Kaca:Poesaka Soenda 1924-09-3(03).pdf/16

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Dampar, hidji atanapi doen titintjakan paranti nitih koeda.
  2. Padjeng koening keur majoengan sela²).
  3. Opat toembak-panaroeng.

Kalengkepan anoe kadoea.

  1. Eta koeda ditjekelan koe doeaan, doeanana abdi karaton.
  2. Larbadak (boeloe merak).
  3. Tjameti nganggo diemasan.
  4. Tandoek hidji (tjarak)
  5. Toembak kaprabon, Kiai Mahesolindoe.
  6. Kekeboet hidji.
  7. Dampar hidji.
  8. Padjeng hidji.
  9. Wadah (Beker) landoeng.

Bentenna kalengkepan noe kahidji sareng noe kadoea saeutik pisan, nja eta: di noe kahidji aja gondewa sareng djamparing, di noe kadoea toombak, doemeh anggoeun senenan (watangan) tèa. Toembak panaroeng anoe opat ten kaperloeanana ngan keur ngadjagi koeda bae sareng kaanggo oge kana ngawoewoehan kana kagoengan Kangdjeng Pangeran.

Doepi rarahab didamelna biasa koe koe koelit, moeng diboengkoes koe boeloedroe hideung nganggo monterang koe emas; rarahab senenan oge nja kitoe nanging boeloedroena hedjo sareng nganggo „kaloeng pananggalan” koe emas, diterapkeunana dina dadana (handeman Dj.). Eta koeda doeanana mawa pestol sareng wadah panah, diteundeunna dina sela beulah kentja sareng katoehoe.

Djisim koering aja adjaman arek njarioskeun deui pandengan dina karangan sanes.

Ajeuna oerang njarioskeun oepatjara sareng ampilan Prameswari Mangkoenagara, G. K. R. Timoer:

  1. Lopak-lopak atanapi wadah lemareun emas ditaretes koe berlian.
  2. Lantjang, nja eta wadah lemareun paparahoean.
  3. Doea tempat loedah, noe hidji teu kinten saena, nganggo gambar2 maroendjoekoel relief bewerkt.
  4. Ergelek dilakopan emas.
  5. Soemboel.
  6. Pateban (paranti ngaleueut tèh).
  7. Pepetèn wadah artos.
  8. Bokor dibakian sareng samakta parabot toeang.
  9. Wadah (Beker) landong.
  10. Tetenong wadah toeangeun.
  11. Soemboel djangkoeng atanapi katjoe.

Eta barang2 sadajana didamelna koe emas doeket: dina waktoe Kangdjeng Ratoe medal opisil. eta barang2 sadajana ditjandak.

Pangadjeng-ngadjeng djisim koering moegi2 ieu karangan njoemponan kana kahojongna Bestir Java Instituut, sarta tjek angkeuhan ati, djisim koering ngiring ngadeudeul saboeoek sereboek njamoe kana Mangkoenegara nummer. Leres pisan aja sababaraha poesaka anoe henteu ditjarioskeun pandjang, namoeng haprabon Karaton Solo anoe dilebetkeun kana Sri Poestaka Soenansnummer, eta tiasa dianggo nambah-nambah kana ieu karangan.

Ieu karangan koe djisim koering ditoetoep koe pangdoenga moegi2 Goesti Allah maparin rahmat ageng ka Andjeunna anoe dipoedji dipoedja koe Poesaka Soenda nomer ieu.

Pangeran Mangkoenagara IV

Boedjangga ahli hakekat

karangan

R. Wedjodiningrat.

Pangeran Mangkoenagara IV sadjaman sarěng Boedjangga Djawa ande mashoer, nja eta anoe djěněngan R. Ng. Ronggowarsito tea. Kangdjěng Pangeran ngarang tambang pirang², anoe teu kintěn dipikarěsěpna koe oerang Djawa, doemeh sae dangdingna kawoewoeh pinoeh koe piwoelang.

Eta karangan teu atjan pati lami, sadajana, dikaloearkeun koe Ng. Padmosoesastro.


²) Koe margi eta sela sela poesaka, kenging gelar „Kiai”, djadi gadoeh hak dipajoengan. Sadaja Kiai anoe kalebet loehoer kedab dipadjengan, malah Kiai anoe harandap oge, toba anoe kenging pajoong.

46