Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

ku ayana usaha pihak Walanda nu nyieunan nagara-nagara daerah jadi boneka keur ngepung nagara proklamasi Republik Indonesia mah.

Minangka jawaban kana situasi kawas kitu, dina awal taun 1950-an di kalangan para ahli basa Sunda timbul gagasan pikeun "ngademokrasikeun basa”. Tapi eta gagasan teh mangrupa gagasan abstrak, nepi ka henteu mere program kerja anu eces. Komo ku ayana jalma-jalma anu ngarasa lebareun mun undak-usuk dileungitkeun, lantaran nganggap undak-usuk (jeung tatakrama rengu rengkuh) teh mangrupa bukti "kalemesan budi urang Sunda”. Sababaraha guru anu nyusun pangajaran basa Sunda anu nyokot jalan tengah.(”sineger tengah” teh hiji sikep anu pinuji di masarakat Sunda) nyebutkeun yen salaras jeung asas demokrasi, basa lemes jeung basa kasar teh kudu dileungitkeun, tapi bari ngawanohkeun istilah anyar, nya eta ”basa sopan” jeung "basa cohag”. Tapi ari prinsip jeung hakekatna mah henteu robah!

Gagasan anu ku kuring kungsi diasongkeun (1981) sangkan undak-usuk basa entong dipalire, nepi ka ku kitu teh urang Sunda engkena moal sarieuneun deui ngagunakeun basa Sunda, nimbulkeun reaksi ti kalangan para guru nu ngarasa bakal nyanghareupan chaos mun eta hal dijalankeun di jero kelas, lantaran para guru teh bakal leungiteun padoman dina meunteun basa anu digunakeun ku murid-muridna.

Kuring oge maphum kana eta reaksi ti kalangan para guru. Tapi ieu hal teh cek kuring mah teu jadi masalah gede, mun gagasan kuring tea ditarima ku para ahli basa, nu narulis buku pangajaran basa jeung para pejabat anu aya patalina jeung eta masalah, nepi ka guru henteu kudu kauger ku palaturan jeung katangtuan undak-usuk basa. Ku kituna para guru henteu kudu panik atawa bingung.

Gagasan nu ku kuring diasongkeun teh, kuring yakin pisan, kacida realistikna. Upama eta gagasan ditarima ku para ahli basa jeung nu nyarusun buku pangajaran basa Sunda pakeeun di sakola-sakola, bakal moal aya deui urang Sunda nu teu wani ngagunakeun basa Sunda ku lantaran "sieun salah” (atawa leuwih merenah: "sieun disalahkeun”) nu saenyana mah sieuneun disebut "jelema nu teu sopan,” "urang kampung manyang-munyung”, "jauh ka bedug”, ”teu nyakola” jeung sabangsana, nu dina mangsa beh ditu sok dipake ngahukuman ka jelema-jelema anu teu nyaho sarta tara ngagunakeun undak-usuk basa sakumaha mistina.

Jalma-jalma nu ngawasa, mikawanoh tur kadidik dina basa Sunda anu make undak-usuk, beuki lila beuki ngurangan, sabab kaburu ku pati. Dina kaayaan kitu, pangaruh basa Indonesia anu leuwih basajan jeung leuwih demokratis beuki ningkat, najan ahir-ahir ieu beuki tembong timbulna basa Indonesia anu kurang demokratis, atawa mun ceuk basa dina mangsa revolusi mah ”nu bau-bau feodal”, balukar tina hirupna deui neo-feodalismeu ti saprak aya Demokrasi Terpimpin dina mangsa Presiden Soekarno, nu sanajan geus ganti orde batan leungit kalah ka maceuh. Tapi eta mah masalah sejen anu merelukeun bahasan husus.

Gagasan anu ku kuring diasongkeun teh, beda jeung gagasan Jawa Dipa anu kungsi diasongkeun ku Tjokrosoedarmo dina taun wewelasan, anu nganggap yen

23