, tina perkawis ngahoedangkeunana deui kamadjoean oerang Djawa, nanging koe koering di dieu moal ditètèk sadajana, ieu mah ngan sakadar mertèlakeun sabagian tina panganggona (karakter) Praboe Prang Wedono pikeun njoem- ponan pamoendoet Redaksi Djowo (Poesaka Soenda), eusikeuneun kana Poesaka Mangkoenagaran nomer. Ari perkawis tjariosan djabi ti ieu mah anoe langkoeng imeut bakal didadar koe anne sanes.

Doepi perkawis wintjikan lalakonna ti moemoerangkalih dongkap ka djoemeneng radja, anoe tadina koe anoe rèa mah teu pisan disangka sangka, tingali baè karangan koering dina taoen 1915 sareng 1916 dina „Eigen Haard” sareng „Neder-landsch-Indië Oud en Nieuw”

Koe sadaja ogè geus kaoeninga jen suparantos Kangdjeng Preboe Prang Wedono njepeng kakawasaan, djadi Radja Mangkoenagaran, seueur pisan anoe koe andjeunna parantos dipetakeun, sareng dipadjoekeun, nja èta sapertos ngaloeloegoekeun kana ngolah poesaka èlmoe Djawa (Javaansche Cultuur), soepaja samoekawisna bisa hiroep deui dina kadjembaranana. Dongkap ka oepami teu aja andjeunna mah anoe djadi panaratas djalan, perkawis Congres voor Javaansche Cultuurontwikkeling dina taoen 1918, sareng Congres Taal Land en Volkenkunde dina taoen 1919, anoe dindegkeun di Solo tea, geus tangtos moal aja, moal bisa kadjadian. Nja kitoe deui lamoen teu aja lantaran ti andjeunna, nja moal ngadeg Java-Instituut anoe bisa nerekab tjara ajeuna; sarta rèa pisan pangdeudeul pamoepoedjoehkeun andjeunna kana toemoewoehna sareng kamadjoeanana èta pakempelan.

40