Kaca:Poesaka Soenda 1924-09-3(03).pdf/14

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Poesaka Soenda Mangkoenegara-nummer, anoe koe adjaman Bestir baris dikaloearkeun dina dinten-dibabarkeunana sobat djisim koering K. G. P. A. A. P. Prangwadono anoe ka-40 tahoen. Ari noe mawi djisim koering ngaraos bingah kabina-bina margi asa mobok manggih gorowong, mendak pidjalaneun pakeun ngedalkeun kateresnaan ka mitra dalit, nja eta Kangdjeng Pangeran Adipati Ario Praboe Prangwadono, anoe geus tereh kenging gelaran Anoe pangloehoer-loehoerna. Kadjabi ti eta ieu karangan sakalian pakeun djadi tawis pihoermat ka Andjeunna.

Niat djisim koering dina ieu karangan bade njarioskeun Kaprabon Mangkoenagaran, nanging moal paos-paos, rek diboedjeng perloena bae, bade sapertos kapoengkoer basa njarioskeun Kaprabon Karaton Solo dina Sri Poestaka Soenans-nummer tea. Ari noe mawi djisim koering milih bab ieu, margi noemoetkeun pamendak oerang Djawa, poesaka poesaka teh kenging disebatkeun teu pisah sareng Kaagoengan Radja, sasat ngahidji sareng Ratoe; oepami teu aja èta Radja leungit Radjana. Koemargi ieu nomer disajagikeun pakeun dinten-dibabakeunana mitra djisim koering, weweton noe benten ti biasa, koe hal eta, koe emoetan asa henteu lepat, djisim koering milih njarioskeun hal ieu.

Kaprabon Mangkoenagaran dibagi djadi doea roepi, nja eta: ampilan sareng oepatjara. Anoe kelebet kana ampilan, kaprabon anoe kenging disebat djadi anggoan Kandjèng Goesti pisan; ari oepatjara babakoena djadi pangwoewoeh kaagnengan.

Ampilan, nja eta:

  1. Does emas wadah tiap dina baki, ditatetes koe permata.
  2. Wadah lemareun emas dibakian, ditaretes koe permata atanapi „lopak-lopak”; di karaton disarebatna „doos”.
  3. Tempat-loedah emas, oekiranana teu kinten saena.
  4. Wadah-soeroetoe emas dibakian.
  5. Kiai Horong-horong, pedang, perahna emas.
  6. Tameng perak, tengah-tengahan emas belenong (mimbobaskoro) sisina emas.
  7. Teteken toetoep emas atanapi „djoemenengan”; di Karaton disebatna „rottan”.
  8. Bedil pondok (buks).
  9. Toembak limpoeng Kiai Segorowedang (toembak pondok, pandjangna moeng 1.62 M.).
  10. Toembak ambarangin Kini Segoromoentjar, toembak nganggo ombjok soetra; di Keraton disebatna „Towok” (pandjangna 2.20 M.).
  11. Toembak tlempak Kiai Tjokro, toembuk rada pandjang (3.40 M.); di Karaton disebatna „Pegon”.
  12. Padjeng gilap.

Eta ampilan (ampil — mawa) salamina kedah dibabantoen tjaket Kangdjeng Goesti nepami Andjeunna nganggo kaprahon ageng. Oepami sanes kaprabon ageung mah tjekap koe: wadah soeroetoe, tempat-loedah, pedang, tameng, toembak pondok sareng padjeng bae. Oepatjara:

  1. Bokor emas dibakian emas.
  2. Tempat-loedah emas.
  3. Kendi taneuh dilalakon koe emas sareng bokor emas.
  4. Kendi boeah djenggi (pohdjengg¹), diwengkoe koe emas, sarta nganggo disoekoean¹.
  5. Soemboel aloes atanapi wadah koe gelas.
  6. Wadah roko Djawa, djangkoeng koe emas, di tempat sanes disebatna „trontong”.
  7. Doea kepet boeloe merak atanapi larbadak.
  8. Peti Palembang wadah panganggo atanapi kandaga, dibantoenna dina tandoe ¹).
  9. Epok atanapi wadah lemareun tjeplok emas kenging natah²).

1) Tjek tiarios ata boeah kanging dianggo nawakeun bareoang, djadi tjai tina eta kenditjai kawarasan. Wastana eta boeah kon Lattin, benteu tenrang.

2) Kagoengan Kandjeng Rama (Kandjog Soeaoehoenan vert.) wastana gandek, namoeng bangoenna-benten sureng ieu. Tingali Sri Poestaka Soenansnummer katja 110, No. 38.

3) Kagoengan Kandjeng Rarna disebatna „Tjapoeri”.