Kaca:Poesaka Soenda 1924-09-3(03).pdf/22

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

ditataan di loehoer. Ti samemehna djoemeneng ratoe oge geus katingal, jen Andjeunna hojong naratas djalun kamadjoean pikeun oerang Djawa. Anoe koe djisim koering arek didamel saksi ngan saperkara, nja eta Andjeunna milue ngabantoe-bantoe sawatara lilana ka Boedi Oetomo.

Barang Andjeunna djoemeneng radja, mimiti ngarobah administratie Karadjaan, diatoer noeroetkeun atoeran anjar, sapertos: dina hal oeroesan tanah anoe ditiwoean sareng sapapadana, eta sadajana kedah noeroetkeun atoeran anjar, sarta sabeunang-beunang koedoe didjalankeun koe prijaji Mangkoenagaran.

Dina bab ngamadjengkeun boedi sareng pikiran Andjeunna ngadegkeun Java Instituut, anoe beres katjida ngoeroeskeunana kadjawan dina roepi² perkawis, sapertos dina hal: kasoesastran, bangoen imah, kabinangkitan, papakean dj.s.t., ditjarioskeun kaperloeanana sareng dioesahakeun sangkan madjoe.

Leres oge ari tiasana ngadegna mah doemeh rea anoe ngarodjong-rodjong, nanging anoe kagoengan jasa mah nja K. G. P. P. Prangwedono, djalanna eta pakoempoelan noeroetkeun manah Andjeunna, sarta salilana teu lesot ditingalikeun bae.

Noe mawi Bale Poestaka nepi ka tiasa ngaloearkeun boekoe Het Javaansche tooneel anoe sakitoe saena, karangan toean J. Kats tea, taja lian moeng djalaran pitoeloeng Kangdjeng pangeran; margi gambar wajang anoe ditiarioskeun dina eta boekoe, kenging disebatkeun meh sadajana dikempalkeunana sareng dipidamelan noemoetkeun piwedjang Andjeunna.

Kitoe deui loba boekoe2 Bale Poestaka anoe sanes anoe diwoewoehan katerangan2 ti Andjeunna; malah aja boekoe anoe karangan Kangdjeng Pangeran koe andjeun, nja èta Serie No. 168 Kekesahan saking tanah Djawi dateng negari Welandi.

Oengkara sareng randjinganana eta boekoe oepami ditingali koe kasoesastran taja petana handjakal lantaran Kangdjeng Pangeran geus moal kaboedjeng ngabeberes karangan, kapoeoek koe damel oeroesan Nagara. Ngan moegi2 bae ka pajoen, engke dimana parantos seueur prijaji aranom anoe tjoekoep pangadjaranana pikeun ngadjalankeun padamelan nagara, datang ka andjeunna rada senggang tina demel, moegi moegi wahjoe kasoesastran anoe toemoeran ka toeroenan Mangkoenagaran, eta wahjoe ngagoegahkeun deui manah Kangdjeng Pangeran kana kasoesastran, saria Andjeunna kersa maparin karangan2 ka bale poestaka, nja eta karangan2 anoe nandingan kana anggitan loeloehoer Kangdjeng Pangeran.

Djenengan Prangwadono sareng Mangkoenagoro

kenging

R. A. Dr. Hoesein Djajadiningrat

Dina ieu panglajang Java-Instituut anoe dianggo geusan ngahormat ka Eere-Voorzitterna, anoe djinoengdjoeng kaloenggoehan tina Pangèran Adipati Ario Praboe Prangwedono kana Pangèran Adipati Ario Praboe Mangkoenagara, kawas merenah naker ninggang tempatna, oepami babadna èta doen djoedjoeloek katoet kagelaranana dipedar tjoektjroekanana, soepaja kaaroeninga djoedoelna páne gentos djenengan kaloenggoehan téa.

Eta doea djoedjneloek tèh toeroenan ti anoe awit ngababakan karadjaan Mangkoenagara kènèh.

Kangdjeng Goesti Mangkoenagoro anoe ka I tèh poetra Pangèran Adipati Ario Mangkoenegoro; ari ieu poetra tjikal Kangdjeng Soenan Mangkoerat ka IV, anoe dina babad Djawa mah biasa diseboet Soenan Praboe Mangkoerat Djawi, ngastana karadjaan ti taoen 1719 d.k. 1725.

K. G. Mungkoenagara ka I djenenganana keur moerangkalih Radèn Mas Said, sok dipondokkeun Mas Said; nja djenengan pangnènèh tèa ari anoe kawentar ka bangsa Eropa anoe sadjaman sareng andjeunna harita mah, malah koe toekang sadjarah perang Eropa ogè nja djenenganana èta anoe biasa diaranggo tèh.

Barang Mas Said parantos aja joeswa, dipaparin djenengan panglandi, Radèn

52