Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/22

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ku kituna basa Sunda teh wahana kabudayaan Sunda, anu bisa ngedalkeun kabeh gagasan, pikiran, kagiatan jeung kreativitas manusa Sunda kalawan merenah. Ku lantaran mekarna basa teh salawasna salaras jeung masarakat nu makena, basa Sunda ge jadi eunteung kabudayaan masarakat Sunda dina unggal tahap kamekaran sajarahna.

Tapi saprak kamerdikaan bangsa Indonesia diproklamasikeun dina tanggal 17 Agustus 1945, nu ngawengku sakabeh seler bangsa nu aya di sakuliah Indonesia, urang Sunda jadi bagian anu integral di jero nagara-nagara nu diproklamasikeun tea. Oge ku lantaran nagara bangsa anu dicita-citakeun teh dumasar kana gagasan demokrasi (kedaulatan rayat)sakumaha nu kaunggel dina Pembukaan UUD 1945, hususna dina rumusan anu engkena kagurnita make ngaran Pancasila. Pancasila nu jadi titik-temu katut dasar filsafat negara Republik Indonesia anu dina Pembukaan UUD 1945 disebut ”berkedaulatan rakyat” teh, kacida nandeskeunana pentingna gagasan demokrasi, sakumaha nu kapanggih dina rumusan-rumusan: sila ”kemanusiaan yang adil dan beradab”, ”kerakyatan yang dipimpin oleh hikmat kebijaksanaan dalam permusyawaratan-perwakilan” jeung "mewujudkan suatu keadilan sosial bagi seluruh rakyat Indonesia.”

Eces pisan yen masarakat nu dicita-citakeun ku Pancasila teh masarakat anu tanpa diskriminasi, kelas-kelas atawa tingkat-tingkat sosial. Ieu cita-cita teh tangtu kudu kaciri dina basa anu ngarojongna, basa anu jadi wahanana. Basa anu dipilih jadi basa nasional teh basa Indonesia anu asalna tina basa Malayu, anu lamun dibandingkeun jeung basa Jawa atawa Sunda mah bisa disebutkeun henteu make undak-usuk basa.

Loba pisan anu muji ka para pemuda anu dina Kongres Pemuda 1928 geus ngangkat basa Malayu jadi basa persatuan, lain basa Jawa anu leuwih rea pendukungna jeung leuwih jembar kasusastraanana tur umurna pangkolotna. Tapi di dieu kuring sakali deui arek ngahaturkeun pujian ka para sepuh nu ngadegkeun bangsa jeung nagara urang, lantaran aranjeunna ti anggalna keneh ge geus waspada yen ngan basa anu demokratis nu henteu make undak usuk, nu teu make unggah-ungguhing basa anu bisa jadi sarana anu cocog pikeun hiji masarakat demokratis anu dicita-citakeun teh. Kumaha pirupaeunana lamun para pemuda harita dina eta kongres milih basa Jawa atawa Sunda pikeun jadi basa persatuan. ....

Sabalikna ku lantaran kahirupan bangsa teh dumasar kana cita-cita demokrasi, nya timbul akibat anu nyulitkeun kamekaran basa-basa daerah anu make undak-usuk atawa unggah-ungguhing basa saperti basa Sunda jeung basa Jawa.

Nyebarna cita-cita pikeun nyusun masarakat demokratis, nu jelemana duduk sama rendah jeung berdiri sama tinggi, nu mekarna gancang pisan pangpangna dina awal jeung sapanjang revolusi fisik, nimbulkeun konflik dina diri jalma-jalma nu ngarojong jeung nu ngagunakeun basa-basa anu make undak-usuk jeung unggah-ungguhing basa. Nya kaayaan nu kitu nu beuki ngandelan prasangka politik kana usaha ngabina jeung ngamekarkeun basa daerah teh, anu dianggap identik jeung cita-cita feodal (nu patukangtonggong jeung asas demokrasi); komo

22