Kaca:Poesaka Soenda 1924-09-3(03).pdf/15

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Teko perak diwadahan bokor perak, pakeun kokotjok.
  2. Wadah selop koe perak.
  3. Gondewa dilakopan koe emas kenging natah.
  4. Wadah djamparing katoet djamparingna.
  5. Kiai Remeng, pedang emas.
  6. Pasekon atanapi peso kadinesan.³)
  7. Does wadah makoeta.³)
  8. Langit atanapi samak.
  9. Bende Kiai Hangoenangoen atanapi goong
  10. Padjeng bawat.
  11. Tameng perak, ditengahna nganggo toembak genep.
  12. Bedil tjoeplis diseungeutna koe paneker, Kiai Kintjoko.
  13. Bedil tjoeplis diseungeutna koe paneker, Kiai Bromosoro.
  14. Bedil tjoeplis diseungeutna koe paneker, Kiai Hadisoro.
  15. Doea wadah obat.
  16. Opat toembak panoeroeng.
  17. Doea djepitan salempaj.
  18. Doea koeda toenggang; ngarah gampil baris ditjarioskeun pangpandeurina.

Eta kaprabon baheula biasana dianggona oepami Kangdjeng Pangeran Mangkoenagara medal opisil, sapertos; pesta weweton, dinten sibabarkeunana Sri Maharadja, tahoen baroe, ngadeuheus ka Karaton sareng sapapadana. Nanging handjakal pisan eta adat koe Kangdjeng Pangeran Mangkoenagara anoe ti heula dileungitkeun. Ngan hadena koe Kangdjeng Pangeran ajeuna diajakeun deui. Eta perkawis ieu matak heran, margi Kangdjeng Pangeran ajeuna sakitoe moepoestina kana poeka elmoe Djawa. Roepi2 adat sareng toeran karaton anoe teu atjan lami diingitkeun, ajeuna diajakeun deui.

Praboe Kresna, Rasoel dina alam pawajangan, koe andjeunna anoe paraeh dihirepan deui koe kembang Widjajakoesoema. Tah! Kangdjeng Pangeran Mangkoenagara VII teh, lir oepami Praboe Kresna, koe andjeunna adat² sareng tata Djawa anoe parantos ditoempes teh dihiroepan deui. Ngan hiroepna ajeuna benten sareng hiroepna kapoengkoer. Kawantos djamun ajeuna bènten deui kahajangna sareng djaman kapoengkoer.

Oepatjara ajeuna dipedalkeunana moeng satahoen sekali, nja èta dina dinten bibabarkeunana atanapi dina dinten djoemenengna ratoe. Sadajana dibantoenna ditjekel sapertos ampilan, ngan nomer 13, 17 sareng 18, ieu mah noe tiloe diemban koe tjinde. Anoe poerah ngabarantoen, sadajana abdi² karaton, ngaberes di paringgitan (tempat ngawajang) beulah ti wetan, djadi kaetang rada tebih ti Kangdjeng Pangeran, anoe biasana dina lebah raramean kitoe, sok linggih di pendopo sareng tatamoe.

Doepi does wadah makoota (No. 16), wadah lemareun (No. 9) sareng djepitan salempaj (No. 26) diteundeun dina media parantina.

Koeda toenggang anoe doea tea ditjekelan di kentja katoehoeeun paratag rambat antara pendopo sareng paringgitan. Anoe hidji, anoe beulah koelon, dirarahaban karadjaan; baheula sok ditoenggangan koe Kangdjeng Pangeran beunang nganggo panganggo kaprabon, dimana bade ngadeuheus ka Karaton, Koeda anoe hidji deui, noe beulah wetan dirarahaban rarahab paranti senenan (watangan) atanapi rarahab kaperdjoeritan; eta doea koeda dina keur kitoe disebatna „pandengan”.

Kalengkepan anoe kahidji:

  1. Eta koeda ditiekelan koe doea abdi karaton.
  2. Gondewa hidji.
  3. Endong hidji.
  4. Larbadak ¹) (boeloe merak) hidji.
  5. Tandoek perak paranti ngaleueut (etjarak).
  6. Tjameti nganggo disopal koe emas.
  7. Hidji kekeboet paranti ngagebahan laleur.

³) DIKangdjeng Rama teu aja.

¹) Budak warak (Dj.). badak Koemuha asal-moeasalna boeloe merak disebat larbadak. Doeku.

45