Kaca:Poesaka Soenda 1924-09-3(03).pdf/13

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Tina perkawis ngolahna kabinangkitan atanapi kaboedjanggaanana K. P. Prang Wedono, koe koering di dieu moal ditjarioskeun deui, da anoe maraos ieu P. S. geus moal bireuk ka andjeunna tèh.

Kana perkawis poelitik andjeunna tèh henteu tinggaleun, malah barètona mah baris djadi kokodjona, soemawonten saparantos kapilih kana president Hoofdbestuur Boedi Oetomo mah, nja èta dina nalika nembèan pisan rawoeh ti nagara Walanda tèa.

Nanging saparantos andjeunna djoemeneng Radja, kapaksa kedah njandet andjeun, èta margina anoe mawi di Volksraad andjeunna teu patos kersa sasaoeran, nanging sanès pisan-pisan ari moeng koer tina kamadjoean mah.

Kalawan pamoendoet andjeunna, pagoejoeban Regentenbond parantos ngadamel kempelan taoenan di pendopo Kapatihan Mangkoenegaran dina taoen 1917. Pang andjeunna aja pamoendoet kitoe, minangka badè moekakeun lawang karaton, moekakeun gapoera tanah Kasoenan (de poort der Vorstenlanden), anoe djadi tempat poeseurna poesaka-èlmoe kadjawan (Javaansche Cultuur), ka para Boepati satanah Djawa, anoe biasana ka pengker- pengker mah tara kararasea sareng ngadjaoehan deui ka Solo sareng ka Djogdja tèh kadjaba ti para Boepati anoe djadi wargi salah sawios Radja-radja tèa mah. Ari pang sareunggah para Boepati tèh saroemping ka karaton, tina wegah koe metakeunana adat Djawa, dina prakna dahas deuheus ka radja-radja tèa.

Eta soegri anoe ngadjadikeun matak seunggah sareng matak wegah tèa, koe K. P. Prang Wedono sadajana disingkahkeun, andjeunanana mah kersa maparin kalonggaran koe metakeun tata Eropa, atawa tata Eropa kadjawaankeun. Petana kitoe henteu salamina sampoerna kadjadianana, tapi koe andjeunna kagalih jèn dina ganti mangsa mah (tijdperk van overgang), nja djamak baè, koedoe noengtoet dipilih-pilih baè mana anoe bakai pimerenaheun.

Koe margi èta lami-lami para Boepati ti tanah Kagoepernemènan tèh, nja kitoe deui djelema anoe palalinter ti loear tanah Kasoenan, iasa loma ngahidji sareng andjeunna. Lantaran andjeunna kagoengan panganggo kitoe, nja djadi panarik ogè ka para Radja-Radja anoe sanès deui, nepi ka lami-lami mah ieu ogè henteu patos kapoeket teuing koe ngoekoehan kabiasaan koena, tina perkawis tata ka anoe lian mah.

Doepi kana pigoenaeunana ngahidjina deui ati oerang tanah Kasoenan (Vorstedlanden) sareng oerang tanah Djawa anoe sanès pikeun ngoedag kamadjoeanana sareng koemboehna Poesaka-èlmoe Kadjawan (Javaansche Cultuur), geus moal boa engke ogè bakal karaos sareng kaoeninga koe sadaja.

Panoetoep tjatoer, perloe ditjarioskeun jèn tatali poesaka-èlmoe, antara Djawa sareng Bali, anoe parantos mangwindoe-windoe pegat keuna koe renggang, ari ajeuna èta doea poesaka èlmoe anoe medal tina sapalajangan tèa, parantos patepoeng deui. Anoe njamboengkeunana karaketan ati èta doea bangsa, gegedéna nja oesaha Pangeran Adipati Aria Mangkos Negoro ke VII, anoe djenenganana bakal tetep djadi katjapangan diseboet Prang Wedono Goegoeloe Kamadjoean.

Andjeunna tèh tètèla pisan hidji perdjoerit anoe djadi senapatina kana ngamadjoekeun bangsana djadi panjipoeh panghoedang rasa kana moepoesti Poesaka-Elmoe, kabinangkitan sareng kaboedjanggaan katoet ka adat-adatna loeloehoer Djawa.

Moegi-moegi lambat lamboet pandjang-poendjoeng djoemenengna Mangkoe Nagara, ginandjar kawiloedjengan woewoeh kaagoenganana.

Loemadjang, Augustus 1924

Kaprabon Karaton Mangkoenagara.

karangan

Hadiwidjojo

Djisim koering ngaraos bingah marwata soeta, doemeh tiasa ngalaksanakeun pamoendoetna Bestir Java-Instituut, ngadamel ieu karangan keur lebetkeuneun kana

43