Kaca:Poesaka Soenda 1924-09-3(03).pdf/11

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Ari pangaroeh andjeunna saparantos djadi Radja mah koering teu badè pandjang pandjang, lantaran ngarasa koerang merenah, sebab ti taoen 1914 koering geus teu njekel gawè di wewengkon Karadjan Mangkoenegoro, sarta njaba ka Solo tèh lalantangan ngan oekoer sakali-kalieun baè. Tapi koering terang leres jèn andjeunna tèh majoenan damel anoe abot pisan. Andjeunna tèh minangka moeridna toean van Wijk, nja koe ieu didjoengdjoengna; eukeurna di nagara Walanda ngahidji sering soemping ka toean Mr. C. Th. van Deventer marhoem, ari samoelihna ti nagara Walanda, teu lami toeloej didjoeng- djoeng loenggoeh tèa djadi Radja, kedah sasarengan didamel sareng Gewestelijke Bestuurhoofden anoe teu pati tatas bener kaoeningana tina perkawis pamendakna kana atina bangsa Djawa anoe palalinter. Eta kaajaan (toestand) anoe kitoe nembè ajeuna-ajeuna aja robahanana, disaèan.

Dina salebet opat lima taoen mah ngawitan njepengna damel, tangtos pisan andjeunna ngaraos bangga enggoning ngolahna pamarèntahan tèh, lantaranana sanès moeng kedah majoenan hantjaeun merangan adat kakaom-kolotan (conservatisme), anoe aja di wewengkona baè woengkoel, nanging sareng kedah ngoedag kamadjoeanana ontvoogding deui, anoe kaleresan alam harita keur ngawitan aja ontvoog ding di kagoepernemènan, doegi ka andjeunna di Volksraad teu kirang-kirang ngaloearkeunana saper anoe paredes tina perkawis èta.

Eta anoe disaoerkeun koe andjeunna tèh moal pati djaoeh sareng boektina, tjotjog sareng katoegenahan djelema anoe kawas beuki woewoeh-woewoeh tèa.

Heuleut sawatara taoen nja dongkap robahan tina perkawis èta, anoe teu matak tjangtjaja deui jèn pamarèntahanana beuki jami beuki woewueh matak njalametkeun ka nagarana.

Ajeuna djisim koering rek njarioskeun perkawis panganggo (karakter) andjeunna anoe leuwih ti anoe lian, nja èta peta-petana dina perkawis ngaloe-loegoekeunana ngoekoehan roepi-roepi pitoein adat Djawa anoe araloes, anoe medal tina timbangan manah kaajeunaankeun.

Nalika andjeunna rèndèngan, aja salah sawios tamoe anoe njarioskeun kahérananana ka koering, wirèh Kangdjeng Prang Wedono, anoe aja taoenna di nagara Walanda, di ditoena ngoelik kapinteran, sarta geus djadi militie ngalakonan djadi soldadoe, sagoeloeng sagalang djeung sagala golongan, sarta tètèla geus sagala tabah di ditoena tèh; tapi naha, saoerna, ari ajeuna kawas ngeunaheun naker, noeroetkeunana adat koena, nganggo anggoan pangantèn kabaheulaan, salira boeligir, ngamboeng kana tekoe mertoeana, sarta djigana teu aja kakoe-kakoena.

Tah, apan èta sakitoe anèhna, nepi ka aja djalma anoe kitoe pikiranana, bawaning koe teu ngartieun kana djerona rasa kadjawanana Kangdjeng Goesti.

Ari karèrèaanana djelema baroga sangka maroekan dina rèndènganana téh, bakal nganggo roki, didasi bodas, atanapi nganggo anggoan kabesaran Luitenant-Kolonel, atawa sakoerang-koerangna bakal nganggo panganggo opsir (Luitenan der garanadiers) pangkat keurna di nagara Walanda tèa.

Malah aja deui anoe boga pangira jèn pang kitoena tèh ngahadja ngahinakeun andjeun, bawaning koe hajang kagoengan garwa ka poetri poetra Soeltan, madjarkeun tèh.

Tah geura èta, tepi ka aja anoe boga pikir kitoe!

Dina adat kawin atoeran Djawa tèh rèa pisan anoe aloesna, koe sabab èta pikeun djelema berboedi teu koedoe emboeng teu koedoe ngarasa aèb, metakeun adat anoe sakitoe aloesna mah. Ari Kangdjeng Preboe Prang Wedono teu pisan-pisan hojong djadi Eropa poelasan; jaktos andjeunna ngaraos pereloe oeninga èlmoe sareng adat Eropa, anoe sakira ajeuna beunang ditiroe sing tepi ka lasa enja, oelah mutak kagok dina tjampoer sareng bangsa Eropa anee palinter.

Sanadjan andjeunanana katjida mageuhanana kana samoekawis pitoein adat Djawa anoe araloes anoe balener, tapi teu pisan-pisan ngoekoehan adat anoe ngaleu-leuwihi, sina tetep baè, dalah udat-adat

41