Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/18

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

DKI Jakarta, Bekasi jeung Karawang). Kampung Muara jeung Pasirangin (nu kiwari kaasup Kabupaten Bogor). Padataran Leles (anu aya di Kabupaten Garut) nepi ka Cipari (Kabupaten Kuningan). geus kanyahoan ayana kahirupan masarakat. Rupa-rupa pakakas sapopoe. boh keur kaagamaan jadi bukti anu nuduhkeun yen ti rebuan taun katukang, eta wewengkon teh geus dicicingan manusa nu masarakatna teratur. Kitu deui dumasar kana prasasti-prasasti, beja sajarah tina sumber-sumber Cina jeung India, katut babad jeung kapercayaan satempat, di wewengkon aliran Citarum kungsi ngadeg karajaan anu disebut Karajaan Tarumanagara nu rajana Purnawarman. Eta karajaan teh kahiji di Jawa, kadua di Nusantara. (nu pangheulana nya eta karajaan Kutai). Tarumanagara mekar dina abad ka-4 jeung ka-5, ari lekasanana dina abad ka-7 katompernakeun (Edi S. Ekadjati, 1984; 77-81).

Bisa dijadikeun sual, naha masarakat pangeusi karajaan Tarumanagara teh urang Sunda atawa lain, lantaran prasasti-prasasti nu kapanggih teh kabeh ge ditulis ku aksara Palawa dina basa Sangsakerta,sedengkeun ngaran Tarumanagara jeung Purnawarman tetela bau India. Tapi sual nu sarua, bisa diasongkeun ngeunaan urang Melayu — Betawi di sabudeureun Jakarta: Naha aranehna teh lain "hasil sampingan” tina kawijaksanaan JaanPieterzoon Coen nu ngadegkeun benteng Batavia di Teluk Jakarta nu mangabad-abad saterusna jadi puseur perdagangan jeung administrasi pamarentah kolonial Walanda, nepi ka jadi tempat pangjugjugan pirang-pirang suku bangsa katut bangsa nu daratang terus matuh sarta ngalahirkeun kelompok masarakat anyar nu ngagunakeun basa Malayu nu geus mangabad-abad jadi basa pergaulan di sakuliah Nusantara jeung Semenanjung, nu saterusna disebut basa Malayu dialek Batawi — katut rupa-rupa manifestasi budayana nu nembongkeun pangaruh tina rupa-rupa budaya budaya sejen? Hartina, samemeh eta kota mekar jadi Batawi, saenyana mangrupa hiji kota palabuan Sunda nu dicicingan ku mayoritas urang Sunda-sakumaha nu disarankeun ku ngaranna anu asal: Sunda Kalapa jeung saterusna Jayakarta samerneh jadi Jakarta.

Sajalan jeung eta, masalah anu sarua bisa diasongkeun, ngeunaan daerah- daerah nu ayeuna dicicingan ku urang Jawa Banten jeung Jawa — Cirebon di tuturut basisir kaler.

Dina kasempetan sejen (Ajip Rosidi,1984a) ku kuring geus diasongkeun

pamanggih yen wilayah anu ayeuna disebut propinsi Jawa Barat teh nurutkeun sajarahna mah pangmindengna ditarajang galura pangaruh asing nu ditarima kalawan terbuka, nepi ka aksara nu dipake sapanjang sajarahna oge rupa-rupa: Palawa, Sunda Kuna, Jawa, Arab jeung Latin. Dina eta kasempetan ku kuring geus disebutkeun yen sapanjang sajarah, di Tatar Sunda teh kungsi tilem timbul rupa-rupa karajaan nu tempatna pipindahan, nepi ka teu ngalaman mangsa tingtrim anu lila. Beda jeung urang Jawa nu rajana garetol nyieunan candi jeung stupa-stupa, raja-raja Sunda mah ampir teu ninggalan candi nu aya hartina. Naskah-naskah kuna nu mangrupa titinggal abad-abad nu kaliwat, loba anu tacan bisa dibaca, jeung dipublikasikeun ku lantaran kurangna tanaga ahli jeung soal

18