Lompat ke isi

Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/24

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

basa ngoko teh basa Jawa anu asli, nepi ka nya basa eta 'anu dianggap cocog keur masarakat Jawa anyar, sedengkeun basa kromo mah dianggap kudu dipiceun. Eta gagasan meunang dukungan ti tokoh Sarekat Islam jeung surat kabar Oetoesan Hindia, nu minangka corongna Sarekat Islam tur dipingpin ku Sesepuhna, H.O.S. Tjokroaminoto: ngan ahirna dibantah antarana ku tokoh anu kawentar, Dr. Tjipto Mangoenkoesoemo (Anderson. 1984 : 29 — 30). Ceuk pamanggih kuring mah boh basa kasar boh basa lemes, kudu dianggap sarua, nya eta pada-pada basa Sunda. Kecap-kecap lemes jadi sinonim kecap-kecap basa kasar, atawa sabalikna.

Tapi sangkan angger nembongkeun "kalemesan budi urang Sunda,” sababaraha kecap jeung idiom disayagikeun keur pakeeun ka nu sejen. Hal ieu teh bakal bisa nampung kahayang jalma-jalma anu ngarasa sareukseuk mun ngadenge anu nyarita "abdi angkat”. "bumi abdi". "putra abdi” jeung sabangsana. Aya hadena saupama ditetepkeun sababaraha kecap jeung idiom minangka kecap-kecap sopan anu ngan dipake keur ka-nu sejen.

Merelukeun hiji putusan politik.

Dina kalimah panutup kuring ngagunakeun kecap “ditetepkeun”, nu tangtu bakal nimbulkeun pananya: ditetepkeun ku saha?

Jawabna teh: Nya ku urang.

Anu dimaksud ku urang di dieu teh nya eta nu marake basa Sunda anu sadar kana gawatna situasi anu keur disanghareupan ku basa nu matak lebar lamun nepi ka leungit atawa paeh teh. Sakumaha anu geus dijentrekeun dina pedaran ngeunaan dijieunna unggah-ungguhing basa ku nu karawasa di Mataram, saenyana urang teh bisa mere panungtun kana basa anu dipake di masarakat. Language engineering di jaman kiwari lain hiji hal anu aheng.

Dina sajarah pangajaran basa Sunda, urang geus nyaksian guru-guru basa Sunda taun wewelasan kayaning D.K. Ardiwinata kungsi netepkeun dasar-dasar basa Sunda ku nulis buku-buku nu tuluy diajarkeun di sakola-sakola. Peranan jeung pagawean anu saperti kitu teh dipindo deui ku R. Soeria di Radja nu kalawan kamandangna J. Kats, hiji Walanda ahli basa Jawa jeung Sunda, nyusun buku Panyungsi Basa dina taun 1930-an anu rea dipake, malah nepi ka kiwari aya keneh pangaruhna dina ngagunakeun jeung ngajarkeun basa Sunda. R. Soeria di Radja ngaganti D.K. Ardiwinata dina netepkeun dasar-dasar basa Sunda anu kudu diarulik jeung digunakeun ku urang Sunda nu "nyakola".

Sanggeus kira-kira saparapat abad, kanyahoan yen buku-buku anu disusun ku D.K. Ardiwinata teh dianggap geus teu nyukupan pangabutuh atawa henteu salaras jeung kamekaran masarakat nu marake basa Sunda, nepi ka R. Soeria di Radja nyokot kasempetan pikeun nyusun basa Sunda standarna.

Ayeuna, kurang leuwih satengah abad sabada R. Soeria di Radja nyusun Panyungsi Basa, saenyana perelu hiji buku anyar anu bisa digunakeun pikeun netepkeun dasar-dasar basa Sunda keur masarakat ayeuna, nya eta sabada Indonesia merdika, teu cukup ku nyusun buku-buku anu mangrupa saduran

24