Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/19

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

tehnis sejenna, nepi ka urang Sunda teh ngarasa "pareumeun obor" kaleungitan cahaya anu bisa mere pituduh ngeunaan sajarahna sorangan.

Humandeuar ngeunaan "teu ayana sajarah Sunda" mindeng ditimbulkeun ku anggapan yen titinggal sajarah teh kudu nu mangrupa candi atawa stupa, atawa wawangunan nu galede. Ditambah ku kurangna informasi anu bisa ditepikeun dumasar kana naskah-naskah anu aya, ngalantarankeun saeutikna tulisan sajarah Sunda. Dina basa Sunda oge buku-buku sajarah Sunda teh meh teu aya. Dina buku-buku sajarah nasional, biasana ngeunaan sajarah daerah Jawa Barat ngan saukur disabit patali jeung Tarumanagara, Galuh jeung Pajajaran, terus Banten jeung Cirebon.

Dibandingkeun jeung pedaran nu paranjang lebar ngeunaan karajaan Mataram Awal, Singasari, Majapait, Mataram jeung nu lianna, nu biasana sok minuhan buku-buku sajarah nasional, pedaran nu ngeunaan sajarah urang Sunda mah pohara saeutikna.

Moal kaleuleuwihi upama disebutkeun yen dina waktu nu lila, urang Sunda ngarasa dirina frustrasi ku lantaran jiga teu boga sajarah, nepi ka teu bisa nyaho, saha sabenerna ari dirina. Nya Karajaan Pajajaran katut Prabu Siliwangi jadi: cecekelan nu dianggap bisa mere jawaban kana kakosongan batinna, najan eta cecekelanana teh henteu meunang konfirmasi nu ngayakinkeun tina elmu sajarah.

Hadena dina sawatara taun ka dieunakeun, panalitian ngeunaan sajarah Sun-da teh geus lepas ngalengkah. Publikasi tarjamahan (mimiti dina basa Sunda,saterusna dina basa Indonesia) tina naskah-naskah Sunda Kuna ku Atja jeung Saleh Danasasmita, panalitian ngeunaan naskah-naskah nu beh dieu ku Dr. Edi S. Ekadjati, Dr. Emuch Hermansomantri jeung lian ti eta, katut hasil tulisan ngeunaan rupa-rupa penggelan sajarah ku rupa-rupa proyek, geus loba mere jawaban ka urang Sunda anu nepi ka kiwari nareangan jawaban, saha ari inyana teh.

Medalna buku Rintisan Penelusuran masa Silam Sejarah Jawa Barat (1983-4) nu lobana opat jilid (sanajan aripis tur saenyana upama lain proyek mahbisa disajilidkeun) nu disusun ku Drs. Saleh Danasasmita spk. tangtu bisa ngaleungitkeun kahanaang jalma-jalma nu tina sajarah teh hayangeun terang ngaran-ngaran rajana katut sagala rupa hal nu tumiba ka dirina katut ka kulawargana. Hal ieu bisa disusun ku Saleh Danasasmita spk. Ku lantaran ayeuna kapanggih naskah-naskah karya Pangeran Wangsakerta nu sok disarebut "Naskah-naskah Cirebon."

Basa Sunda

Puseur-puseur karajaan Sunda nu pipindahan, nu kawasna jadi tanda kahirupan masarakat anu agraris jeung ngahuma, teu ninggalan tradisi kabudayaan karaton atawa istana, nepi ka dina umumna bisa disebutkeun yen ciri utama kabudayaan Sunda mah sipatna teh kabudayaan rayat. Kakara dina ahir abad ka-18 atawa awal abad ka-19, aya sababaraha kabupaten nu kawasna ngeunteung ka karaton-karaton Jawa, nyoba-nyoba melakkeun tradisi kabudayaan karaton ku jalan ngamekarkeun rupa-rupa kasenian saperti tembang jeung penca di kabupaten

19