kakuatan jeung kaunggulanana ka para bupati Sunda; atawa milu gehgeran kawas leuende wajangpoppen anu merelukeun teater pikeun manggung tempat aranjeunna ngimpen jadi mahluk anu pinilih luhur ti nu lian — sanajan ari kanyataanana mah jadi titincakan Walanda.
Nu tetela urang Walanda teh katenjona henteu kaabotan ku ayana usaha model kitu, malah henteu mustahil milu ngarojong. Para pejabat Walanda anu ditempatkeun di Tanah Sunda ngarasakeun ni'matna undak-usuk basa Sunda, lantaran maranehanana diperenahkeun dina tempat nu terhormat: hartina kecap-kecap nu dipake cacarita jeung maranehanana kudu basa lemes. Jeung ku lantaran maranehanana leuwih luhur manan priyayi, atuh para priyayi teh, pangpangna nu panghandapna, lamun nyanghareupan maranehanana lain bae kudu make basa lemes, tapi oge kudu make tatakrama deuih, nya eta diuk mendeko di handap bari acong-acongan nyembah. Komo rayat leutik mah!
Teu matak heran lamun dina mangsa sakola-sakola diadegkeun keur kaum pribumi, diajarkeun basa Sunda katut undak-usukna. Tangtu 'make tatakrama jeung sakabeh rengu jeung rengkuh anu aya patalina jeung eta. Ku jalan sakola tea, nu murid-muridna lain bae ti lingkungan kabupaten atawa kaum priyayi, disebarkeun konsep undak-usuk basa anu disebut bagian nu teu bisa dipisahkeun tina kaluhungan basa jeung kabudayaan Sunda.
Ku lantaran sakola-sakola teh kakara diayakeun dina bagian kadua abad ka-19, atuh saenyana mah melakkeun konsep undak-usuk basa dina basa Sunda teh bisa disebutkeun tacan jero pisan akarna. Beda deui jeung dina basa Jawa anu geus mekar kalawan intensif ti abad ka-17. Dina basa Jawa, kaayaanana yeus pohara pajeujeutna, nepi ka Benedict R. Anderson nganggap yen hal sarupa kitu teh lir liang-hideung di-angkasa (blackhole) dina tradisi basa jeung sastra Jawa nu ngalantarankeun para sastrawan Jawa kiwari neangan basa sejen pikeun nulis (sarta maranehanana narulis dina basa Indonesia. sanajan boh sadar boh henteu, salawasna nganggap yen publik nu macana teh urang Jawa), ku alesan politik jeung ekonomi (Benedict R. Anderson, 1984: 15. 57).
Najan kitu, ku lantaran undak-usuk basa teh masih keneh jadi bagian pangajaran basa Sunda nu dianggap penting di sakola-sakola, anu oge katingal tina buku-buku pangajaran anu dipakena, akibat negatifna teh nyosok-jero di masarakat Sunda, anu oge mangaruhan kana dipakena jeung kamekaranana basa Sunda. Loba jalma (lain bae budak ngora) anu ku lantaran sieun salah ngagunakeun basa Sunda, (nu saenyana mah sieun salah ngagunakeun undak-usuk basa), ngarasa leuwih hade teu nyarita ku basa Sunda, sanajan sabenerna mah faktor-faktor obyektif jeung situasina ngudukeun make basa Sunda.
Peranan basa dina kabudayaan.
Kahoream ngagunakeun basa daerah (Sunda) dina situasi nu ngudukeun ngagunakeunana, tangtu ngahalangan kamekaran anu wajar eta basa, sarta ku kituna ngahalangan kamekaran kabudayaanana. Peranan basa dina kabudayaan teh pohara pentingna, sabab kapan nya basa anu jadi wahana kabudayaan teh.