Kaca:Poesaka Soenda 1924-09-3(03).pdf/12

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

anoe ngalemah dina mang windoe-windoe, toer geus mawana kana karoesakanana bangsa koe andjeunna teu taha-taha saiasa-iasa ditjegah atawa dipitjeun pisan.

Tata hormat anoe lain-lain, anoe masih kènèh diaranggo atawa koedoe diparetakeun di sakoeliah Djawa, koe andjeunna mah katjida teu dipikapanoedjoena, malah rèa anoe koe andjeunna didangdosan atawa dirobah. Eta panganggona kitoe tèh mapaj tapak kapiramana tèa, sareng ngaladjengkeun anoe parantos didjalankeun koe Radja-radja anoe sapajoeneun andjeunna, anoe pada geus kawalentar djenenganana. Sapertos tina perkawis hormat-circulair anoe diwawarkeun koe K. T. Besar Van Heutsz téa moenggoeh di Mangkoenegaran mah parantos aja ti sabèhditoeeun èta, sarta boeahna leuwih hadè leuwih teurak batan di anne sanès.

Kangdjeng Preboe Mangkoe Negoro anoe ka VI, nja èta anoe digentos koe andjeunna, kalepasan teuing atoeranaua tina perkawis ngarobah papakèan kadjawan, njaèta réh koe andjeunna kagalih papakèan kadjawan tèh matak ridoe henteu pikabogoheun. Nanging èta atoeran kitoe, koe K. Praboe Prang Wedono anoe ajeuna, henteu diladjengkeun sahinasna, ari koe andjenanana mah kakoeranganana sareng kagorenganana dina pakéan kadjawan asal anoe disaean; sarta diongklangan teu koedoe noeroetkeun teuing oegeran atoeran baheula. Kitoe ogè koedoe makè pakèan kadjawan tèh noeroetkeun koemaha merenahna baè, nja èta saperti dina sagala hal anoe toelèn atoeran hiroep koemboeh oerang Djawa. Ari pakèan Eropa, babakoena pikeun lalaki, pangna kapilih. tina geus tètèla gampangna pikeun dina kaperloean djaman ajeuna, sareng pikeun dina tjampoer djeung bangsa noe lian, njoemponan kaperloean pamènta doenja. Nja kitoe deui ngarah toemaninah dina tjampoer djeung pada oerang Djawa deui, boh di Mangkoenagaran boh di loear, teu aja matak kagokna tjara make kadjawan. (Dina perkara ieu koe oerang koedoe diingetkeun hal atoeran makena keris). Geus poegoeh deui ari papakean kaperdjoeritan Mangkoenagaran mah, da poegoeh geus aja windoena, tepi ka geus ngalemah sasat geus djadi pakèan Djawa baè.

Kangdjeng Praboe Prang Wedono, lomana teh djaba ti djeung para Pangeran-Pangeran, mènak-mènak atawa pangagoeng-pangagoeng di tanah Kasoenan, ngahidji sarta tjampoer deui djeung pangkat atawa golongan handap, anoe pada reresep kana ngamadjoekeun poesaka-èlmoe kadjawan (Javaansche Cultuur) atawa anoe djarero èlmoe kabatinanana.

Dina rioengan-rioengan biasa, nja èta ana keur gempoengan sareng djelema-djelema anoe disebatan tadi tèa, sarta radjeun aja bangsa Eropa anoe sapangabogoh sareng andjeunna deui, èstoe teu kawas radja ka pangkat atawa. djelema handap, ieu mah prah baè.

Di tanah kagoepernemènan parantos mangtaoen-taoen aja atoeran panjegah kawin boedak, lantaran di sawarah tempat mah èta tèh geus djadi adat anoe pageuh pisan, tepi ka ajenna teu atjan bisa moesna kènéh baé. Moenggoeh K. P. Prang Wedono, teu lami deui antawisna ti barang andjeunna madeg Radja, ènggal baé ngadamel pranatan (oendang-oendang) geusan panjegah kana èta kabiasaan awon, soepaja leungit ti karadjaanana, nja èta boh mènakna boh koeringna anoe aja di wewengkonna dipatok watesna oemoer pangngorana pikeun meunang kawin, soepaja djadi tjonto ka djelema leutik.

Koe Kangdjeng Praboe Mangkoe Negoro ka VI, kabiasaan atoeran baheula ngaganti ngaran prijaji anoe oenggah kapangkalanana, parantos dileungitkeun.

Doepi koe K. P. Prang Wedono ajeuna, sanès ngan ditoemoetkeun tepi ka dinja baè, malah teras dipadjoekeun satindak deui kasaèanana, nja èta ngadamel atoeran, anoe mimitina mah ngan toedjoel ka noe geus palinter baè heula, koedoe tetep marakè ngaran toeroenan, ngaran anak koedoe tjara ngaran bapa, nja èta ngalalanjahan kana rèk ngajakeun Burgelijken stand sareng boekoe-djiwa (Bevolkingsregister) anoe djadina babakoena koe ajana atoeran ngaran-toeroenan tèa.

42