Kaca:Poesaka Soenda 1924-09-3(03).pdf/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Doepi bentenna moeng saeutik pisan nja eta „Anom” sareng „Ario”. Nanging eta doea gelaran anoe djadi bentenna tea, ari dina sasaoeran mah sok tara kesebat-sebat; nja kitoe deui ladjengna gelaran Pangeran Adipati Anom, nja eta: Soedibjo Rodjopoetronarendro Mataram eta ogé tara disebat, ari dina sasaoeran mah.

Oepami koe oerang diemoetkeun, ramana Mangkoenagoro I teh, nja eta poetra Soesoehoenan Mangkoerat IV, djenenganana Mangkoenagoro ...... gelaran anoe dianggo koe ramana nalika Soesoehoenan Pakoeboewono (1) djoemeneng keneh, (19) diadi èta djenengan sami sareng djenengan Pangeran Adipati Anom; koe margi eta pantes pisan dina tahoen 1792, aja pambengana noeroenkeun gelaran Pangeran Adipati ka Prangwadono, margi Mangkoenagoro I mah kenging soteh eta gelaran, minangka oepah, doemeh andjeunna kersaeun taloek.

Anggapan kana kaloehoeran djenengan Pangeran Adipati Ario Mangkoenagoro panginten nja eta anoe djadi sabab, noe mawi dina tahoen 1821 aja atoeran: eta gelaran kakara baris dipasihkeun ka Radja Mangkoenagara anoe parantos aja joeswa bae.

Nanging dina babad anoe ajeuna aja teu kapendak aja katangtosan hal joeswa. Mangkoenagoro (1) nalika kenging eta gelaran dina joeswa 31 tahoen Islam; Mangkoenagoro II dibabarkeunana dina ping 2 Januari 1768, (20) kengingna gelaran koe voorstel Resident, nalika joeswa 40 tahoen langkoeng. Panginten eta margina, noe mawi gjenna aja katangtosan hal joeswa „panganomna” oge kedah 40 takoen.

Weltevreden, Augustus 1924.


19) Dina de IX. katja 46.

20) Rouffoer





57