Kaca:Poesaka Soenda 1924-09-3(03).pdf/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

doetna anoe sanget-sanget, sakoemaha anoe ditjarioskeun dina Babad Panambangan, soepados andjeunna tetep ngagem djenengan sareng gelaranana anoe parantos dianggo nja éta Pangèran Adipati Ario Mangkoenagoro. (11)

Ari Mangkoenagoro anoe ka 1 digentos koe poetoena anoe djenengan Prang Wadono. Ieu teh poetrana Pangeran Ario Praboe Widjojo atanapi Amidjojo, nja poetra Mangkoenagoro ka I tèa, anoe geus poepoes saheulaeun ramana, ti garwana anoe djenengan Ratoe Alit poetra Soenan Pakoeboewono ku III (1749 — 1788) (¹²).

Awitna koe Mangkoenagoro I èta poetoena tèh dipaparin djenengan keurna moerangkalih R. M. Slamet dilandih Soerjo Mangkoohoemi. Nanging henten karempagan koe K. Soeltan Hamangkoeboewono ka I ti Djogdja, anoe tadina djenenganana Mangkoeboemi deui. Nja digentos deui koe Pakoeboewono ka III djadi koe èjang ti iboe koe diennengan Soerjo Prangwadono (dina taoen 1788), tetela sapertos djenengan anoe parantos dianggo koe Mangkoenagoro ka I (¹¹).

Samèmèhna Prangwadono ditangtoskeun kana bakal ngagentos Mangkoenagoro I, andjeunna kedah ngabarempagkeun sareng kedah kènging kapoetoesan heula tina roepi-roepi perkawis, anoe harita teu atjan aja katangtosanana. Nja èta nalika Mangkoenagara ka I masrahkeun salira taoen 1757 tea, teu atjan aja ka pastian, tanah tanah anoe parantos ditjepeng koe andjeunna, nja kitoe deui gelaranana Pangèran Adipati tèa, naha kènging toeroen toemoeroen ka poetra-poetoena atanapi henteu.

Eta perkawis nembè dina taoen 1792 koe Kangdjeng Sinoohoen sareng koe Mangkoenagaran tiasa dipoetoes kalawan kaberesan, nja èta tanah mah tetep djadi milik toeroen-toemoeroen ka poetra-poetoe Mangkoenagaran, nanging ari gelaranana Prangwadono, moeng kenging Pangeran baé sanès Pangeran Adipati. Djadi nalika Prangwadono didjoengdjoeng loenggoeh djadi Radja Mangkoenagaran dina ping 25 Januari tanen 1796, ngagentos èjangna tèa anoe poepoes ding ping 28 December 1795, djoedjoeloekna Pangèran Ario Pra- boe Prangwadana.

Nembè dina Resol dd. 30 October 1821 No. 17, ditangtoskeun jen Pangeran Ario Praboe Prangwadono kenging djenengan sareng gelaran Pangeran Adipati Mangkoenagara.

Dina timbangan harita henteu matak djadi wagelan, Mangkoenagara kenging gelaran Pangèran Adipati, margi poetra-poetra Radja sabèh-ditoeeun andjeunna ogè parantos ngaranggo gelaran èta, sarengna deui benten ti Pangeran Adipati Anom, anoe djadi gelaran pikeun ka poetra Soenan atawa Soeltan anoe parantos digadang baris pinèmaeun kaprabon.

Harita ditangtoskeun deui jèn èta gelaran henteu kènging ditoeroenkeun ka Prangwadono anoe sapengkereunana samèmèh joeswana djedjeg 40 taoen, sarta oepami katimbang saè taladjakna iasa njangga kamoeljanana. Dina serat katangtosan hasa Djawana anoe ti toean Residen, kaoengel jen djenengan sareng gelaran Pangéran Adipati Ario Mangkoenagoro tèh koe Kangdjeng Goepernemen, moal dipaparinkeun ka anoe sanès, kadjabi ti ka toeroenan Pangeran Ario Praboe Prangwadono.

Ieu katetepan anoe djadi poko ti awit tetepna gelaran anoe djadi pangagoeng di


¹¹) De Jonge X katja 315, 316, Rouffaer kahroe katranganana dina Encycl. v. Ned. Indie (le druk djilid ka IV katja 602 sareng 604 (noot 2) njebatkeun M. N. I. diangkat djadi Pangeran Adipati ten nganganggo Ario sareng njebatkeun tara nganggo eta gelaran. Sajaktosna M. N. I. tah noemoetkeun saksi anoe sanes nganggo Ario, ngan dina mangsana sareng dioeroeskeun gelaranana, ngan disebat Pangeran Adipati. Ari sababna pang kitoe lantaran galaran èta ogè geus tjoekoep. Dalah dina Babad Djawa, nja eta Babad Panambangan wedalan Mangkoenaran, ngarah pondok nja M. N. I. teh disebatna teu nganggo Ario. Tapi aja deui katrangan anoe nangtoskeun jen sanes organ Ario. bae, nanging nanggo gelaran sagemblengna Pangeran Adipati Ario. Tingali bae translaat-brief Mangkoenagara keur ka v. Imhoff taoen 1746. B. K. I. I Katja 404. Dina karangan Louw 78, taoon 1753. Dina de Jonge X 386 taoen 1762; ibid X.I 296, taoen 1772; ibid XII 10 taoen 1781, sareng tingali deui de Jonge XI 32 sareng 406 taoen 1765 sareng 1780; ibid XII 87, taoen 1787.

¹²) Babad Panambangan katja 212 njebatna: Widjojo; ari de Jonge XI katja 34 (Praboe Amidjojo). M. L. v. Deventer, Hat Ned. gezag over Java I katja 335: Adwidjojo Dina serat Rosident Solo, anne kaoengal engke dilandap taoen 2821: Praboa Amidjojo.

¹³) De Jonge XII katja 152-158. Djenengan Soerjokoesoemo rè oerang Eropa harita anoe terangeun.

55