Kaca:Poesaka Soenda 1924-09-3(03).pdf/20

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Demi Mangkoenagaran adat tatana rada benten, nanging rada hese dingarananana. Tjek sawareh magahkeun democratisch. margi nja Mangkoenagaron anoe mimiti mitjeun tatakramana anoe katimbang parantos boeroek, mitjeunna eta tata langkoeng ti heula ti di kagoepermenan. Nanging perkawis kitoe teh tatjan djadi tjitjiren democratie, eta mah ngomean tatakarama bae, sangkan oelah loba teuing raehanana.

Bordjanya Tjek sawareh deui magahkeun pohara njepengna kabangsaan (bij uitstek nationalisme), nanging eta oge teu djadi tjitjiren Mangkoenagaran ajeuna, margi ari njepeng kabangsaan mah, karaton anoe sanes oge teu kirang pohara. Komo oepami diemoetkeun koe oerang, kabeh-dieunakeun ketjap „babangsaan” teh gadoeh hartos anoe rada teu pati sae, dongkap ka loba anoe emboengeun disebat kitoe.

Ari noe tetela katingal koe djisim koering, Kangdjeng Pangeran teh sapari polahna istoening Djawa, nanging njepeng hidji oedagan, nja eta: saniskara anoe hiroep dina hate bangsa Djawa, koe Andjeunna dioesahakeun soepaja woewoeh moelja, sareng ditoedoehan djalanna, soepados tiasa soeroep kana kamadjoean saalam doenja, tapi oelah leungit kadjawaanana.

Dina perkawia ieu Kangdjeng Pangeran teges kaom-moeda, naratas djalan kana kamadjengan, nanging teu katalian koe oegeran salah sawios parte. Anoe ditjandak koe Andjeunna ngan robahan robahan anoe soeroep sareng karepna djaman bae sarta tara pisan ngarobah adat Djawa toelen kalawan paksu-piroesa.

Aja tjontona hidji perkawis anoe geus lami koe Andjeunna didjulaukeun, nja éta Wajang wong. Kadjawaanana wajang dikoekoehan, nanging wajang noe teu njawaan koe Andjeunna digentos koe wajang hiroep; djadi dimaenkeunana tjara toeuil Eropa, koe sabab eta daja pamaenan woewoeh, nanging henteu ninggalkeun kadjawaan.

Atoeran anoe anjur keneh didjalankeunana nja eta hal ngaleungitkeun „djongkok” (nagog) sareng hal lalaki diparotong boeoek. Perkawis ieu oge henteu nganggo ngirangan kadjawaan, tapi lawang kana djaman kamadjoean koe Andjeunna diboekakeun.

Djadi Kangdjeng Pangeran teh hidji Radja noe naratas djalan anjar, palatoek noe noedoehkeun kamadjoean, sarta teu kedah inggis kadjawaan kasieuhkeun, kasilih koe adat pamake deungeun noe teu soeroep sareng kadjawaan.

Kadjawaan anoe toelen sabeunang-beunang koe Andjeunna dipageuhan. Nanging dina hal ieu ogé henteu tinggal pamilih, henteu sagala bae sakedah polah dikoeloehan, sapertos dina bab karadjinan Priboemi: hal neupa ngadamel pamor, atanapi ngabatik; eta doea roepi karadjinan pikeun economie parantos teu gadoeheun geusan hiroep atanapi beuki lami beuki kasered kasilihkeun; tah! bangsa kitoe henteu dikoekoehan toekoeh Tjiboeroej.

Anoe koe Andjeunna pohara dikoekoehanana moeng sakoer anoe dieusi soekma Djawa sapertos: babakoena pisan basa Djawa.

Hidji bangsa anoe bisa ngoekoehan hasana, tangtos koeat njangga sagain tjotjoba.

Koe sadaja kaoeninga, jen menak pentjaran karaton Mangkoenagara loba anoe ahli basa.

Boedjangga Mangkoenagaran anoe pangageng-agengna, nja eta K. G. Mangkoenagara IV.

Anoa baris njarioskeun ieu Boedjangga parantos aja pidjelemaeunana, sarta parantos djangdji bade ngintoenkeun karangan ka poestaka mangsa Djowo. Nanging sanadjan parantos aja oge pidjelemaeunana anoe langkoeng pibisaeun manan djisim koering, hate panasaran bae oepami teu miloe njaritakeut hal karangan eta Boedjangga

Serat serat seueurna kirang langkoeng aja 13, eusina roepi serat didangding keur ka Patih sareng ka para prijaji Mangkoenagaran, njarioskeun petana ngolah nagara sareng sapapadana Sawareh

50