Kaca:Poesaka Soenda 1924-09-3(03).pdf/21

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

anggoeun kana sagala roepi padamelan, sawareh deui toedjoel pikeun ingoeroes hidji perkawis baè. Dongkap ka ajeuna loba keneh bae noe raresep matja eta serat. Boekoe Salokantoro, njarioskeun watek sareng pamake djelema. Eta boekoe dipika resep pisan koe oerang Djawa, lantaran basana sae sareng teu aja raehanana, sanadjan ari eusina mah elmos kenging njoetat oge.

Boekoe karangan Andjeunna anoe langkoeng dipikaresep, nja eta „Tripama Piwoelang kangge toetoeladanipoen para pradjoerit”. hartosna: Tiloe toeladan pikeun perdjoerit.

Anggitan K. G. Mangkoenagara IV anoe sanes pamoedji atanapi piwoelang, moeng aja hidji, nja eta Pandji Woeloeng. Pangna Andjeunna ngadamel eta boekoe, doemali aja panoehoenna toean Winter. Ari eusina tjarita ditembangkeun, pikeun batjaeun moerid² kalas loehoer di sakola Djawa, dianggo ngamimitian ngadjar tembang dina samemehna diadjar tembang anoe saleresna.

Sanes perkawis laloehoer bae, perkawis leutik anoe sadidinten oge seueur anoe di karang tembang koe Andjeunna. Sapertos boekoe Roempakan bangsal tosan, eusina njarioskeun imah kareta anoe didamel koe beusi hateup seng. diadegkeunana tjaket pendopo Mangkoenagaran.

Dina eta dangding ditjarioskeun, jen rarangkangna boeatan Duitschland. Ladjeng njarioskeun hateupna, nganggo papaes koe kai, sareng sanes-sanegna deui. Dina djaman harita hateup seng langka kènèh pisan.

Boekoe Wédatama; loba anoe ngira jèn eta boeknoe karangan K. G. Mangkoenagara IV sadajana, padahal enja-enjana mah karangan opatan, nja eta; Kangdjeng Soesoehoenan Pakoeboewono IX, K. G. Mangkoenagara IV, Ronggowasito, sareng Wirjokoesoemo; eta margina noe mawi basana sareng oengkarana henteu saembut, sarta benten sareng karangan Kangdjeng Pangeran anoe sanes.

Ko Kangdjeng Pangeran toeroenan ka Mataraman teh istoe dianggo kamegahan. Dina boekoe Jogatama Andjeunna maparin pepeling ka sadaja menak Mataram kedah karagoengan lampah oetama goeroep ka ratoe noe loehoeng sareng merenah di toeroenan Mataram.

Kangdjeng Pangeran katjida oesahana, soepaja loba anoe daek ngaroelik dangding atanapi dialadjar kana ngarang tjarita diladioer. Andjeunna djadi presiden tina rengrengan kasoesastran; anoe djadili elid-elidna: Ronggo Wasito, Wirjakoesoema sareng Djajasarasa. Kapinteran Ronggowasito kana ngarang poendjoel ti Wirjakoesoema sareng Djajasarasa; koe Kangdjeng Pangeran manehna digadjih, datang ka bisa djongdjon gawena ngoelik kasoesastran woengkoel.


Salian ti eta Kangdjeng Pangeran Mangkoenagara IV ngadegkeun sakola keur poetra² para prijjaji; ari goeroena njandak oeroet moerid ti sakola Gopernemen nos tamat sakolana. Moerid² eta sakola koe Kangdieng Pangerau dipangdamelkeun tembang panembromo (pikeun ngabageakeun noe soemping). Eusina eta panembromo, babakoena njarioskeun hidji roepi kadjadian. Dina ngadangding bab kitoe pohara Andjeuna iasana.

Salian ti panembromo anoe kaseboet bieu, Kangdjeng Pangeran ngadamel hidji Panembrono ande ditembangkeun koe moerid sakola anoe tadi tea, waktoe Kangdjeng Thean Besar soemping ka pasanggrahan Karangpandan. Eta Panembromo diatoer sapertos „Wien Nederlandsche bloed”. „Wilhelmus” sareng salian ti eta.

Karangan Andjeunna anoe nambahan kamashoeran kaboedjangganana, nja eta „Rerepen”, eusina moedji kageulisan istri sareng njerioskeun Andjeunna keur anom.

Leres oge K. G. Mangkoenagara IV ajeuna parantos poepoes, nanging djene nganana masih djoemeneng bae, tjoeman tel dina ati anoe sami mitjinta kana basa Djawa sareng dina ali sadaja oerang Djawa.

Kangdjeng Pangeran Mangkoenagara anoe ajeuna, istoe toehoe toemoetoer pisan kana adat talari Mangkoenagaran anoe bieu

51