Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/20

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Cianjur, salian ti ngahirupkeun tradisi undak-usuk basa katut sagala atribut tatakramana. Kasenian tembang anu cenah mimitina mah nurutan macapat jeung tembang gede jeung alit, mekar di kabupaten Cianjur nepi ka ngalahirkeun Tembang Cianjuran nu dianggap manifestasi pangluhurna seni musik (vokal) Sunda, nu geus lesot tina pangaruh tembang Jawa, iwal meureun wangunan guguritan anu masih sok ditembangkeunana.

Macapat teh wangunan sastra babad, nurutkeun G. Moedjanto (G. Moedjanto, 1985), mekarna babarengan jeung unggah-ungguhing basa, mangrupa dua produk karajaan Mataram ti mimiti Sultan Agung ngayakeun konsolidasi kaagungbinantaraanana. Basa Jawa samemeh Mataram henteu make unggah-ungguhing basa. Kitu deui sastra babad kakara subur ti barang Sultan Agung marentahkeun ka para bujangga karaton sangkan nulis Babad Tanah Jawi nu mangrupa legimitasi kakawasaanana. Cindekna mah sastra babad jeung unggah-ungguhing basa teh geus jadi alat politik, lantaran Sultan Agung nu asalna ti kalangan patani, ngarasa perelu nyiptakeun wates sosial sabada ngawangun karajaan Mataram anu agung-binantara. Unggal jalma dikudukeun ngagunakeun basa kromo keur ka raja, ari raja ngagunakeun basa ngoko ka unggal jelema — hal ieu teh mangrupa ciri ningkatna kaagung-binantaraan raja di hareupeun ponggawa katut rayatna, sanajan saenyana mah karajaan Mataram teh beuki mundur da kadeseh ku VOC. Anu matak narik mah nya eta unggah-ungguhing basa teh beuki lila beuki ruwet, padahal kakawasaan raja (Mataram) beuki mundur Ceuk Breton de Nijs tea mah (Benedict R. Anderson, 1984 : 19) para sultan jeung sunan Jawa teh jadi taya bedana ti levende wajangpoppen (boneka hirup) kakawasaan Walanda. Dina suasana kitu kawasna para sultan jeung sunan teh beuki getol ngaruwetkeun unggah-ungguhing basa jeung unggah-ungguh (tatakrama) kaasup nyiptakeun atribut pikeun unggal-unggal tingkat kapangkatan mangrupa payung, keris, solempang jeung sabangsana.

Kacida hanjakalna sabab nepi ka kiwari acan aya panalitian ti iraha undak-usuk basa diwanohkeun ka masarakat Sunda. Undak-usuk basa teh istilah basa Sunda keur unggah-ungguhing basa. Sakaterang nepi ka kiwari oge tacan aya panalitian naskah-naskah basa Sunda ngeunaan hal eta. Tapi kuring boga kesan yen dina naskah-naskah ti abad ka-18 nu di antarana ditulis dina aksara Sunda Kuna, undak-usuk basa teh tacan katembong. Cohagna mah gede kamungkinan undak-usuk basa teh mimiti mekar dina naskah-naskah awal abad ka-19 atawa paling oge ahir abad ka-18. Kawas dina basa Jawa, undak-usuk basa teh mekarna bareng jeung sastra babad (wawacan). Sarta ku lantaran geus tangtu nu ngamekarkeunana teh dalem di lingkungan kabupatenna, padahal kalungguhan para dalem Sunda teh harita aya di handapeun kakawasaan nu sejen (nya eta Mataram tuluy diganti ku VOC), jadi bisa dipastikeun yen motif kawas anu nyampak di Sultan Agung nu rek ngajadikeun undak-usuk basa jeung sastra babad minangka alat politik pikeun nunjang kaagung-binantaraanana teh, henteu aya. Cohagna mah eta tarekah teh henteu leuwih ti, atawa ngan ukur niru-niru urang Jawa jeung kabudayaanana, nu ti wangkid Sultan Agung geus nembongkeun

20