Kaca:Poesaka Soenda 1924-09-3(03).pdf/29

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Mangkoenagaran, nja èta Pangèran Ario Praboe Prangwadono, (teu nganggo Adipati) ngawitan djenengan sareng gelaran anoe moenggaran djadi kapala Pamarentah, anoe engkèna djoemeneng Mangkoenagara II, sarta anoe djoedjoeloekna bakal toeroen ka anoe sapengkereunana.

Pikeun ka anoe djoemeneng Radja mah aja, panambah kana èta djenengan sareng gelaran tèh nja èta Adipati, djadi djoedjoeloekna Pangeran Adipati Ario Praboe Prangwadono. Sareng oepami joeswana parantos 40 taoen nembè djinoendjoeng djadi Pangeran Adipati Ario Mangkoenagoro.

Koe margi èta Mangkoenagoro anoe ka III dina taoen 1830, dipaparin gelaran Pangeran Ario Praboe Prangwadono, rèh parantos digadang-gadang kana pidjadieun Radja, nalika Mangkoenagoro ka II djoemeneng keneh. Dina taoen 1835 nembè djinoengdjeng Radja ngagentos Mangkoenagara ka II, djoedjoeloekna ajeuna mah Pangèran Adipati Ario Praboe Prang wadono, sarta dina taoen 1842 saparantos joeswana 40 tahoen (ngètangna taoen Arab, margi ari dibabarkeunana mah taoen Masehi 1803), ladjeng djinoengdjoeng djadi Pangeran Adipati Ario Mangkoenagoro.

Nalika Mangkoenagoro anoe ka VI dina taoen 1896 didjoengdjoeng loenggoeh djadi Radja, ngagentos sadèrèkna Mangkoenagoro ka V, heteu kènging gelaran Pangèran Ario Praboe Prangwadono heula, margi joeswana parantos langkoeng ti 40 taoen.

Ajeuna perloe ogè ditjarioskeun naon margina anoe mawi Radja Mangkoenagaran nembè kènging nganggo djenengan Mangkoenagoro, oepami joeswa parantos 40 taoen.

Eta atoeran kitoe tèh noelad adat Islam, nja èta lantaran Kangdjeng Nabi ogè nembè dina joeswa 40 taoen kaloengsoeranana wahjoe Pangèran. Tapi naon anoe djadi margi pang aja dina katetepan joeswa sakitoe, èta koe djisim koering henteu atjan katjoektjroek.

Dina seratna toean Resident Soerakarta ping 30 Oktober 1821 No. 17, anoe dianggo njarengan pioendjoek poetoesan èta perkawis, kaoengel deui sabagian salinan tina anoe djadi katetepan téa, ngan henteu diterangkeun.

Ieu di handap kawas tiasa ogé dianggo katrangan.

Dina tahoen 1792, nalika ngatoer pigentoseun Mangkoenagara I, sakoemaha anoe parantos kaoeninga, harita aja pambengan pikeun noeroenkeun gelaran Pangeran Adipati ka noe ngagentos; nanging ari djenengan mah, oepami hojong nganggo djenengan sanes ti Prangwadono, teu aja pambenganana; djadi oepami bade nganggo djenengan Mangkoenagara oge teu aja sawijos. Menawi pangna teu aja pambengan nganggo djenengan Mangkoenagoro teh, doemeh hese ngoekoehana anoe djadi sabab pikeun ngalarang nganggo eta djenengan, reh parantos dianggo koe ejangna gareng boejoetna Prangwedono; nanging ari nganggo gelaran Pangeran Adipati mah katimbang kirang sae. Ari margina djenengan Pangèran Adipati Anom Hamengkoenagoro teh, doegi ka ajeuna oge, djenengan anoe pingagentoseun Soesoehoenan. Nalika harita, boh dina soesoeratan boh dina tjatjarios (sasaoeran) tatjan dibentenkeun Hamangkoenagara sareng Mangkoenagara; nalika tatjan matoeh Hamangkoenagara toedjoeh pigentoseun Soesoehoenan, ari Mangkoenagoro noe djadi Radja di Mangkoenagaran.

Eta doea djenengan hartosna sami, nja eta „anoe mangkon nagara”, dianggona dina alam harita sok patjorok keneh, sakapeung keuna ka Pangeran Adipati Anom ran. Nanging ti harita kènèh ogè parantos mimiti katingal bèntenna eta doea djenengan baris tetep.


17) Soemangen landingkeus salong Poetensan Pamarentah Ageng, ping 5 Juni 1953 „........ dipasehan dinoetoes jen mas Said meunang nganggo gelaran (P. A. Mangkoenagara), sarta henteu meunang aja anoe wani gara² njaboot eta golaran.....” dina boekoe Louw, katja 77.

18) Mangkoenagoro henteu nganggo „ka” anoe dianggo keur ka Pangeran Adipati Anom, ajana dina de Jonge IX 27 sareng 45 tahoon 1719—, sa-XI 402 tahoen 1780: anoe nganggo „ha”: dina de Jonge keneh X 320 taho3n 1752— Ari Hamangkoenagoro anoe dianggo keur ka Radja mangkoenagaran, sapertos dina petikan tina „Acte van Ceremonieel” tahoen 1795 dina boekoe Rouffaer katja 406 dina Roorda, Jav, brieven enz, katja 29.61,280 (dima awalna windoe ka. 19). Katembong pisan dina atoeranana njerat, jen ngahadja merloe eta rarangken „ha” tea.

56